Friday, August 5, 2016

DI AJAR BASA SUNDA : CONTO RAKITAN LANTIP

RAKITAN LANTIP
Salah sahiji ciri basa teh nyaeta unik. Unggal basa miboga hal husus nu eweuh na basa sejen. Ka asup dina bahasa sunda eta teh. Contona bae dina basa sunda aya kecap panganteb anu eweuh dina bahasa sejen. Hidep nyaho kecap panganteb? Diantarana, mah, teh, oge jeung deuih. Eta mah urang bahas enke deui, ayeuna mah urang medar ngenaan rakitan lantip.
Sarua jeung kecap panganteb, rakitan lantip oge kawas namah ngan aya dina basa sunda. Atuda rakitan lantip mah henteu luyu jeung logika basa, tapi dianggap bener ku panyaturna. Nyaeta urang sunda. Disurahanana ku kalantipan, ku kasurti, neupi ka teu salah ngahartikeunnana. Anu matak disebut we rakitan lantip. Tong neangan sasaruan istilahna, dina basa indonesia mah eweuh nu kitu.
Contona, kaambeu sengit asin nu di goreng, sok aya nu nyarita “ Lah ieu teh sengit anu ngagoreng asin.” Anu sengit teh naon? Asin nu keur di goreng atawa jalema anu ngagoreng asin? Upama lamun nilik kana logika, omongan diluhur teh ngandung harti “ seungit jalema anu keur ngagoreng asin” tapi di hartikeun anu ngadengekeun seungit asin anu keur di goreng, lantaran disurahanana ku kalantipan anu nyarita, lain ku logika basa.
Conto sejena, ma icih nyarita ka anak na, cing nok pangasurkeun seuneuna, tapi suluhna, ma icih teu protes, da maksudna oge kitu.
Ki uhria nitah ka incuna, “Cing ujang, pangmiceunkeun tampolong! Anu di piceun ku si ujang teh lain tampolongna, Ki uhria teu ambek, lantaran si ujang surti kanu maksud omongan akina.
Ulah kawas dongeng Si kabayan, ceuk mitohana, “Kabayan cing atuh pangeusikeun bak!” si kabayan nurut ka mitohana, tuluy bae sare di bak. Padahal maksud mitohana mah, si kabayan teh di titah ngesian bak ku cai menang nimba ti sumur.
Ceuk mitohana” Kabayan pangaritkeun domba!” Si kabayan teu talangke mawa arit, tuluy wae domba na anu mitohana di sabetan ku arit. Puguh we mitohana ambeuk, lantaran si kabayan teu surti kana maksud omongan mitohana. Maksud mitoha na mah, si kabayan teh di titah ngarit jukut keur domba.
Tah nu kitu nu disebut rakitan lantip teh. Nya eta anu rakitan basa anu di surahan ku kalantipan, lain ku logika basa, anu aya dina ungkara kalimah na atawa omongannana, ceuk logika basa mah papalingpang tapi prakna anu jadi bener lantaran di surahan ku kalantipan, jeung ka surti tea.
Rakitan lantip teh asup kana pakeman basa,
Conto sejena: “Pabeubeurang, seungit nu meuleum sate, jadi lapar euy, ceuk kang nunu, sengit anu meleum sate, atawa seungit sate anu keur di beuleum?
“Cik, nyai pangnyicikeun cai, di hareup aya semah,” ceuk babaturan kang nunu. Nyician cai atawa nyician gelas ku cai?
“Cik ujang pangnyetrekeun listrik! Ceuk ema na ka nunu. Nyetrekeun listrik atawa atawa nyetrekeun stop kontakna?
“Akang punteun, pangmareumankeun kompor! Ceuk adi ka nunu. Mareuman kompor atawa mareuman komporna atawa seneuna.
Pek teangan deui contoh rakitan lantip dina kahirupan sapopoe, ki wari bari diajar ngagunakeun logika basa.

Di cutat "majalah Loka tahun 2014.

No comments:

Post a Comment