Sunday, July 31, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : BOBOGOHAN

                                                                 BOBOGOHAN

Basa poe harita jang umar nyindiran, kadengeun ku sohibat, teu antaparah deui eta korsi ditalapung ampir keuna kana awak umar, untung we umar na teu dicabok ge, duh amun dilawan ku ade pasti di kelas ribut. Tah gara-gara di sisindiran kitu menang dua minggu sohibat teu patanya jeung umar.
Pok kitu deui jaja teu menang di carek maksudna tong sok sindir sampir ka sohibat teh keun wae nu geus mah montong di ungkab deui, inggis bisi nyahoeun kabogohna. Nama atuh jaja kalah kolo bebeja ka dodoh nerangkeun soal jaket kadoroy ganola tea. Bener we gara-gara ngobrolkeun kadoroy cenah mah bobogohanna jadi pegat.
Nyaho-nyaho sok melian baju katukang loak mah ti bareto atuh moal bogoh ka sohibat teh, ceuk dodoh bari ngabalinger siga nu handeueuleun. Da ayeuna mah jeket kodoroyna geus dibeli ku abdi, ku kituna dodoh anu kelu manyun jamedud.
“Nyao babaturan mani kelu ngahina ka abdi teh. “ceuk Dodoh ngabalingeur.
“ongkoh dodoh teh bogoh ka sohibat gara-gara nganggo jaket kadoroy sanes”? “Nyao!” Ceuk dodoh bari lumpat. Baruk lain ngan dodoh hungkul anu megatkeun katresna ka sohibat teh. Illah, mimin, amelia, imas oge di apelan ku sohibat dumadak jadi kareuheuleun. Nya gara-gara mah eta kanyahoan modalna, anu jangkung kasep teh jadi palanggan tukang loak, sanggeus di bejaan ku babaturan urut saindekosanana.
            Sohibat kungsi ngangluh ka kuring, nyaritakeun yen kabogohna maregat keun katresna. Ku kitu na manehna menta bongbolongan ka kuring pikeun nganetralisir pasoalan guyur tukang loak tea. Cenah lamun teu dibeberes maneh na bakal ngamuk. Babaturan anu geus ngabejaan negunan baju loak rek di kepretan cenah.
“Lah montong papanjangan, sing jembar panghampura atuh jadi jeleman teh, keun wae isuk ge bakal menang kabogoh anu lewih batan kabogoh nu bareto”, omong kuring mepende amarahna.
Tah kuring moal ngambeuk jeung moal dendam ka babaturan teh, asal anjeun kudu pangneangankeun pikabogohon kuring.” Ceuk sohibat leuir amarahna teh, da tadi mah katempona mani beureum bengeutna balas ku nafsu mereun. Kuring ge meuni sieun inggis bisi di tampiling ku sohibat.
“Bogoh ka saha deui?meuni teu bosen bobogohan teh. “
“Bogoh ka Illah. Cing atuh bantuan ku didinya.” Walon kuring.
“Enya ke peuting suratna dibikeun ka didinya nya”. Ceuk sohibat meuni atoheun pisan.
Sabada magrib sohibat datang ka pangindekosan kuring bari mikeun surat keur ka illah tea teu lila nganjangna teh, langsung balik deui, da mereun masih keneh keuheuleun nempo babaturan anu geus ngawiwirang baju loak tea, anu ngabalukarkeun sabaraha  urang kabogohna rapat megatkeun katresna.
“Enya keun isukan surat teh rek di bikeun ka illah nya! Omong kuring.
Hanjakal poe isuk na kuring aya kagiatan pramuka. Ku kituna surat wasiat ti sohibat di titipkeun ka suhanda maksud teh sina di bikeun ka illah. Suhanda ge daekeun dibere amanat teh. Atun kuring meuni atoh. Terus we kuring indit ka tempat kagiatan.
Dua poe sanggeus mulang ti kagiatan pramuka, kuring nanyakeun suhanda ka babaturan di pangindekosan. Maksud teh nanyakeun surat sohibat naha geus di bikeun ka illah. Malahan indit nage make baju weuteuh jeung make minyak seungit deuih.
“Wah bahaya! Omong kuring dina jero hate.
Ari kitu aya naon nanyakeun. Apan geus dua poe ilah jeung suhanda teh raket bobogohan. Surat balesan ilah ka suhanda dibaca ku uing, “ omong jaja.
Jaja nerangkeun, basa sobihat datang nepungan kuring, suhanda nyieun surat keur ka illah. Ngan sakanyaho jaja ceunah dina eusi suratna loba anu di tip-exs loba anu saralah mereun. Eta surat meunang nulis suhanda teh dibikeun ka jinisna, ngan sakolepat dibaca terus Illah nyieun surat balasan.  Suratna dititipkeun deui ka jaja sina dibikeun ka suhanda.
Anyiiir, cilaka yeuh! Kuring katempuhan buntut maung. Omong kuring ka jaja.
“Ari kitu katempuhan kumaha, sobat?” jaja molohok.
Derekdek ku kuring di terangkeun ka jaja yeun eta surat anu dibikeun ka suhanda teh surat ti sohibat keur ka illah, ngan hanjakalna teu dibikeun ka jinis na, lantaran kuring riweuh ku kagiatan. Kawasna lamun kituh mah eta surat menang sohibat teh di tip eks, ganti ngaran ku suhanda.
Enya meureun kitu. Da uing mah teu kungsi maca, ngan nempo ti kajauhan yen eusi suratna teh loba nu di tipe-eks ,” ceuk jaja bari ngabenerkeun kana omongan kuring.
“Kumaha lamun Sobihat ngamuk, Kuring bisa ditampiling ku manehna!”
“Duka ath keun we di tampiling ge, paling bujur nu katempuhan, lah!” Omong jaja
Bener we Sobihat nanyakeun ngeunaan surat anu kungsi dititipkeun ka kuring anu neupi kaharita tacan aya balesanana. Da sieun ditampiling lamun dibejakeun yen suratna eusina di ganti ku Suhanda, nya kuring nyarankeun sangkan Sobihat nyieun surat sakali deui. Malahan mah tong ngadagoan jawaban ti Illah langsung we malam minggu apel ka pangidekosanana.
“Jadi eusi surat nu kadua ngabejakeun yen kuring rek apel malam minggu ka illah?” talek Sobihat.
“Iraha kuring kudu ngadagoan balesan ti Illah?”
“Engke pasosore kuring rek ngabejaaan ka didinya,” Omong kuring rek ngabejaan ka didinya,” Omong kuring bari nungguan sobihat nulis surat nepi ka rengse diamplopanana. Inget harita teh Sobihat nyieun suratna poe jumaah, jadi apelna ngan kari ngadagoan dua poe deui.
“Astagfirullah! Surat ti Sobihat teh bet kalah poho teu dibikeun ka Illah. Pangna poho, lantaran bada jumaah harita, kuring balik ka lembur, sedengkeun eta surat kalah ditunda dina handapeun baju seragam dina lomari. Tah kakara inget poe senin isuk-isuk, basa kuring rek make baju seragam bet nyampak aya surat ngagoler.
Sanggeus upacara bendera, Suhanda nyamperkeun bari ngambeuk ka kuring, Majarkeun kuring geus codeka ngadu domba kanu jadi babaturan. Balukar talajak kuring, antara malam minggu antara sobihat jeung suhanda parasea di imah Illah. Ari kitu naha bet pasea, kawas anjing jeung ucing wae?
Enya apan basa malem minggu harita, Suhanda apel ka imah Illah, keur kitu datang Sobihat sarua rek apel ka Illah Sobihat ditanya ku Illah bet apel di titah ku saha? Sobihat ngajawab cenah di titah ku kuring Suhanda kasinggung hate na, majar mereun keur ngeunah-ngeunah bobogohan aya nu ngaganggu.
Atuh harita keneh dua nana parasea. Untung kaburu di pisah ku idah jeung eli babaturan saindekosan Ilah. Lamun teu kaburu di bedol, kawasna suhanda jeung sohibat jago garelut. Ku lantaran teu beunang di carek, atuh suhanda jeung sohibat ganjang di tundung di gerebah sina baralik, Malahan ku idah mah Sobihat di baledog make sendal capit keuna kana sirahna
Dicutat tina : ( Majalah Bhinneka karya winaya:2012)
                                                   

Saturday, July 30, 2016

DONGENG SUNDA: ELEHNA GAJAH KU SAKADANG SIERUM

                                             GAJAH ELEH KU SIREUM

“Abdi mah aya nu teu ngartos dina suten teh, Ceu.” Omong Dadan ka lanceukna, Ceu Sartika. Naha kumaha kitu, Dan?” ceuk lanceukna. Naha gajah eleh ku sireum? Kapan ari gajah mah sakitu ageungna.”
‘’Ih, kapan aya dongengna eta teh.” “ Kumaha dongeng na teh, Ceu? Dongengkeun ayeuna ka abdi !”
Baku dadan mah ari geus hayang dipangdongengkeun lain wayah teh. Mun rek ngadongeng mah euceuna kudu keur salse atuh.” Wios atuh ayeuna oge.” Sakeudap we, ceu, omong dadan, keukeuh maksa hayang di pangdongengenkeun. Heug rek di pangdongengkeun, tapi dadan kudu mantuan eceu sasapu diburuan, terus nyeboran tatangkalan kekembangan.
Mangga, lah. Pokona mah asal ayeuna dipangdongengkeun, “tembal Dadan bangun atoh nekar.
Kieu dongengna teh, ceu sartika ngamimitian ngadongeng. Aya gajah matuh dina hiji leuweung. Lantaran ngarasa jadi sato nu panggedena, eta gajah teh sok asa aing pisan. Tara ngajenan ka sasatoan sejen, pangpangna kanu laleutik. Mun sakadang gajah ngalewat kahiji tempat, tara ieuh nolih kana tincakakeun, sagala didupak, sagala diideuk.
Tah anu mindeng ngarasa dikakaya teh sierum teuing geus sabaraha kali sayangna ancur katincak ku sakadang gajah. Atuh sireum teh loba nu paeh. Gegedug sierum geus sababaraha kali nyarita ka gajah, lamun rek ngaliwat teh kudu tetempo heula, ulah sok sangeunahna, tapi sakadang gajah teh teu ieuh daekeun ngadenge omongan sireum. Pilakadar oge sato leutik, ceuk gajah dina jero hate na, naha kahayangna kudu make digugu sagala.
Sakitu geus dibejaan oge, sakadang gajah anggeur teu robah kalakuanana. Mun ngaliwat kanu lebahheun aya sayang sireum, anggeur sok sangeunahna. Malah aya nu rasa atoh mun nenjo sireum buriak lalumpatan lantaran sayangna kaiidek teh.
Antukna mah kakeuheul sireum teh geus teu katahan-tahan, maranehna nyusun rencana pikeun males kalakuan sakadang gajah. Nya terus nyieun lobang gede pisan, di keureuyeuh ku lobaan, da sierum mah rea baladna. Najan waktuna lila, tapi ahirna mah lombang teh teu burung anggeus. Ukuranana cukup keur awak gajah ngalewat ka belah dinya.
Akhirna mah anu di dago-dago teh datang, waktu ngaliawat ka lebah lombang, sireum terus ngarintip di sabudeureun lombang, bari ngadagoan bari ngadagoan gajag ngalewat kadinya .
Ahirna mah anu didago-dago teh datang. Waktu ngaliwat ka lebah lombang, sakadang gajah anggeur leumpangna teu nenjo tincakeun. Da ngarasa jadi sato pangkuatna tea.
Barang teupi ka luhureun lombang, ngan gebros wae gajah teh ti poros, terus ti beubeut ka handap. Lantaran lombang na jero, gajah teh heseueun hanjat. Maneh na ukur bisa agal ugil dina jero lombang.
Sabot kitu, rob wae sierum napuk awakna. Gajah digegelan ku rebuan sierum. Atuh maneh na teh ukur bisa adug adugan, da ari pek ngalawan mah hese. Ku awakna ge geus sakitu beratna. Jaba dina kaayaan ripuh aya di jero lombang.
Tungtungn namah sakadang gajah teh ampun-ampunan. Ti harita, sakdang gajah ngaku eleh ku sireum. Manehna sadar, geuning sato anu sakitu leutikna oge dina ahirna mah bisaeun ngalawan bari boga kakuatan lamun geus ngahiji mah.
“Tah, kitu pangna gajah eleh ku sierum teh , Dan, ceu sartika mungkas dongengna.
Atuh ari kitu mah elehna gajah teh pedah dihurupnya, Ceu?
Enya, Ah, ieu , mah ngarana oge dongeng walon ceu sartika.” Hayu ah, ayeuna mah  urang sasapu!”

Katerangan Kecap
1. baku                = biasa
2. lain wayah        = lain waktu
3. asa aing           = sombong
4.  ngajenan         = ngahargaan
5. pangpangna     = utamana
6. Nolih               = malire, merhatikeun
7. dikakaya         = di sasangsara
8. gegedug           = pamimpin

Friday, July 29, 2016

KAMUS BAHASA JEUNG SASTRA SUNDA1

 Kamus Basa Sunda
SUNDA – INDONESIA ( A,B,C,D,E )
A
Aang = Kakak
Abah = Bapak
Abdi (sim) = Saya
Abot = Berat
Acan = Belum
Acuk / Raksukan = Pakaian
Adat = Tabiat
Adeuk = Akan
Adi = Adik
Adigung = Angkuh
Adil = Adil
Agan = Tuan
Ageung = Besar
Agul = Bangga / Sombong
Aheng = Aneh / Ganjil
Aing (kasar) = Saya
Ajag = Srigala
Ajeng = Mengajukan
Ajleng /Ngajleng = Lompat / Melompat
Akang = Kakak
Akar = Akar
Aki = Kakek
Aksara = Tulisan / Huruf
Ali = Cincin
Alim = Tidak Mau
Alit = Kecil
Almenak = Almanak
Alo = Keponakan
Alung = Lempar
Alus,Sae = Bagus
Amang / Emang = Paman
Amarah = Emosi
Ambeh = Agar
Ambek = Marah
Ambekan = Hawa Nafsu
Ambeu = Mencium Bau
Ambu = Ibu
Ameng = Bermain
Amis = Manis
Ampar = Tilam
Ampir = Hampir / Nyaris
Anak = Anak
Ancin = Sedikit Makan
Anclub = Turun ke air
Ancur = Hancur
Andiprek = Lesesan
Anduk = Handuk
Angel / Anggel = Bantal
Angger = Tetap
Anggo = Pakai
Anggoan = Pakaian
Angkat = Pergi
Angkeng = Pinggang
Angkeub = Mendung
Angkeut = Dagu
Anjang = Mengunjungi
Anjeun = Anda / Kamu
Anjeunna = Dia/ia/beliau
Anom = Muda
Antawis = Antara
Anteur = Antar
Antos = Tunggu
Antuk / Antukna = Akhirnya
Anu/nu = Yang
Anyar = Baru
Aos = Baca
Apa = Bapak
Apal = Hafal
Api-api = Pura-pura
Aprak = Jelajah
Apu = Batu Kapur
Arek / Rek = Akan
Areung = Arang
Arit = Celurit
Artos = Uang
Asa = Sepertinya
Asak = Masak / Matang
Asin = Asin
Astana = Pekuburan
Astra = Wajah
Asup = Masuk
Atah = Mentah
Atanapi = Atau
Atawa = Atau
Ateul = Gatal
Atik = Didik / Ajar
Atikan = Ajaran
Atoh = Senang
Atos = Sudah
Atra / Jatra = Jelas
Awak = Tubuh/Badan
Awang-awang = Angkasa
Awewe = Perempuan / Wanita
Awi = Bambu
Awis = Mahal
Awon = Jelek
Aya = Ada
Ayak = Saring
Ayakan = Saringan
Ayeuna = Kini/Sekarang
B
Babar = Lahir
Babaturan = Teman
Badag = Besar
Bade = Akan
Bagean = Bagian
Bagel / Ngabagel = Keras / Mengeras
Bagja = Bahagia
Bagong = Ba-bi Hutan
Baham = Mulut
Baheum = Kulum
Bahe = Tumpah
Baheula = Dahulu
Bajing = Tupai
Bakal = Akan
Balad = Teman
Balanak = Belanak
Balang = Lempar
Balangsak = Melarat / Miskin
Baledog = Lempar
Baleg = Dewasa
Baleuy = Tidak terlalu panas
Balik = Pulang
Balong = Kolam
Balung = Tulang
Bancet = Katak Berekor (anak katak)
Bangga = Ribet
Bangir = Mancung (Hidung)
Bangkawarah = Kurang Ajar
Bangke = Bankai
Bangkong = Katak
Bangkuang = Bengkuang
Bango = Bangau
Bantos = Bantu
Bantun = Bawa
Baraya = Saudara
Bared = Tergores
Bareuh = Bengkak
Bari (katuangan) = Basi
Baruk = Begitukah ?
Barusuh = Sariawan
Basa = Bahasa
Basa = Ketika, Saat
Baseuh = Basah
Basisir = Pesisir
Bati = Laba
Batur = Orang Lain
Bau = Bau
Bawa = Bawa
Bayah = Paru-paru
Bayawak = Biawak
Bayeungyang = Gerah
Bayuhyuh = Gemuk
Beak = Habis
Beas = Beras
Bebene = Kekasih
Bedegong = Bandel
Bedil = Senjata Laras Panjang
Bedog = Golok
Begal = Perampok
Begang = Kurus
Begu = Anak ****
Beha = Bra
Beja = Kabar / Berita
Beke = Pendek
Bekong = Mug Besar
Belegug = Bodoh / Tolol
Belejog / Kabelejog = Tipu / Tertipu
Belenyeh = Tertawa Kecil
Belesek = Amblas
Belet = Bodoh
Bencong = Waria
Bendu = Marah
Bener = Benar
Bengkok = Lengkung / Melengkung
Bengkung = Bongkok / Lengkung
Bentang = Bintang
Bentar = Sambar (Petir)
Benten = Beda
Bere / Mere = Beri / Memberi
Berehan = Sopan
Beresih = Bersih
Beresin = Bersin
Berkat = Bingkisan
Beuheung = Leher
Beulah = Belah
Beuleum = Bakar
Beuli = Beli
Beulit = Lilit
Beungeut = Wajah
Beunghar = Kaya
Beungkeut = Ikat
Beurang = Siang
Beurat = Berat
Beureum = Merah
Beurit = Tikus
Beusi = Besi
Beuteung = Perut
Bewara = Berita
Biang = Ibu
Biantara = Pidato
Bieu = Barusan
Bikang = Betina
Bilatung = Belatung
Binangkit = Kreatip
Bingah = Gembira
Bingah = Geraham
Bingung = Kalut
Bireuk = Tidak kenal
Bisluit = SK = Surat keputusan
Bitis = Betis
Bitu = Meledak
Biwir = Bibir
Bobo = Tidur
Bobo = Lapuk
Boboko = Bakul
Bobos = Kentut
Bobotoh = Pendukung
Bodas = Putih
Bodo = Bodoh
Bodor = Lawak
Boga = Punya
Bojo = Isteri
Boloho = Bodoh
Bolokot = Kotor oleh Lumpur
Bongoh = Lengah
Bosen = Bosan
Buah = Mangga
Budah = Buih
Budak = Anak
Bueuk = Burung Ahntu
Bujal = Udel
Bujangan = Jejaka
Bujur = Pantat
Buk-Bak = Obrak-Abrik
Buktos = Bukti
Buku = Buku
Bulan = Bulan
Bulao = Biru
Buleud = Bulat
Bumi = Rumah
Bungah = Gembira
Buni = Tersembunyi
Buntut = Ekor
Bureuteu = Gendut
Buru = Lekas
Buruan = Halaman rumah
Buruh = Upah
Burung = Gila
Butuh = Perlu
Butut = Jelek
Buyur = Anak Katak
C
Caah = Banjir
Caang = Terang
Cabak = Raba
Cabok = Tampar
Cacag = Cincang
Cadu = Tak pernah
Cagak = Cabang
Cageur = Sehat
Cai = Air
Cakcak = Cecak
Caket = Dekat
Calacah = Abu Rokok
Calakan = Rajin
Calana = Celana
Caletot / Kacaletot = Keceplosan Ngomong
Calik = Duduk
Candak = Bawa, Ambil, Bawa
Cangcang = Tambat
Cangked = Tambat
Cangkeng = Pinggang
Cangkurileung = Burung Kutilang
Cape = Capai, Lelah
Capit = Jepit
Caram = Larang
Carang = Jarang
Carek = Larang
Careham = Geraham
Carengcang = Jarang (barang di toko)
Careuh = Musang
Caringin = Beringin
Carios = Cerita
Carita = Cerita/Kisah
Caroge = Suami
Carpon (carita pondok) = Cerpen (Cerita pendek)
Cawet = Celana Dalam
Cekap = Cukup
Ceker = Kaki (unggas)
Cempor = Lampu Minyak
Cenang = Bisul
Cengek = Cabai Rawit
Cengkat = Bangun (dari duduk)
Centang = Sentil
Cepil = Telinga
Cerewed = Cerewet
Ceudeum = Mendung
Ceuk = Kata
Ceuli = Telinga
Ceumpal = Lap
Ceurik = Tangis / Menangis
Ciak = Anak Ayam
Ciduh = Ludah
Cikur = Kencur
Cilaka = Celaka
Cileuh = Belek / Kotoran Mata
Cingceng = Gesit
Cingcin = Cincin
Cingir = Kelingking
Cingogo = Jongkok
Cipruk = Basah
Ciri = Tanda
Citak = Cetak
Ciwit = Cubit
Cobi = Coba
Coet = Cobek
Cokor = Kaki (binatang)
Cokot = Ambil
Colok = Jotos
Comel = Banyak Omong
Comot = Mengambil Sedikit
Congcorang = Belalang Sembah
Coplok = Lepas / Terlepas
Cucuk = Duri
Cucunguk = Kecoa
Cukang = Jembatan
Cunihin = Genit (laki-laki)
Cupu = Kotak
Cureuleuk = Jeli
Cureuleuk = Berbinar (mata)
Curuk = Jari Telunjuk
D
Dadali = Burung Garuda
Daek = Mau
Dago = Tunggu
Dahar = Makan
Dahuan = Kakak Ipar
Dalapan = Delapan
Damang = Sehat
Damar = Lampu
Damel = Kerja
Damis = Pipi
Dampal = Telapak
Dangdan = Rias
Dangdos = Rias
Danget = Saat
Dangu = Dengar
Darehdeh = Ramah
Datang = Tiba / Sampai
Datang = Sampai
Dayeuh = Kota
De-et = Dangkal
Denge (kasar) = Dengar
Deudeuh = Sayang
Deui = Lagi
Deukeut = Dekat
Deuleu (kasar) = Lihat
Deungeun = Teman
Deungeunna = Lauk Pauk
Dewek (kasar) = Saya
Diajar = Belajar
Digjaya = Sakti
Dina = Pada / Di
Dines = Dinas
Dinten = Hari
Diuk = Duduk
Doja = Ganggu / Coba
Domba = Biri-biri
Dongkap = Tiba / Sampai
Du’a = Do’a
Dudukuy = Topi
Dugi = Tiba
Duit = Uang
Duka = Tidak Tahu
Dulur = Saudara
Dumasar = Berdasarkan
Dunungan = Majikan
Dunya = Dunia
Dupak = Senggol
Duriat = Perasaan Cinta
Duruk = Bakar
E
Eces = Jelas
Edeg = Stress, Gila, Pandir
E’e = Beol
Ekek = Burung Betet
Eleh = Kalah
Eleketek = Gelitik
Elmu = Ilmu
Embe = Kambing
Embung = Tidak Mau
Empang = Kolam
Emut = Ingat
Endah = Indah
Endeur = Bergetar
Endog = Telur
Enggal = Cepat
Enggeus = Sudah
Engke = Nanti
Enjing = Besok
Enjing = Pagi
Enjing-enjing = Pagi-pagi
Entog = Bebek
Entong = Jangan
Enya = Iya
Era = Malu
Etang = Hitung
Etangan = Hitungan
Eueut = Minum
Eujeung = Dengan
Euleum = Cukup
Eunteung = Cermin
Euntreup = Hinggap
Eurad = Jerat
Eureun = Berhenti
Eusi = Isi
SUNDA – INDONESIA ( G,H,I,J,K )
G
Gabrug = Terkam
Gado = Dagu
Gaduh = Punya
Gajih = Lemah
Galengan = Pematang sawah
Galeuh = Beli
Galing = Ikal
Galumbira = Bergembira
Galungan = Gumul / Bergumul
Galur = Jalan
Gampang = Mudah
Gampil = Mudah
Gampleng = Tampar
Gancang = Cepat
Gandeng = Berisik
Gantar = Galah
Ganti = Ganti
Gapura = Gerbang
Garing = Kering
Garo = Garuk
Garong = Pencuri
Garwa = Istri
Gawe = Kerja
Gawir = Jurang
Gayor = Sangga
Gayot = Gantung
Gede = Besar
Gedong = Gedung
Gegel = Gigit
Geheng = Hangus
Gehgeran = Latah
Geleng = Gilas / Lindas
Gelo = Gila
Gelut = Berkelahi
Gembul = Lahap
Genep = Enam
Gentos = Ganti
Gepok = Tumpuk
Gering = Sakit
Gero / Ngageroan = Panggil / Memanggil
Getek = Geli
Geter = Getar
Getih = Darah
Getok = Jitak
Getol = Rajin
Geugeut = Sayang
Geulang = Gelang
Geuleuh = Jijik
Geulis = Jelita
Geumpeur = Gugup
Geuneuk = Lebam
Geunjleung = Tersiar
Geutah = Getah
Gigir = Sebelah / Samping
Gimir = Jerih
Girimis = Gerimis
Gitek = Goyang
Giwang = Anting
Godog = Rebus
Gogog = An-jing
Gohgoy = Batuk
Goreng = Jelek
Gorobag = Gerobak
Gugah = Bangun Tidur
Gugunungan = Bukit
Gugusi = Gusi
Guguyon = Humor
Guha = Goa
Gula = Gula
Guludug = Guntur
Gumbira = Gembira / Girang
Gumilang = Gemilang
Gumujeng = Ketawa
Gundam = Gigau
Gurilap = Gemerlap
H
Halabhab = Dahaga / Haus
Halimpu = Merdu
Halimun = Kabut
Halis = Alis
Halodo = Musim kering
Halu = Alu
Hambar = Tawar
Hampang = Ringan
Hampas = Ampas
Hamperu = Empedu
Hampura = Maaf
Hanaang = Dahaga / Haus
Handap = Bawah / Rendah
Haneut = Hangat
Hanjakal = Menyayangkan
Hanjelu = Sesal
Hanyir = Amis
Hapa = Hampa
Hapunten = Mohon maaf
Harangasu = Jelaga
Haratis = Gratis
Harep = Harap
Hareudang = Gerah
Hareup = Depan
Harewos = Bisik
Hariring = Dendang
Hariwang = Cemas
Harkat = Martabat
Harti = Arti
Hartos = Arti
Haseum = Asam (rasa)
Haseup = Asap
Haur = Bambu
Hawek = Loba
Hayam = Ayam
Hayang = Mau / Kepingin
Hayu = Ayo / Mari
He es = Tidur
Hejo = Hijau
Hemeng = Heran
Henteu = Tidak akan
Herang = Bening / Jernih
Hese = Susah
Heu euh = Iya
Heubeul = Dahulu
Heulang = Elang
Heuleut = Saat
Heureut = Menyempit
Heureuy = Gurau
Hideng = Rajin
Hidep = Kamu
Hideung / Hideung Lestreng = Hitam / Hitam Legam
Hieum = Rindang
Hiji = Satu
Hilap = Lupa
Hileud = Ulat
Hilik = Awas
Hilir = Ilir
Hipu = Empuk / Lunak
Hirup = Hidup
Hitut = Kentut
Honcewang = Bimbang
Hoream = Malas
Hoyong = Mau / Ingin
Hu ut = Gabah
Hudang = Bangun Tidur / Bangkit
Huis = Uban
Hujan = Hujan
Hulu = Kepala
Huma = Ladang
Huntu (kasar) = Gigi
Hurang = Udang
Hurung = Nyala
Hutang = Utang
Hyang / Sanghyang = Dewa
I
Ibak = Mandi
Iber = Kabar
Ibing = Menari
Ibu = Ibu
Ibun = Embun
Ical = Jual
Ical = Hilang
Icip = Cicip
Idek = Didekatkan
Ieu = Ini
Iga = Rusuk
Igel = Menari
Ijid = Jijik
Ilahar = Normal
Imah = Rumah
Imbit = Pantat
Impleng = Membayangkan
Imut = Senyum
Incer = Incar
Incok = Encok
Incu = Cucu
Indit = Pergi
Indung = Ibu
Inget = Ingat
Inggis = Gelisah
Ingkab = Ketiak / Ketek
Ingkig = Pergi meninggalkan
Ingon = Ternak
Injeum = Pinjam
Injuk = Ijuk
Inohong = Tokoh
Inteun = Intan
Ipis = Tipis
Iraha = Kapan
Irong = Lihat
Irung = Hidung
Ised = Geser
Isin = Malu
Istenan = Memperhatikan
Isteri = Wanita / Perempuan
Isuk = Besok
Isuk = Pagi
Isukan = Besok
Isuk-isuk = Pagi-pagi
Itu = Itu
Itung = Hitung
Iuh = Teduh
Iwal = Kecuali
J
Jaga = Kelak
Jagjag = Sehat
Jagong = Jagung
Jail = Jahil
Jajaka = Jejaka / Pemuda
Jajaten = Ilmu Kesaktian
Jalma = Manusia/orang
Jalmi = Manusia/orang
Jalu = Jantan
Jampana = Joli
Jampe = Mantera
Janari = Pagi Buta
Jandela = Jendela
Jangar = Pusing
Janggot = Janggut
Jangjang = Sayap
Jangji = Janji
Jangkorang = Tinggi Kurus
Jangkrik = Jangkrik
Jangkung = Tinggi (ukuran tubuh)
Janten = Jadi
Japati = Merpati
Jaram = Kuman
Jarhiji = Jari Manis
Jarum = Jarum
Jauh = Jauh
Jawer = Janger Ayam
Jempling = Sepi / Sunyi
Jempol = Ibu Jari
Jenengan = Nama
Jero = Dalam
Jeung = Dan / Dan
Jibreg = Basah Kuyup
Jiga = Seperti
Jilid = Jilid
Jiwa = Jiwa
Jugjug = Tuju
Jujuluk = Gelar
Jujur = Jujur
Jumblah = Jumlah
Jumpalit = Salto
Jungkrang = Jurang
Juntrung = Menjadi
Juragan = Tuan
Juralit = Salto
Jurig = Hantu
Juru = Sudut
K
Ka = Ke
Ka Dieu = Ke Sini
Ka Ditu = Ke sana
Kabeh = Semua
Kabentar = Tersambar
Kabiri = Kebiri
Kabogoh = Kekasih
Kaca = Halaman (buku)
Kacida = Amat Sangat
Kade = Awas
Kadek = Sambit
Kadongdong = Kedongdong
Kadongkapan = Kedatangan
Kaduhung = Menyesal
Kaen = Kain
Kagoda = Tergoda
Kagungan = Punya
Kahatur = Kepada
Kai = Kayu
Kajabi = Kecuali
Kajajaden = Jejadian (mahluk jadi-jadian)
Kakandungan = Hamil
Kalangkang = Bayangan
Kalapa = Kelapa
Kaleng = Aping
Kaler = Utara
Kalih = Juga
Kalong = Kelelawar
Kamar = Kamar
Kamari = Kemarin
Kampak = Kapak
Kampungan = Norak
Kandel = Tebal
Kanggo = Untuk
Kangkalung = Kalung
Kanyaho = Pengetahuan
Kaos Sangsang = Singlet
Kaping / Ping = Tanggal
Kapungkur = Dahulu
Kaput = Jahit
Karang = Tahi Lalat
Karaton = Istana
Kareueut = Manis Sekali
Kareunang = Gerah
Karunya = Kasian / Iba
Kasetrum = Tersengat Listrik
Kasuat-suat = Teringat-ingat
Katel = Wajan
Katuhu = Kanan
Kaula = Saya
Kawas = Seperti
Kawasa = Kuasa
Kawentar = Mashur
Kawih = Lagu
Kawilang = Terbilang
Kawit = Berasal
Kawon = Kalah
Kawung = Enau
Kayas = Merah Muda / Pink
Kebon = Kebun
Kecap = Kalimat
Kedul = Pemalas
Kelek = Keliak / Ketek
Kelenci = Kelinci
Kelir = Warna / Corak
Kembang = Bunga
Kempel = Kumpul
Kempelan = Perkumpulan
Kenca = Kiri
Kenging = Dapat
Kentel = Kental
Kenteng = Genteng
Kenyed = Hentak
Kenyot = Isap
Keok = Kalah
Kerek = Mendengkur
Kerekeb = Terkam
Kerepus = Topi
Keretas = Kertas
Kersa = Mau / Sanggup
Kesang = Keringat
Kesed = Sepet / Sepat
Keuheul = Jengkel / Geram
Keukeuh = Memaksa
Keukeup = Peluk
Keuneung = Tumit
Keupeul = Genggam
Keureut = Iris
Keusik = Pasir
Keuyeup = Kepiting Sawah
Kiat = Kuat
Kiceup = Kedip
Kidul = Selatan
Kieu = Begini
Kiih = Kencing
Kila-kila = Tanda-tanda
Kinca = Cairan gula aren
Kinten = Kira
Kinten-kinten = Kira-kira
Kintun = Kirim
Kirang = Kurang
Kiridit = Kredit
Kirik = Anak ******
Kiripik = Keripik
Kiruh = Keruh
Kitu = Begitu / Demikian
Kiwa = Kiri
Kiwari = Sekarang
Kiwari = Kini
Kobok = Memasukan Tangan
Koceak = Jerit
Kojor = Meninggal / Mati
Kolor = Celana Dalam
Kolot = Tua
Komo = Apa Lagi
Konci = Kunci
Koneng = Kuning / Kunyit
Kongkorong = Kalung
Kored = Kais
Koret = Pelit / Kikir
Korong = Upil
Koropak = Bagian Dari
Koropok = Berlubang
Koropos = Keropos
Korsi = Kursi
Kosok = Gosok
Ku = Oleh
Kuar = Anak Kutu Rambut
Kuciwa = Kecewa
Kudu = Harus
Kueh = Kue
Kukupu = Kupu-kupu
Kulah = Kolam
Kulambu = Kelambu
Kulawarga = Keluarga
Kulawargi = Keluarga
Kulem = Tidur
Kulon = Barat
Kulub = Rebus
Kulutus = Gerutu
Kumaha = Bagaiman
Kumbah = Cuci
Kumeli = Kentang
Kumis = Kumis
Kunaon = Kenapa
Kuncen = Juru kunci
Kunyit = Jawawut
Kunyuk = Kera
Kuping = Dengar
Kurang = Kurang
Kuring = Saya
Kuris = Cacar
Kuru = Kurus
Kurung = Kandang Burung
Kurupuk = Kerupuk
Kusir = Kusir
Kusumah = Kesuma
Kutang = Bra
Kuya = Kura-kura

SUNDA – INDONESIA ( L,M,N,O,P )
L
Laat = Telat
Lada = Pedas
Lahan = Tanah
Lain = Bukan
Lajeng = Kemudian / Selanjutnya
Laki Rabi = Suami Istri
Lalab = Lalap
Lalaki = Laki-laki
Laleur = Lalat
Lali = Lupa
Laluasa = Leluasa
Lambar = Lembar
Lambey = Bibir
Lami = Lama
Lamokot = Belepotan
Lamot = Jilat
Lampah = Jalan yang ditempuh
Lamping = Pinggir Gunur
Lampuyang = Lempuyang
Lamun = Jika / Bila
Lana = Abadi
Lanceuk = Kakak
Lancingan = Celana
Landong = Obat
Langgam = Lagu
Langit = Langit
Langki = Langka
Langkung = Lebih
Langlang, ngalanglang = Langlang, melanglang
Langlayangan = Layang-layang
Lantaran = Karena
Lantera = Lentera
Lauk = Ikan
Laun = Lambat
Lawas = Lama
Lawon = Kain
Layad / Layat = Jenguk
Layeut = Selalu Bersama
Layon = Kain
Layung = Lembayung
Le eh = Mencair
Lebar = Sayang
Lebet = Masuk
Lebu = Abu Gosok
Ledis = Habis tidak tersisa
Lega = Lebar / Luas
Leketek = Gelitik
Lekoh = Kental (kopi)
Lelepen = Cincin
Leleson = Istirahat
Lemah Cai = Tanah Air
Lembur = Desa / Kampung
Lemes = Halus
Lempeng = Lurus
Lengkah = Langkah
Lenglang = Cerah
Lengoh = Tidak Bawa Apa-apa
Lentah = Lintah
Leot = Setrika
Lepat = Salah
Leres = Benar / Betul
Lesot = Lepas
Letah = Lidah
Letak = Jilat
Letoy = Lemah
Leuit = Lumbung
Leuleus = Lemas
Leumeung = Lemang
Leumpang = Jalan
Leungeun = Tangan
Leungit = Hilang / Lenyap
Leupeut = Lontong
Leutak = Lumpur
Leutik = Kecil
Leuweung = Hutan
Leuweung Geledegan = Hutan Rimba
Leuwi = Kolam Pemandian
Leuwi = Lubuk
Leuwih = Lebih
Liang = Lobang
Liat = Alot
Lieuk = Toleh
Lieur = Pusing
Lila = Lama
Lilir = Bangun Tidur
Lima = Lima
Limpeuran = Lupa / Pelupa
Lindeuk = Jinak
Linggih = Tinggal / Berdiam di / Duduk
Lini = Gempa
Lintuh = Gemuk
Lisa = Telur Kutu Rambut
Lisung = Alu
Loba = Banyak
Lonceng = Bel
Lodaya = Harimau
Loket = Dompet
Lolong = Buta
Lomari = Lemari
Londok = Bunglon
Longok = Kunjung
Losin = Lusin
Ludes = Habis tidak tersisa
Ludeung = Berani
Luhung = Tinggi (derajat)
Luhur = Tinggi / Atas
Luhureun = Diatas
Lukut = Lumut
Lumangsung = Terjadi
Lumpat = Lari
Luncat = Loncat
Lungguh = Pendiam
Lungsur = Turun
M
Madu = Madu
Maehan = Membunuh
Maenya = Masa
Mahiwal = Janggal / Tidak Mungkin
Majeng = Maju
Maksad = Maksud / Hasrat
Makuta = Mahkota
Malengpeng = Lempar Batu
Males = Malas
Maling = Pencuri
Mamang = Paman
Mana = Mana
Manah = Hati
Manawi = Barangkali / Jika
Mandi = Mandi
Maneh = Kamu / Engkau
Manehna = Dia / Ia
Mangga = Silakan
Manggu = Manggis
Manggul = Pikul
Mangkukna = Kemarin Lusa
Mangrupa = Berupa
Mangsa = Saat
Mangsi = Tinta
Mantep = Mantap
Manuk = Burung
Maot = Meninggal dunia
Margi = Karena
Masang = Pasang
Masih = Masih
Mastaka = Kepala
Matak = Membuat / Akan
Matang = Seimbang
Mateni = Membunuh
Maung = Harimau
Mayit = Mayat
Medit = Kikir
Melak = Tanam
Mencrang = Berkilau
Mengkol = Belok
Mengpar = Lempar
Menta = Minta
Meong = Harimau
Meri = Itik
Meri = Bebek
Meser = Membeli
Metot = Tarik
Meumpeun = Menutup Mata
Meunang = Menang
Miceun = Buang
Mieling = Mengenang
Milu = Ikut
Mimiti = Mulai
Minantu = Menantu
Mindeng = Sering / Kerap
Mios = Berangkat / Pergi
Mitoha = Mertua
Modol = Beol
Mojang = Gadis / Perempuan
Molelel = Asin Sekali
Moncorong = Terik (matahari)
Mondok = Inap / Tidur
Mongkleng = Gulita
Mo-nyet = Kera
Moro = Buru
Motekar = Kreatip
Muhun = Iya
Muka = Buka
Mulih = Pulang
Mumuncangan = Mata Kaki
Muncrat = Mancur
Munding = Kerbau
Mung = Cuma / Hanya
Munggaran = Pertama
Murag = Jatuh
Murangkalih = Anak Kecil
Muriang = Demam
Muringkak = Merinding
Mutu = Ulekan
Mutuskeun = Memutuskan
N
Naek = Naik
Namba = Menimba
Nam = Nama
Namung = Tetapi
Nangkarak = Terlentang
Nangkring = Mejeng / Nongkrong
Nangkuban = Telungkup
Nangtung = Berdiri
Naon = Apa
Narpati = Raja
Nawis = Menawar
Neda = Makan
Nembe = Barusan / Baru saja
Nene = Nenek
Nerekel = Panjat
Ngabolekerkeun = Membuka Rahasia
Ngadeg = Berdiri
Ngadegdeg = Menggigil
Ngadegkeun = Mendirikan
Ngagaleong = Oleng
Ngageol = Bergoyang
Ngagitek = Menari
Ngahodhod = Menggigil
Ngalamun = Melamun
Ngalangkung = Lewat
Ngapung = Terbang
Ngaran = Nama
Ngarasa = Merasa
Ngareuah-reuah = Menyemarakan
Ngarogahala = Membunuh
Ngawitan = Mulai
Ngenaan = Mengenai
Ngendong = Menginap
Ngeunah = Ngeunah
Ngijih = Musim hujan
Ngimpleng = Mengingat
Nginum = Minum
Ngomong = Bicara
Ngora = Muda
Ngorondang = Merangkap
Nincak = Injak
Nikah = Kawin
Ningal = Lihat / Melihat
Nini = Nenek
Notog = Meluncur
Notog = Todong
Nuju = Sedang
Numpak = Menaiki
Nyaah = Sayang
Nyaeta = Yaitu / Ialah
Nyaho = Tahu
Nyakclak = Titik Air
Nyalukan = Panggil / Memanggil
Nyambat = Memanggil
Nyangkrung = Menggenang
Nyangsang = Tersangkut
Nyaram = Melarang
Nyarek = Melarang
Nyarios = Bicara
Nyere = Lidi
Nyeri = Sakit
Nyeuneu = Berapi=api
Nyeureud = Menyengat (lebah)
Nyeuseuh = Mencuci Baju
Nyiksenan = Menyaksikan
Nyiruan = Lebah
Nyiwit = Cubit
Nyongcolang = Terbaik
Nyumput = Sembunyi
Nyuruput = Meminum / Seruput
O
Oge = Juga
Ogo = Manja
Olo-olo = Kolokan
Olok = Kebanyakan
Ombak = Gelombang
Ondang = Undang
Ondangan = Undangan
Ongkoh = Katanya
Ongkos = Tarip
Opat = Empat
Oray = Ular
Orok = Bayi
P
Pacabakan = Pegangan / Pekerjaan
Pacilingan = WC di atas kolam
Pacul = Cangkul
Padaharan = Perut
Paeh = Meninggal / Mati
Pageto = Besok Lusa
Pahatu = Piatu
Pahatu Lalis = Yatim piatu
Pait = Pahit
Pajaratan = Kuburan
Pakarangan = Halaman rumah
Pake = Pakai
Palangkakan = Selangkangan
Palastik = Plastik
Palay = Mau
Palid = Hanyut
Paling = Curi
Palu = Palu / Martil
Pamajikan = Isteri
Pamarentah = Pemerintah
Pameget = Laki-laki
Pameunteu = Wajah
Panangan = Tangan
Panata Harta = Bendahara
Panceg = Teguh
Pancen = Tugas
Paneunggeul = Pemukul
Pangambung = Hidung
Panganten = Pengantin
Pangaos = Harga
Panitik = Penitih
Panon = Mata
Panonpoe = Matahari
Panto = Pintu
Pantrang = Tak pernah
Panyawat = Penyakit
Paok = Curi
Papada = Sesama
Papah = Jalan
Papatong = Capung
Papay = Telusuri
Papendak = Bertemu
Parabot = Peralatan
Paranti = Untuk (kegunaan)
Parantos = Sudah
Paras = Cukur
Parawan = Gadis / Perawan
Pareum = Padam
Paria = Pare
Parin = Serah / Memberikan
Parung = Jeram
Pasagi = Persegi
Pasanggiri = Lomba
Pasea = Bertengkar
Pasini = Janji
Pasir = Bukit
Pasisian = Kota Pinggiran
Patali = Berkaitan
Patlot = Pensil
Patuangan = Perut
Patut = Tampang
Pawon = Dapur
Payun = Depan
Pecut = Cambuk
Pedes = Lada
Pegek = Pesek
Pek = Silakan
Pelak = Tanam / Menanam
Pelem = Gurih
Pelesir = Piknik
Pelong = Tatap
Pelor = Peluru
Pendak = Bertemu
Pengker = Belakang
Pengkol / Mengkol = Belok / Membelok
Pengkolan = Belokan
Pengpar = Larikan ke sebelah
Peot = Kurus
Percanten = Percaya
Perhatosan = Perhatian
Perkara = Hal / Perihal
Perkawis = Hal / Perihal
Persaben = Tukang Minta-minta
Peryogi = Perlu
Pesak = Saku
Pesek = Kupas
Peser = Beli
Peso = Pisau
Pestol = Pistol
Peuncit = Gorok
Peunteun = Nilai
Peura = Serak / Parau
Peureum = Pejam
Peureut = Peras
Peurah = Bisa Ular
Peurih = Pedih
Peuting = Malam
Peuyeum = Tape
Pi = Bakal
Pias = Pudar
Piceun = Buang
Pidang = Menampilkan
Piding = Sekat
Piit = Pipit
Pikeun = Untuk / Teruntuk
Pilari = Cari
Pilih = Memilih
Pinarep = Payudara
Pingping = Paha
Pingpong = Tenis Meja
Pinton = Tayang
Pinter = Pintar
Pipir = Samping Rumah
Pirak = Cerai
Piraku = Masa
Pireu = Bisu
Pisan = Sekali / Amat / Sangat
Poe = Hari
Poe = Jemur
Poek = Gelap
Poho = Lupa
Pondok = Pendek
Pribados = Pribadi / Saya Sendiri
Pribumi = Tuan rumah
Pulisi = Polisi
Pulpen = Ballpoin
Pun Buang = Ibu
Punten = Maaf / Permisi
Pupuhu = Pemimpin/Ketua
Pupus = Meninggal dunia/mati
Pupus = Meninggal dunia
Pupus = Hapus
Purun = Jadi = Jadi
Purunyus = Genit
Puseur = Tengah
Putra = Anak
SUNDA – INDONESIA ( R,S,T,U,W,Y )
R
Rada = Agak
Ragaji = Gergaji
Ragrag = Jatuh
Raheut = Luka
Rahul = Bohong
Rahul = Bohong
Rajin = Giat
Raka = Kakak
Raket = Intim
Raksukan = Baju / Pakaian
Rama = Bapak
Rambut = Rambut
Rame = Ramai
Ramo = Jari
Rampak = Gabung / Bersama-sama
Rampung = Beres
Rampus = Rakus
Ranca = Rawa
Rancucut = Basah Kuyup
Randa = Janda
Randa Bengsrat = Janda Kembang
Ranggeum = Cengkram
Rangu = Renyah
Raos = Enak
Raraosan = Perasaan
Raray = Wajah / Muka
Rawayan = Jembatan
Reang = Riuh
Receh = Uang Kecil
Regot = Seruput
Rehe = Rese
Rencang = Teman
Rengkog = Berhenti Tiba-tiba
Rengkuh = Hormat
Rengse = Selesai
Repeh = Hening
Reueuk = Awan
Reueus = Bangga
Reuma = Jari
Reuneuh = Hamil
Reungit = Nyamuk
Reuwas = Terkejut
Rewog = Lahap
Reyod = Reot
Rikrik = Hemat
Ringkes = Ringkas
Ringkid = Bawa
Ririwa = Hantu
Rohangan = Ruangan
Rompo = Jompo / Renta
Rorompok = Rumah
Ruhay = Bara Api
Ruksak = Rusak
Rumaos = Merasa
Rumbah = Kumis
Rungsing = Ruwet
Runtah = Sampah
Rupa = Macam / jenis
Rupa-rupa = Aneka
Rupi = Macam/jenis
Rusiah = Rahasia
Rusuh = Terburu-buru
S
Sabalikna = Sebaliknya
Sabaraha = Berapa
Sabet = Sambit
Sadaya = Semua
Saderek = Saudara
Sae = Bagus
Saeutik = Sedikit
Saha = Siapa
Sajabina = Kecil
Sakalor = Ayan
Saladah = Seladah
Salaki = Suami
Salapan = Sembilan
Salatu = Uban
Salawe = Dua Puluh Lima
Salempang = Kuatir
Salira (awak) = Badan
Samak = Tikar
Sambel = Sambal
Sami = Sama
Sampak = Sudah Ada
Sampean = Kaki
Sampeur = Ajak
Sampurasun = Permisi
Sanes = Bukan
Sanggem = Sanggup
Sangka = Duga
Sangki = Duga
Sapagodos = Setuju
Sapalih = Sebagian
Sapatu = Sepatu
Sapertos = Seperti
Saprak = Semenjak
Sapuluh = Sepuluh
Sarakah = Tamak / Serakah
Sare = Tidur
Sarebu = Seribu
Sareng = Dan / Dengan
Sarimbit = Sekeluarga
Sarua = Sama
Sarupaning = Semacam
Sasab = Tersesat
Sasak = Jembatan
Sasapu = Menyapu
Sasih = Bulan
Satia = Setia
Sato = Binatang
Saung = Gubuk
Saur = Kata
Sawang = Bayang
Sawareh = Sebagian
Sayang = Sarang
Sayogi = Sedia
Sebat = Sebut
Seep = Habis
Segut = Semangat
Sejen = Lainnya
Selap = Sisip
Semah = Tamu
Sendal = Sendal
Sentak = Gertak / Hardik
Sepen = Kamar tidur
Sepuh = Tua
Serab = Silau
Serat = Surat
Seren = Serah
Sering = Kerap
Sesa = Sisa
Sesah = Susah
Seubeuh = Kenyang
Seueur = Banyak
Seukeut = Tajam
Seuneu = Api
Seungit = Wangi / Harum
Seupah = Sepah / Ampas
Seupan = Kukus
Seureud = Sengat
Seureuh = Sirih
seuri = Senyum / Tertawa
Seuseup = Hisap
Sia (kasar) = Kamu
Siang = Siang
Sieun = Takut
Siga = Seperti
Sihung = Taring
Siki = Biji
Siluman = Hantu
Simeut = Belalang
Simpang = Mampir
Simpe = Sunyi
Simpen = Simpan
Sinareng = Dengan
Sindang = Mampir
Sirah = Kepala
Siram = Mandi
Sireum = Semut
Sirik = Iri
Situ = Telaga / Danau
Soak = Kaget
Soang = Angsa
Sobat = Sahabat
Soca = Mata
Sologoto = Ceroboh
Solokan = Parit
Someah = Ramah-tamah
Sono = Rindu
Sonten = Sore
Sora = Suara
Soweh = Sobek
Sowek = Sobek
Suan = Keponakan
Sugan = Jika
Suku = Kaki
Sumanget = Semangat
Sumping = Datang / Tiba
Sumuhun = Iya betul
Sungut = Mulut
Supa = Jamur
Supata = Sumpah
Surak = Sorak
Sureum = Kabur
Susu = Payudara
Susukan = Sungai
T
Taar = Dahi / Jidat
Tabuh = Jam
Tajug = Surau
Taktak = Pundak
Talaga = Telaga / Danau
Taliti = Cermat
Tambelar = Durhaka
Tambih = Tambah
Tamper = Endap
Tampik = Tolak
Tampiling = Tampar
Tamu = Tamu
Taneuh = Tanah
Tanggara = Kabar
Tanggay = Kuku
Tangkal = Pohon
Tangkeup = Rangkul
Tangkub = Tengkurap
Tanpadaksa = Cacat
Tapak = Jejak
Taraje = Tangga Bambu
Taraju = Bahu
Tarang = Jidat / Dahi
Tarekah = Usaha
Tarik = Keras (suara)
Tarik = Cepat (lari)
Taros = Tanya
Tarumpah = Sandal
Tatamu = Tamu
Tatangga / Tatanggi = Tetangga
Tatih = Berdiri
Tatu = Luka
Taun = Tahun
Taun = Tahun
Tawis = Tanda (tangan)
Teang = Cari
Tebih = Jauh
Tegal = Lapang
Tegalan = Tanah Lapang
Tehel = Tegel
Teke = Jitak
Tembang = Lagu
Tembong = Kelihatan
Tempo = Lihat
Tengek = Leher
Tengen = Kanan
Tengtrem = Damai
Tenjo = Lihat
Tepang = Jumpa
Tepas = Teras
Tepung = Jumpa
Terang = Tau
Teras = Kemudian
Tere = Tiri
Teteh = Kakak perempuan
Teu = Tidak
Teuas = Keras
Teuing = Tidak Tau
Teuleum = Selam
Teuneung = Berani
Teunggeul = Pukul
Ti = Dari
Tiasa = Bisa
Tihang = Tiang
Tiis = Dingin
Tijalikeuh = Terpeleset
Tikoro = Tenggorokan
Tilar Dunya = Meninggal dunia
Tilas = Bekas
Tilik = Teliti
Tilu = Tiga
Timanten = Dari Mana
Timburu = Cemburu
Tincak = Injak
Tinggal = Lihat
Tipung = Tepung
Tiris = Dingin (suhu udara)
Tisaprak = Sejak / Semenjak
Tisoleda = Terpeleset
Titadi = Dari Tadi
Tiwu = Tebu
Tojos = Tusuk
Tonggoh = Tempat di atas
Tonggong = Punggung
Torek = Tuli
Torowongan = Terowongan
Tuang = Makan
Tuar = Tebang
Tubruk = Tabrak
Tujuh = Tujuh
Tukang = Belakang
Tulale = Belalai
Tulung = Tolong
Tumbak = Tombak
Tumbila = Kutu Busuk
Tunduh = Kantuk….Mengantuk
Tundung = Usir
Tunggara = Sedih / Merana
Tungtung = Ujung
Tutung = Hangus
Tuur = Lutut / Dengkul
U
Ucing = Kucing
Udag = Kejar
Udur = Sakit
Ulah = Jangan
Ulem = Undang
Ulin = Main
Umur = Usia
Unggal = Tiap
Unggeuk = Manggut
Ungkluk = WTS
Uninga = Tau
Upami = Jika
Urang = Saya
Urut = Bekas
Usik = Gerak
Utami = Utama
Uyah = Garam
W
Wadul = Bohong
Wahangan = Sungai / Kali
Waja = Baja
Waktos = Waktu
Walagri = Sehat
Waler = Jawab
Walirang = Belerang
Walungan = Sungai
Waluya = Sehat
Wanara = Mo-nyet
Wanci = Waktu
Wangsul = Pulang
Wangun = Bangun
Wani = Berani
Wanoh = Kenal
Wanoja = Gadis / Remaja
Wantun = Sanggup
Waos = Gigi
Waragad = Biaya
Wareg = Kenyang
Warsi = Tahun
Wartos = Warta
Waruga = Badan
Wasta = Nama
Wasuh = Cuci
Watek = Watak
Wates = Batas
Wawacan = Legenda
Wawar = Memberi Kabar
Wawasan = Hikayat
Wawuh = Kenal
Wayah = Waktu
Wedak = Bedak
Weduk = Kebal
Wegah = Enggan
Welas = Sayang
Wengi = Malam
Wetan = Timur
Wetis = Betis
Weuteuh = Baru
Widang = Bidang
Widi = Ijin
Wijaksana = Bijaksana
Wilangan = Bilangan
Wilujeng = Selamat
Wilujeng Enjing = Selamat Pagi
Wilujeng Siang = Selamat Siang
Wilujeng Sonten = Selamat Sore
Wilujeng Wengi = Selamat Malam
Winojakrama = Lomba
Wios = Biar
Wungkul = Hanya / saja
Wuruk = Mengajar
Wuwung = Atap
Y
Yen = Bahwa
Yuswa = Usia    

Thursday, July 28, 2016

Rupa-Rupa panyakit dina bahasa sunda Dan contoh Musim dina Bahasa Sunda

RUPA-RUPA PENYAKIT DALAM BAHASA SUNDA DAN MUSIM DALAM BAHASA SUNDA
balas bogo => kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas semu karadak.
– batuk gangsa => batuk lantaran aya gangguan dina bayah (tbc, jsb),
– batuk bangkong => batuk kosong.
– bisul => kasakit handapeun kulit, bareuh nu ngandung nanah sarta mataan.
– bisul beunyeur => bisul leutik, matana siga beunyeur.
– borok => raheut nu tuluy nanahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.
– botoleun => kasakit dina dampal suku, liangan.
– budug => kasakit kulit, baruntus atawa carénang, biasana ateul lantaran kuman.
– bungkul => sabangsa bisul ngan leuwih teuas.
– cacar, kuris => kasakit kulit nu babari tépa.
– cenang => sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan,
– conge => kasakit jero ceuli, kaluar nanah.
– éwateun => kasakit kulit, warna semu beureum ngageblég, karasa ateul, renyem.
– geregeseun => kasakit nyeri kiih, upamana dilantarankeun ayana batu dina jero rarangan (kencing batu).
– gondok => kasakit dina beuheung lantaran kurang yodieum, siga bareuh ngagandoy, tumerapna sok nahun.
– gondongeun => kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila, biasa disebut panyakit anjing, sok diubaran ku bulao.
– hapur => kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, babari tépa.
– hapur kembang => hapur nu bodas katenjona, bisa diubaran ku daun laja.
– hapur beusi => hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna.
– hileudeun => kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku.
– jengkoleun => kasakit nyeri kiih lantaran loba teuing dahar jengkol.
– jangar, rieut => nyeri sirah jejeletétan.
– keremieun => kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.
– késrék=> kasakit kulit sapérti éksim garing.
Sesebutan Waktu nu Patali jeung Jaman[édit | édit sumber]
1. Kiwari nya éta jaman nu keur dilakonan ayeuna
2. Baréto nya éta jaman nu geus lila kaliwat
3. Baheula nya éta jaman nu geus lilia kaliwat béh ditueun baréto
4. Bihari nya éta jaman nu geus kaliwat lila pisan
5. Jaga nya éta jaman nu lila kénéh bakal kasorang
6. Isuk jaganing géto (pagéto) nya éta jaman nu moal lila bakal kasorang
7. Baring supagi nya éta isuk jaganing géto, dina waktu nu bakal datang.[2]

Sesebutan Waktu Séjénna[édit | édit sumber]
1. Sakiceup nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
2. Sakedét nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
3. Sakilat nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, diupamakeun kana liana kilat nu ngaburinyay
4. Saharita waktu éta atawa harita kénéh
5. Sajongjongan nuduhkeun waktu sawatara sekon
6. Sakedupan nuduhkeun waktu saharita, jero sawatara sekon
7. Sapanyeupahan nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira lilana sarua jeung nu keur nyeupah
8. Sapangéjoan nuduhkeun waktu nu rada lila, kira-kira lilana sarua jeung nu keur ngéjo (nyangu)
9. Sapoé sapeuting nuduhkeun waktu anu lilana dua puluh opat jam
10. Saminggu nuduhkeun waktu anu lilana tujuh poé
11. Sabulan nuduhkeun waktu anu lilana opat minggu (28,29,30 atawa 31 poé)
12. Sabulan campleng nuduhkeun waktu anu lilana sabulan jejeg
13. Saumur jagong nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung umur melak jagong, kira-kira tilu bulan satengah
14. Sausum nuduhkeun waktu anu dicirian ku sakali usum, upamana usum hujan, usum kadu
15. Sataun nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan
16. Sataun landung nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan leuwih
17. Sawindu nuduhkeun waktu anu lilana dalapan taun
18. Saabad nuduhkeun waktu anu lilana saratus taun
19. Samilénium nuduhkeun waktu anu lilana sarébu taun.[2]

Usum-Usuman[édit | édit sumber]
Usum-usuman nyaéta waktu anu nuduhkeun usum atawa waktu nu tangtu, upamana waé usum hujan, usum kadu.[2] Usum-usuman bisa dibagi sababaraha waktu, saperti dihandap ieu.[2]

Waktu nu Patali jeung Kayaan Alam[édit | édit sumber]
1. Usum mamaréng nya éta usum mimiti ngijih
2. Usum ngijih nya éta waktu mindeng turun hujan
3. Usum dangdarat nya éta usum panyelang antara ngijih jeung katiga, hujan jeung halodo kakapeungan
4. Usum katiga nya éta usum halodo, usum teu hujan
5. Usum barat nya éta usum angin grdénu jolna ti kulon, pacampur jeung hujan
6. Usum selatan nya éta usum loba angin nu jolna ti kidul-wétan.[2]

Waktu Nu patali jeung Kaayaan nu aya di Masarakat[édit | édit sumber]
1. Usum ngagebug nya éta usum loba nu gering parna, loba nu maraot
2. Usum sasalad nya éta usum loba panyakit nu babari tépa
3. Usum parepok ny éta usum loba nu kawin
4. Usum paceklik nya éta usum kurang dahareun, pangpangna béas atawa paré, usum paila
5. Usum tigerat nya éta usum paceklik
6. Usum nguyung nya éta usum paceklik.[2]

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Sawah[édit | édit sumber]
1. Usum nyambut nya éta mangsa ngagarap sawah
2. Usum tebar nya éta mangsa ngawurkeun binih kana pabinihan
3. Usum tandur nya éta mangsa melak binih parénu tos jadi di kotakan sawah
4. Usum ngarambét nya éta mangsa miceunan jukut nu jaradi antara tangkal paré di sawah
5. Usum celetu nya éta mangsa siki paré geus mimiti cul-cel baruahan
6. Usum beukah nya éta mangsa paré areusian, bareukah
7. Usum rampak nya éta mangsa paré geus rampak kaluar humbutna
8. Usum beuneur héjo nya éta mangsa paré geus beuneur tapi masih kénéh héjo
9. Usum pibuateun nya éta mangsa paré ngadagoan waktu nu mustari pikeun dipanén
10. Usum panén nya éta mangsa paré diala (dibuat).[2]

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Huma[édit | édit sumber]
1. Usum nyacar nya éta mangsa nyacar leuweung pihumaeun
2. Usum ngahuru nya éta mangsa ngaduruk kai jeung kakayon séjénna
3. Usum ngaseuk nya éta mangsa melak paré huma
4. Usum ngoréd/ngoyos nya éta mangsa meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku koréd
5. Usum dibuat/ngétém nya éta mangsa ngala paré

Wanci janari gedé => kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.
Wanci janari leutik => kira-kira tabuh 03.30 – 04.30
Wanci balébat => waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)
Wanci carangcang tihang => wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)
Wanci haneut moyan => waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)
Wanci rumangsang => waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
Wanci pecat sawed => waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
Wanci manceran/lohor => waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)
Wanci lingsir ngulon => waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)
Wanci panonpoé satangtung => ± tabuh 15.00 waktu
Wanci tunggang gunung => panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)
Wanci sariak layung => waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)
Wanci sareupna => geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)
Wanci sareureuh budak => waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
Wanci tengah peuting => ± tabuh 24.00
– kokoloteun => kasakit kulit beungeut, semu harideung, lantaran kapanasan atawa wedak.
– leuncangeun => kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
– mejen => hésé ngising, kabebeng.
– mengi => asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan.
– mimiseun => kaluar getih tina irung lantaran sariawan, jst.
– muriang => awak panas-tiris lantaran katerap kasakit malaria, jsb.
– peujit koréseun => kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
– reunghaseun => kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu upamana lantaran keuna ku geutah reunghas.
– rieut => nyeri sirah.
– rorombéheun => kasakit dina dampal suku pangpangna dina lebah keuneung, kulitna bareulah.
– sakalor => kasakit sarap, épilépsi.
– salatri => kasakit nu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur sebel, tor kaluar késang tiis.
– kalikiben => rasa nyeri dina jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar (nginum) kagujrug-gujrug ku lulumpatan.
– salésma => kasakit irung, influenza, flu.
– sampar => kasakit nu babari tepa.
– sariawan => kasakit nu ngalantarankeun barusuh, lantaran panas beuteung.
– sumbilangeun => kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran.
– tajam => diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil.
– tampek => kasakit kulit, ateul semu panas, biasa tumerap ka budak.
– tibar => kasakit sarupa bisul, matana tujuh.
– turuwisen => kasakit sarupa cénang dina biwir panon.
– uuseupeun => kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, aya useupan.
– wasir => ambéyen, nongtot bool.
– sisidueun => gangguan di jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk.
– jeungjeuriheun => kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.
– radang => kasakit kulit nu nanahan
Dicutat Tina : https://su.wikipedia.org/wiki/Waktu_jeung_Usum-Usuman
 https://awan965.wordpress.com/2009/03/22/ngaran-rupa-rupa-kasakit/           

Wednesday, July 27, 2016

KAJEMBARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

KAJEMBARAN BASAHA DAN SASTRA SUNDA

1. Ngaran Anak Sasatoan
anak anjing = kirik
anak bandeng = nénér
anak buaya = bocokok
anak bogo = cingok
anak éntog = titit
anak gajah = ménél
anak japati = piyik
anak keuyeup = boncérét
anak kukupu = hileud
anak lélé = nanahaon
anak lubang = leungli
anak monyét = begog
anak sapi = pedét
anak bagong = begu
anak banténg = bangkanang
anak belut = kuntit
anak deleg = boncél
anak embé = cémé
anak hayam = ciak
anak kancra = badak
anak kuda = belo
anak lauk = burayak
anak maung = juag
anak munding = énéng
anak reungit = utek-utek
anak ucing = bilatung
2. Sora Sasatoan
anjing = ngagogog, nyungungung, babaung
bagong = sesegrok
domba / embé = ngabérélé
éntog / meri = ngawékwék
gagak = ngelak
hayam = (jalu) kongkorongok, (bikang) kokotak
kuda = ngahiem
manuk = ricit / récét
maung = ngagerem, gagaur
reungit = ngahieng
tikukur / titiran = ngantuk (disada terus-terusan)
3. Pakarang Sasatoan
badak = cula
bagong = sihung
banteng, embé, domba, munding, sapi, uncal = tanduk
buaya = buntut
gajah = gading, tulalé
hayam jago = siih
kalajengking, kamarang, tawon, nyiruan = panyeureud
kapiting/ keuyeup = panyapit
landak = cucuk
lélé = pamatil
maung, singa = kuku, sihung
oray = peurah
ucing = kuku
4. Kekembangan
aléwoh = kembang waluh
angkruk = kembang jeruk
ancal = kembang bolang
ancul = kembang eurih
badaus = kembang tiwu
badul = kembang konéng
bosongot = kembang bako
bolotot = kembang cabé
bubuay = kembang hoé
cacas = kembang lopang
curiwis = kembang kaso
dingdet,atéla = kembang sampeu
gélényé = kembang génjér
ingawang = kembang gedang
jamotrot = kembang laja
jalingger = kembang jaat
séléksék = kembang limus
jelenggut = kembang cikur
jantung = kembang cau
karuk = kembang jambu
lenyap = kembang jambu aér
mayang = kembang jambé
mérékényénnyén = kembang jéngkol
moncorong = kembang térong
olohok = kembang kadu
pendul = kembang peuteuy
méncéngés = céngék
pélépés = kembang kulur
pengit = kembang leunca
pengis = kembang kawung
puntung = kembang jotang
rinduy = kembang muncang
ringsang = kembang paré
ulated = kembang bawang
5.Kandang
buleng = kandang / tempat lauk
istal, gedogan = kandang kuda
karangkéng, garogol = kandang maung (sato galak)
kurung = kandang manuk
pagupon = kandang japati
pakandangan, karapyak = kandang munding
paranjé = kandang hayam, domba, embé
6. Patukangan
anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
bujangga = tukang nyieun / nulis carita
candoli = tukang ngajaka pabéasan dina hajatan
gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
kabayan = tukang dititah ka ditu ka dieu
kamasan = tukang nyieun pahiasan tina emas
kuncén = tukang ngurus kuburan
legig = tukang ngasruk tina pamoroan
malim = tukang meruhkeun sato galak
maranggi = tukang nyieun sarangka keris
nyarawedi = tukang ngagosok permata
pakacar = tukang ngaladénan/ bubujang
palédang = tukang nyieun parabot tina tambaga
palika = tukang teuleum
pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak
pamayang = tukang ngala lauk di laut
panday = tukang nyieun parabot tina beusi
panerasan = tukang nyadap
paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil
sarati = tukang ngusir / meruhkeun gajah
7. Pakakas
arit = paragi ngala jukut / paré
asétik = paragi ngaseuk
ancung = paragi ngakut és kacang
balincong = paragi nugar
baliung = pakakas anu bisa dijeun patik / rimbas
bandring = paragi malédogkeun batu
bedog = paragi ngadék
congkrang = paragi nyacar
dékol = paragi ngadék tur bisa dipaké nakol
étém = paragi ngala paré
gacok = paragi nugar
gaét = paragi ngait nu beurta tur digagangan
gegendir = paragi neunggeul nu beurat
gubang = saperti bedog tapi panjang
gondéwa = paragi mentang jamparing
jara = paragi ngaliangan awi
jamparing = panah
kikir = paragi ngasah ragaji
koréd = paragi miceun jujukutan
kujang = pakarang urang Sunda
parang = paranti ngababad jukut dina galeng
sumpit = paranti ngala lauk, dijieunna tina tamiang
sundung = paragi ngawadahan jukut

RARAKITAN SUNDA
Mawa ragi ka Cilutung,
tikukur ngudag saéran.
Boh rugi atawa untung,
kudu sukur ka Pangéran.

Bangbara dina bangbarung,
kulit munding kahujanan.
Sangsara kuring dicandung,
gulang-guling ngan sorangan.

Hayang ngala kacang panjang,
tangkalna handapeun waluh.
Hayang naya mojang lenjang,
hanjakalna heunteu wawuh.

Kaduhung kuring ka Lémbang,
ka Lémbang ka Cibiana.
Kaduhung kuring kagémbang,
kagémbang kieu rasana.

Kaso pondok kaso panjang,
ngaroyom ka sisi leuit.
Anu denok anu leunjang,
ngaronom nu boga duit.

Abong-abong sangu konéng,
ngan dipaké keur sasarap.
Abong-abong kanu goréng,
ngan dipaké eukeur sérep.

Abong bogo indung cingok,
teu daék bareng jeung jelér.
Abong bogoh eunggeus nyosok,
teu daék baé palér.

Aduh éta hayam tukung,
naha bet los-los ka kolong.
Aduh éta mojang jangkung,
naha bét tonggongna bolong.

Ari hayang melak wijén,
ulah deukeut awi gombong.
Ari hayang pada ngajén,
ulah boga sikep sombong.

Deudeuh teuing jeruk purut,
keur konéng téh loba hileud.
Deudeuh teuing nu camberut,
keur goréng téh mindeng baeud.

Didieu loba kaliki,
hanjakal teu baruahan,
Di dieu loba lalaki,
hanjakal teu aruyahan.

Di dieu loba kanyéré,
hayang hiris dikapuran.
Di dieu loba awéwé,
hanjakal geulis dipupuran.

Di dieu loba kanyéré,
hanjakal parentil kénéh.
Di dieu loba awéwé,
hanjakal carentil kabéh.

Itu geura buah jarak,
euweuh anu ngadudutan.
Itu geura budak harak,
euweuh anu ngadeukeutan.

Jauh-jauh manggul haur,
nu deukeut gé haur kénéh.
Jauh-jauh néang batur,
nu deukeut gé nganggur kénéh.

Kajeun teuing konéng parud,
asal maké gula baé.
Kajeun teuing goréng patut,
asal daék béla baé.

Ka Cianjur mawa jalak,
ka Ciranjang mawa ékék.
Ka batur mah abdi nolak,
ka Akang gé moal daék.

Ka mana nya nyiar kulit
hayang seubeuh sesewiran.
Ka mana nya nyiar duit,
hayang seubeuh plesiran.
Boboko ragrag ti imah,
ninggang kana pileuiteun.
Nya bogoh ulah ka semah,
ari balik sok lengiteun.

Boboko ragrag ti para,
ninggang kana panto késér.
Nya bogoh ulah katara,
ambéh heunteu matak géhgér.

Ka mana boboko kuring,
ngan aya wakulna baé.
Ka mana kabogoh kuring,
ngan aya baturna baé.

Leuleupeutan leuleumeungan,
ngarah kékéjoanana.
Deudeukeutan reureujeungan,
ngarah téténjoanana.

Samping hideung dina bilik,
kumaha nuhurkeunana.
Abdi nineung ka nu balik,
kumaha nuturkeunana.

Reundeu beureum reundeu hideung,
reundeu kayas soléntangan.
Beuki heubeul beuki nineung,
lawas-lawas kaédanan.

Gunung Guntur Gunung Guntur,
lalana ka peupeuntasan.
Amit mundur amit mundur,
wiréh bade parantosan.

Ari lampit-lampit hoé,
méja mah da méja makan.
Ari nampik-nampik baé,
ulah bari jeung moyokan.

Payungan abdi payungan,
sakieu panas poéna.
Tulungan abdi tulungan,
sakieu panas haténa.

Saninten buah saninten,
dibawa ka parapatan.
Hapunten abdi hapunten,
bilih aya kalepatan.
http://sunda.garutkab.go.id/pub/static_menu/detail/ngamumule_sisindiran_rarakitan
PUISI SUNDA
Detik nu paberik-berik
Menit nu pagancang-gancang indit
Jam nu pa paheula-heula leumpang
Poé jeung minggu nu paburu-buru
Bulan jeung taun nu pa untun-untun
Estuning yérélék waktu asa kakara kamari soré

Gusti… kalayan Kersana Anjeun..
Angin masih kénéh ngahiliwir ngusapan haté
Gunung-gunung masih kénéh ngajungkiring mindingan diri kuring
Tatangkalan masih kénéh rajeg ngiuhan salira abdi
Ombak masih kénéh daék paudag-udag nepakan raga badag
Panon poé masih kénéh daék nguniang ti beulah wétan
Langit masih kénéh saged ngiuhan sakabéh mahluk

Tapi naha…
Tapi naha haté kuring masih kénéh ngabentrang lir batu karang?
Heuras kénéh lir batu cadas?
Ngabatu, ngabaketrak kacida teuasna!
Teu daék asak hampura ka sasama
Teu daék nya’ah kanu sahandapeun
Teu hormat ka nu leuwih sepuh nu pinuh karamat
Jiga nu bakal hirup salilana
Jiga nu bakal walagri nu abadi
Padahal sehat ngan ukur saliwat
Padahal cageur ngan ukur sasampeur
Padahal ngora ngan ukur sakedét nétra

Duh Gusti, Nu Maha Suci…
Waktos téh ngan séép digorogot ku kamaksiatan abdi
Taun ngaleungit ngan ukur dipaké teu uni jeung wargi
Bulan ilang ngan ukur ku loba catur jeung batur
Poé ngan sajorélatan dipaké ngotoran haté
éstuning taya pisan kahadéan nu bisa ngupahan diri

Gusti..
Dina poék mongkléngna haté abdi
Abdi kakarayapan milari Panangan Gusti
Neda pamuntangan diri
Ngarah hirup pinuh ku harti
Ngarah hurip meunang ajén diri

Supados  ngintip wanci ka payun teu ringrang
Supados nyawang mangsa ka tukang teu melang
Nya teu aya deui tempat pikeun mumuntang
Anging Salira nu Maha Wenang

Gusti..
Sajeroning abdi lamokot ku dosa
Dina hate leutik mah abdi jumerit maratan langit
Ngocéak maratan jagat
Dumeuheus ka Gamparan
Mugi Anjeun maparin cahaya nu ca-ang padang
Nu bisa nyaangan jagat alam

Mugi Gusti masihan panghampura
Sabab taya deui kamulyaan
Kajabi hirup aya dina Panghampuraan
1. Ngaran Anak Sasatoan (nama-nama anak binatang/hewan)

anak anjing = kirik anak

bandeng = nénér

anak buaya = bocokok

anak bogo = cingok

anak éntog = titit

anak gajah = ménél

anak japati = piyik

anak keuyeup = boncérét

anak kukupu = hileud

anak lélé = nanahaon

anak lubang = leungli

anak monyét = begog

anak sapi = pedét

anak bagong = begu

anak banténg = bangkanang

anak belut = kuntit

anak deleg = boncél

anak embé = cémé

anak hayam = ciak

anak kancra = badak

anak kuda = belo

anak lauk = burayak

anak maung = juag

anak munding = énéng

anak reungit = utek-utek

anak ucing = bilatung

2. Sora Sasatoan (Suara binatang)

anjing = ngagogog, nyungungung, babaung

bagong = sesegrok

domba / embé = ngabérélé

éntog / meri = ngawékwék

gagak = ngelak

hayam = (jalu) kongkorongok, (bikang) kokotak

kuda = ngahiem

manuk = ricit / récét

maung = ngagerem, gagaur

reungit = ngahieng

tikukur / titiran = ngantuk (disada terus-terusan)

3. Pakarang Sasatoan (Senjata Binatang)

badak = cula, bagong (babi) = sihung

banteng, embé, domba, munding, sapi, uncal = tanduk

buaya = buntut

gajah = gading, tulalé

hayam jago = siih

kalajengking, kamarang, tawon, nyiruan = panyeureud

kapiting/ keuyeup = panyapit

landak = cucuk

lélé = pamatil

maung, singa = kuku, sihung

oray = peurah

ucing = kuku

4. Kekembangan (Bunga)

 aléwoh = kembang waluh

angkruk = kembang jeruk

ancal = kembang bolang

ancul = kembang eurih

badaus = kembang tiwu

badul = kembang konéng

bosongot = kembang bako

bolotot = kembang cabé

bubuay = kembang hoé

cacas = kembang lopang

curiwis = kembang kaso

dingdet,atéla = kembang sampeu

gélényé = kembang génjér

ingawang = kembang gedang

jamotrot = kembang laja

jalingger = kembang jaat

séléksék = kembang limus

jelenggut = kembang cikur

jantung = kembang cau

karuk = kembang jambu

lenyap = kembang jambu aér

mayang = kembang jambé

mérékényénnyén = kembang jéngkol

moncorong = kembang térong

olohok = kembang kadu

pendul = kembang peuteuy

méncéngés = céngék

pélépés = kembang kulur

pengit = kembang leunca

pengis = kembang kawung

puntung = kembang jotang

rinduy = kembang muncang

ringsang = kembang paré

ulated = kembang bawang

5.Kandang

buleng = kandang / tempat lauk

istal, gedogan = kandang kuda

karangkéng, garogol = kandang maung (sato galak)

kurung = kandang manuk

pagupon = kandang japati

pakandangan, karapyak = kandang munding

paranjé = kandang hayam, domba, embé

6. Patukangan (Pekerja/pengrajin)

anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh

bujangga = tukang nyieun / nulis carita

candoli = tukang ngajaka pabéasan dina hajatan

gending = tukang nyieun parabot tina kuningan

kabayan = tukang dititah ka ditu ka dieu

kamasan = tukang nyieun pahiasan tina emas

kuncén = tukang ngurus kuburan

legig = tukang ngasruk tina pamoroan

malim = tukang meruhkeun sato galak

maranggi = tukang nyieun sarangka keris

nyarawedi = tukang ngagosok permata

pakacar = tukang ngaladénan/ bubujang

palédang = tukang nyieun parabot tina tambaga

palika = tukang teuleum

pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak

pamayang = tukang ngala lauk di laut

panday = tukang nyieun parabot tina beusi

panerasan = tukang nyadap

paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil

sarati = tukang ngusir / meruhkeun gajah

7. Pakakas (perabotan)

arit = paragi ngala jukut / paré

asétik = paragi ngaseuk

ancung = paragi ngakut és kacang

balincong = paragi nugar

baliung = pakakas anu bisa dijeun patik / rimbas

bandring = paragi malédogkeun batu

bedog = paragi ngadék

congkrang = paragi nyacar

dékol = paragi ngadék tur bisa dipaké nakol

étém = paragi ngala paré

gacok = paragi nugar

gaét = paragi ngait nu beurta tur digagangan

gegendir = paragi neunggeul nu beurat

gubang = saperti bedog tapi panjang

gondéwa = paragi mentang jamparing

jara = paragi ngaliangan awi

jamparing = panah

kikir = paragi ngasah ragaji

koréd = paragi miceun jujukutan

kujang = pakarang urang Sunda

parang = paranti ngababad jukut dina galeng

sumpit = paranti ngala lauk, dijieunna tina tamiang

sundung = paragi ngawadahan juku

Tuesday, July 26, 2016

CARITA SUNDA : Asal Usul Pangandaran

CARITA PONDOK SUNDA : Asal Usul Pangandaran

PANGANDARAN, Nama ini sudah tidak asing lagi untuk kita yang tinggal Di daerah Pangandaran dan sekitarnya. Pangandaran ini dikenal sebagai tempat wisata yang sangat menarik dengan pantainya yang sangat indah, tidak hanya pantai, di  pangndaran juga terdapat kawasan cagar alam seluas 530 Hektar yang didalamnya terdapat Goa-Goa Alam yang terbentuk ratusan bahkan ribuan tahun yang lalu.
Nah Seperti Tempat-tempat pada umumnya, Pangandaran juga mempunyai Sejarah atau Asal Usul yang sangat menarik untuk diketahui.
Nah berikut ini adalah Asal Usul Pangandaran.
Asal Usul Pangandaran
Pangandaran
Desa Pananjung Pangandaran ini Pada awalnya dibuka dan ditempati oleh para nelayan dari suku sunda. Kenapa mereka lebih memilih pangandaran, karena menurut mereka di pangandran itu gelombang lautnya kecil yang dapat membantu memudahkan mereka untuk mencari ikan. Nah dipantai pangandaran ini terdapat sebuah daratan yang menjorok ke laut yang sekarang disebut Cagar Alam atau Hutan Lindung, Tanjung ini yang meghambat gelombang besar untuk sampai ke pantai. Disini lah para nelayan menjadikan tempat tersebut untuk menyimpan perahu/andar. Banyaknya para pendatang berdatangan ke tempat ini membuat tempat ini menjadi sebuah perkampungan  yang di sebut Pangandaran.

Nah Asal mula kata Pangandaran ini berasal dari 2 buah kata yaitu pangan yang artinya “Makanan” dan Daran yang artinya Pendatang. Jadi ke 2 kata tersebut bila disatukan menjadi Pangandaran yang artinya sumber makanan para pendatang.
Dan kenapa para sesepuh terdahulu memberi nama Desa Pananjung? Nah karena disamping daerah ini terdapat Tanjung juga terdapat tempat-tempat keramat. Kata pananjung juga memilki sebuah arti , dalam bahasa sunda Pananjung artinya Panganjung-nanjungna yang berarti paling “subur  atau paling makmur”.

Pada awalnya pananjung merupakan salah satu pusat kerajaan yang sejaman dengan kerajaan Galuh Pangauban yang berpusat di putrapinggan abad XIV M. Setelah munculnya kerajaan pajajaran di pakuan Bogor, Nama rajanya Perabu Anggalarang yang salah satunya masih keturunan Perabu Haur Kuning, Raja pertama dikerajaan Galuh Pagauban, Namun sangat disayangkan sekali Kerajaan Pananjung ini hancur diserang oleh para Bajak Laut (Bajo) dikarnakan dari pihak kerajaan tidak bersedia menjual hail bumi kepada mereka, Karena pada saat itu situasi rakyat di pananjung sedang dalam keadaan gagal panen (Paceklik).
Pada tahun 1922 pada zaman penjajahan Belanda oleh presiden priangan Y. Everen pananjung diajadikan taman baru pada saat melepaskan 1 ekor banteng jantan, 3 ekor sapi betina dan beberapa ekor rusa.
Krena Pananjung meiliki keanekaragaman satwa dan jenis-jenis tanaman langka, agar kelangsungan habitatnya maka pada tahunn1934mpananjung dijadikan suaka alam dan marga satwa dengan luas 530 Ha. Dan pada tahun 1961 setelah ditemukannya Bunga Raflesia Padam setatus berubah menjadi cagar alam.

Disamping meningkatnya hubungan masyarakat terhadap tempat Rekreasi maka pada tahun 1978 sebagian kawasan tersebut yang luasnya sekitar 37, 70 Ha dijadikan taman wisata. Dan pada tahun 1990 dikukuhkan pula kawasan perairan disekitarnya sebagai cagar alam (470,0 Ha), sehingga luas kawasan pelestarian alam seluruhnya menjadi 1000,0 Ha.
Dan juga perkembangan selanjutnya berdasarkan SK mentri kehutanan No. 104?KPTS-II?1993 pengusaha wisata TWA Pananjung Pangandaran diserahkan dari direktorat jendral perlindungan hutan dan pelestarian alam kepada perhutani dalam pengawasan perum perhutani unit III Jawa Barat, Kesatuan Pemangkuan Ciamis, bagi kemangkuan hutan pangandaran.
                                             

Monday, July 25, 2016

Cerita Sunda : Peucang jeung Monyet, jeung Cakcak

                                                               Peucang Jeung Monyet

Halodo meujeuhna entak-entakan. Jujukutan gararing, tatangkalan kari kalakay. Solokan jeung balong anu laluetik mah rea anu saat. Halodo ampir sataun atuh. Sakur sasatoan anu bumetah di Gunung Ganggong raripuh. Oray, bangkong, bajing, anu salila halodo nyirekem di liang anu baseuh tur jero, mimiti keseln jeung lapareun. Loba sasatoan ti bulan-bulan kamari keneh geus  mimiti usum ngijih. Tapir ea oge sato anu bertahan di Gunung Ganggong. Maranehna yakin, hujan sakeudeung deui bakal turun.

Sakadang peucang kaasup anu henteu galideur . Basa kuda, embe jeung kelenci ngajakan ngungsi, manehna gigideug. “Halodo the geus lila teuing. Maenya pangeran oge ngantep kasusah keur mahlukna. Kuring mah yakin hujan the moal lila deui, “cenah kitu alesanana the. Atuh sobat-sobatna the bisa kukumah deui, maranehanana indit ngabring subuh-subuh.

Tangtu wae boga pamadegan kitu the kudu diperjuangkeun ku sakadang peucang. Ampir unggal poe manehna aruk-asrukan neangan kadaharan tapi henteu saeutik oge aya jukut anu masih hejo, komo deui bungbuahan. Beuteungna geus murilit ti tadi keneh . Teu kahaja balikna mapay-mapay solokan garing. Naha atu handapeun solokan garing teh aya situ aya tangkal jambu anu sigana mah keur meujeuhna leubeut.

Sakadang peucang gancang tuturubun turun. Enya wae jambu anu titonggoh mah katempona laleutik teh gening meni keur meujeuhna arasak. Tapi disidik sidik teh geningan aya nu keur mangalakeun, gerentes peucang.

“Sampurasun, dulur. Geuning nuju ngersakeun ngdamelan jambu,”ceuk sakadang peucang adab naker.

“Sampurasun..sampurasun…rek menta jambu kituh !”tembal monyet bari runyah renyoh.

“Sumuhun kitu, ki sobat. Sugan gaduh katresna sakedik mah, simh kuring the hayang dialungan jambu dua siki mah.”

“Dular dulur sibut sobat…make ngaku baraya sagala ! Dewek mah teu boga dulur siga silaing. Hayng jambu mah naek atu !”

Sakadang peucang nyenghel seuri koneng. Beu cilaka kaya kieu mah, hararese geuning nyarita jeung makhluk teu gableg pucus mah, gerentesna.

“Upami naek mah apan ki sobat oge uninga sim kuring mah pauran. Cing atuh geura lung hiji mah, anu bareubeu ge teu sawios.”

Lamun teu bisa naek, tuh loba anu marurag, anu geus baruruk.”

Sakdang peucang ngahuleng. Gerentesna, dasar monyet makhluk teu gableg pucus, teu bisa dipidulur, teu bisa dilemesan. Sugan kudu ku cara garihal mangkluk teu boga cedo siga kieu mah.

“Hey, kunyuk ! Dasar mangkluk teu boga pucus ! Teu bisa diajak nyarita lemes, teu bisa dipidulur. Nyacapluk the précis urang gunung teu boga kanyaho. Moal mere oge atuh ngomong-ngomong anu lemes. Dasar kalakuan henteu berbudi, mahluk teu boga cedo, henteu gaul ! Dasar mahluk kelas handap !”

Sakadang monyet reuwaseun diesek-esek jeung dihina kitu. Tara aya anu wani nyebut kunyuk ka manehna. Komo deui ditambahan ku nyebut mahluk kelas handap. Teu antaparah deui belewer – belewer we sakadang peucang dibaledogan ku jambu. Sakdang peucang the dibaledogang ku jambu. Sakdang peucang anjleng-ajlengan bari ngahina, pokna the : “Gening ngan sakieu pamaledog si panjang leungeun the !! hanasa we ramo rangoas ari maledog siga nu ngusapan !”

Puguh we sakdang monyet beuki nafsu. Jambu mani murubut maledogan sakadang peucang. Aya eta oge hiji dua anu keuna, tapi ku sakadang peucang henteu dirasa. Sanggeus pangrasana jambu the loba anu murag, sakadang peucang gogorowokan :”Meunggeus ! meunggeus monyet budug ! Sakieu oge meujeuhna keur kuring mah. Sesana mah keur isuk we,” cenah bari cacamuilan dahar jambu. Sesana dibungkus ku daun tisuk dibawa balik.

Sakdang monyet molohok mata simeuteun. Sanggeus peucang henteu katempo deui kakara manehna sadar. Jadol teh katipo katipo tah ku si peucang, gerentesna. Tadina mah moal mere hiji-hiji acan, jadi mekelan bawaeun sagala.***

(Lina Herlina)

Cakcak



Ngaran kuring teh Cakim.

Ulah heran, lamun cek bangsa manusa mah eta ngaran teh kaasup goreng. Teu nanaon, kuring mah da lain bangsa manusa ieuh. Kuring mah saenyana bangsa cakcak.

Enya, cakcak!

Sarerea oge pasti apal ka bangsa cakcak mah. Meh aya di unggal imah, dina tembok jeung lalangitna. Dina tukangeun lomari jeung di para. Tingkarayap ning, jiga nu taya kapaur.

Hirup bangsa kuring teu weleh deukeut jeung bangsa manusa. Di mana aya manusa, di dinya pasti aya bangsa kuring. Najan enya hare-hare. Kuring-kuring, manusa-manusa.

Malah bangsa kuring mah nganuhunkeun pisan ka manusa teh. Sabab teu kudu hese cape, bangsa kuring bisa boga tempat matuh. Euweuh dina sajarahna bangsa cakcak nyieun imah. Enya, lin?

Tapi ketang aya kalana bangsa manusa oge ngamusuh ka bangsa cakcak, lantaran dianggap ngotoran imahna. Bangsa kuring dikepukan ku sapu, dimusnahkeun. Harianeun ari bangsa meong jeung toke, eta mah musuh gerot, da geuning maranehna mah beukieun bangsa kuring.

Asana, bangsa manusa mah jarang nu merhatikeun kahirupan bangsa kuring. Enya, keur naon atuh, nya? Ari kuring mah, daek teu daek, sok merhatikeun sagala rengkak paripolah manusa, utamana nu boga imah, sakulawargana. Teu rek kitu kumaha tuda, diembung-embung ge sok kadenge jeung katempo. Cicing dina lalangit atawa tembok tea, di luhur pasti awas ka nu di handap mah...

Kuring ayeuna cicing di imah panggedena di komplek ieu. Lobaan sabenerna mah nu cicing di dieu teh. Tapi kuring mah wanohna jeung Si Cakem. Manehna teh bebene kuring. Ari nu dicicingan ku kuring mah kulibak-kulibek dina lalangit kamer pembantu jeung rohangan makan...

Anyar ketang di dinya mah. Samemehna kuring jeung Si Cakem teh cicing di lalangit rohangan tengah. Ngan kusabab asa sok sering garandeng, ahirna mah pindah ka dieu. Enya ka rohangan makan jeung kamer pembantu...

Ngaran pembantuna teh Neng Titin. Umurna karek dua puluhan. Parawan keneh. Sakitu mah boga rupa. Enya, geulis cek ukuran bangsa manusa mah. Cacak mun lain jadi pembantu mah meureun tembong beuki geulis wae.

Manehna teh urang lembur, ngumbara ka kota. Gawe di dinya geus lila jigana mah... Da sainget kuring ti leuleutik, manehna teh geus aya di imah ieu...

Kapake meureun ku dununganana. Eta we da tara kadenge dicarekan atawa digeunggeureuhkeun. Ongkoh Neng Titin teh jalmana rapekan. Sagala panitah dunungan teu weleh dilaksanakeun kalayan hade.

Ari dunungan Neng Titin, nu boga ieu imah, terus-teras we kuring teu pati apal naon pagaweanana. Ngan nu eces mah manehna teh jalma beunghar...

Lalakina ngaranna teh Pa Bakri. Umurna aya lima puluh taunan. Awakna rada lintuh. Huluna botak. Ari pamajikanana Bu Endah, umurna sahandapeun Pa Bakri, ngan angger geus deukeut kana umur lima puluh taunan. Awakna lintuh teu katulungan, bayuhyuh...

Maranehna boga budak lalaki, geus rumaja, saluhureun Neng Titin. Deni ngaranna teh. Ayeuna, cenah manehna keur kuliah. Naon ari kuliah, kuring teu pati ngarti. Da di bangsa cakcak mah euweuh basa kuliah teh...

Salila kuring jeung Si Cakem hirup di dieu, kaayaan teh tengtrem. Euweuh nu aneh-aneh. Kahirupanana meh bisa disebut kitu-kitu wae. Neng Titin sok tembong hudang janari, tuluy kaprak-keprek masak bari beberesih.

Isuk-isuk kadaharan nu haraneut geus ngajagrag na meja makan. Nu boga imah ge mimiti salasarap. Kadang bareng, kadang sorangan-sorangan...

Pabeubeurang, mangsa di imah rada simpe, kuring sok turun tina lalangit jeung Si Cakem. Kitu lah tingkarayap kana tehel, tuluy naek kana meja makan. Neangan remeh keur ganjel-ganjel beuteung.

Kitu pagawean teh ari ceuli mah awas, mun kadenge aya sora manusa datang, kuring jeung Si Cakem sok buru-buru kabur. Untungna deuih di imah ieu mah euweuh ucing. Da mun aya mah meureun moal bisa turun tina lalangit. Nyiar dahareun ge meureun kapaksa ngadagoan reungit atawa rametuk nu datang... Kawilang alus we nasib teh...

Ngan dina hiji peuting mah bet aya kajadian nu aneh di kamer Neng Titin. Kira-kira tabuh sabelas, Pa Bakri rerencepan asup ka kamer eta. Kuting jeung Si Cakem nu keur ngadodoho reungit, puguh we rada heran...

"Rek nyinahaon Pa Bakri ka dieu?" cek kuring rada ngaharewos.

"Teuing atuh," tembal Si Cakem. "Cuang tempokeun we..."

Kuring jeung Si Cakem ngadedempes. Hayang apal kana pamaksudan Pa Bakri lain wayah kukulunuan ka kamer Neng Titin. Aya reungit pakngerengeng ka hareupeun ge diantep we...

"Moal kapendakeun ku Ibu kitu?" Kadenge sora Neng Titin halon.

"Moal da sarena oge jiga bangke Si Ibu mah..." Cek Pa Bakri.

"Lah, abdi mah sieun, Pa..." cek Neng Titin deui.

"Sieun naon? Bapa nu tanggung jawab aya naon-naonna mah..."

"Leres?"

"Enya. Gowat atuh!" Pa Bakri jiga nu teu sabar.

Najan lampu di jero kamer dipareuman, tapi da kaciri reyem-reyem tina cahaya lampu nu norobos loster ti rohangan makan. Neng Titin ngudar bajuna. Kitu deui Pa Bakri. Geus kitu mah...

"Nyinaraon nya eta kikituan?" Cek kuring ka Si Cakem. Da saumur hirup ge asa kakara nempo jalma papuket kitu mah.

"Nyao, kami mah teu apal..." Cek Si Cakem.

Antukna kuring jeung Si Cakem ngalalajoan kalakuan Pa Bakri jeung Neng Titin nepika lekasanana. Kitu teh bari teu ngarti nanaonan maranehna teh.

"Kem..." cek kuring ka Si Cakem.

"Hem. Aya naon, Kang?"

"Cuang nyumput ka tukangeun lomari, yu!"

"Ey, rek nanaonan?"

"Ah, nya wang nyumput we..." cek kuring bari tuluy ngudag Si Cakem.

Si Cakem lumpat ka tukangeun lomari. Ari geus di dinya mah Si Cakem teh pasrah dikumaha-kumaha ku kuring ge.

"Oh, meureun Pa Bakri jeung Neng Titin ge kawa urang kikieuan, nya?" Cek Si Cakem.

"Enya meureun..." Cek kuring karek kapikir. "Tapi kitu nya ari bangsa jalma mah? Bari lila dih, teu boga kacape..."

Si Cakem ngagitek-gitekeun buntutna. Ogoan di dituna mah. Ck, ck, ck, ck, cenah...

Nu mimitina asa aneh, ari remen nyaksian mah jadi biasa deui. Pa Bakri jadi remen pisan peuting-peuting rerencepan asup ka kamer Neng Titin. Katempona Neng Titinna oge jiga nu ngadagoan. Geus asup mah terus we galungan. Rengsena; kalayan culang-cileung Pa Bakri ninggalkeun kamer Neng Titin...

Ngan ketang, hiji peuting mah aya kajadian nu aneh deui. Sabot Pa Bakri galungan jeung Neng Titin, panto kamerna aya nu ngetrokan. Pa Bakri buru-buru nyumput ka handapeun dipan. Pakeanana nu ngalumbuk dina tehel ge dibetot dibawa ka handapeun dipan.

Kuring jeung Si Cakem rada olohok. Teu pati ngarti naha Pa Bakri kitu peta.

Geus kitu Neng Titin nu geus dibaju deui nyampeurkeun panto kamerna.

"Saha?" Cek manehna.

"Kuring, Tin..." sora Si Deni ning, anakna Pa Bakri.

Bray panto kamer dibuka. Deni tuluy asup ka jero.

"Aya naon, A?" cek Neng Titin.

"Sssttt!" Cek Si Deni bari ngaragamang kana cangkeng Neng Titin.

Euh, geuning bapa jeung anak teh sarua wae kalakuanana teh. Ngoromeoh pembantu. Kuring jeung Si Cakem mah bati gogodeg. Kitu geuning ari kalakuan bangsa manusa. Bapa jeung anak titeuleum kana jungkrang nu sarua... Tuh, tuh, da tuluy galungan deui wae, jiga jeung Pa Bakri. Salila Si Deni galungan jeung Neng Titin, Pa Bakri mah meureun ngahephep handapeun dipan.

Si Cakem nereleng kana tembok, ka handap ngadeukeutan dipan. Kuring nuturkeun. Cle Si Cakem kana tehel. Kuring ngarandeg, ngawaskeun... na rek naon manehna teh? Katempo Si Cakem lumpat, tuluy... naek kana beuteung Pa Bakri. Atuh Pa Bakri reuwaseun. Manehna ngagurubuk bari ngagoak.

"Uaduh...!!!" Cenah.

Atuh Si Deni nu keur galungan jeung Neng Titin ge ngagurubug. Reuwaseun aya jalma ngagoak handapeun dipan. Manehna gentak ngajewang samping, rap dipake. Tuluy manehna dongko nempo kana handapeun dipan.

Breh katempoeun aya bapana...

"Bapa nyinaon di dinya?" cek Si Deni.

"Maneh nyinaon los-los ka dieu?" Pa Bakri kalah malik nanya.

Si Deni ngabetem. Pa Bakri ngabetem.

Kuring nyikikik. Ck, ck, ck, ck, ck!!! Muji kana kajahilan Si Cakem. Ngadon ngareureuwas Pa Bakri.
Dicutat tina : http://sunda.garutkab.go.id/

CARITA PONDOK SUNDA JAWA BARAT : Di Gusuran Jurig

Ku Ki Umbara
                                                               Di Gusaran Jurig
Ari batur mah cenah asa boga hutang tèh mun kaliwat solat, kuring mah lain, nyaèta… mun aya lalajoaneun teu lalajo. Teuing atuh, da mun ngadèngè sora goong tèh ceuli ngadak-ngadak rancung, suku ngadak-ngadak garètèk. Keur digawè ogè teu welèh èlèkèsèkèng. Lain ka nu deukeut-deukeut baè, malah ka nu jauh ogè ari ngadèngè bèja mah tara teu mangkat. Mun teu mangkat tèh nyaèta asa boga hutang. Lain babasan. Poèk dibèlaan ooboran, hujan dibèlaan papayungan tèh, jeung tara gumantung ka batur deuih, batur mah rèk indit rèk henteu tara jadi sual, asal awak waras duit boga … Ah, indit baè sorangan ogè!
Lain sakali dua kali, tampolana keur gering ogè kuring mah ari ngadèngè sora goong tèh sok ngadak-ngadak cageur.
Teu anèh mun kuring disarebut lulutu. Tapi kuring ogè tara ambek da enya.
Kawasna kuring resep lalajo tèh, lalajo wayang atawa pèsta, turunan ti Aki, aki ti Bapa. Da èta baè kuring kungsi ngadèngè bapa nyarita ka Ema,”Enya, aya budak resep-resep teuing lalajo. Turun ka manèhna meureun karesep akina tèh!” Bèjana Aki mah jenatna komo, lian ti resep lalajo tèh, resep ngibing, resep … mabok!”
Simana deuih cenah Aki mah anu punjul tèh. Ceuk Bapa, “Sakumaha jagoan jeung bulubudna jelema, tara teu kokoplokan dipuncerengan ku aki manèh mah. Teuing ngaji naon!”
Kaharti mun Bapa teu terangeun “cecepengan” Aki tèh, da Bapa mah ku Aki dipasantrènkeun ti bubudak.
“Keur mah Bapa ngabulubud, leuleugeur atuh manèh mah teu jadi kiai ogè, ngarti-ngarti kana agama!” ceuk Aki ka Bapa basa miwarang masantrèn.
Aki tèh teu damangna lila pisan, nepi ka pupus aya tilu taunna. Dina sakitu lilana, ngan kuring anu langka absèn ngemitan ari peuting tèh. Anak jeung incu-incu nu sèjènna mah teu cara kuring, ngaremitanana tèh ngan ari katingal rèpot baè.
Mun panyawatna keur aso, Aki sok ngagelendut ngadongèngkeun pangalamanana. Resep ngadèngè dongèng Aki mah, pitunduheun ogè sok ngadak-ngadak leungit. Teu cara ngadèngèkeun dongèng Nini, ngan raja-jeung raja, ngan putri jeung putri baè, jeung sok tuluy ditungtungan ku papatah deuih, matak bosen jeung matak ngajak heuay. Nu didongèngkeun ku Aki mah kabèh ogè pangalamanana. Kayaning basa gelut jeung bagong, gelut jeung bègal, dikoroyok ku limaan alatan parebut … ronggèng. Nyaritakeun resep ngibing, pokna, “Mun Aki keur ngèjèr ngigel, kabèh nu gareulis nareuteup ka Aki, marèntah diajak … imut!”
Geus lima taun Aki tèh pupusna. 
Bada isa bulan kolot. Di langit teu aya bulan. Pihujaneun ngagarayot. Gang-ging-gungna sora goong, di Dèsa Sèdaraja, geus kadèngè hawar-hawar kabawa angin ririh. Suku geus kekejetan, hayang jung hayang jung geura indit. Tapi Bapa can sumping kènèh baè ti masigit, teuing tuluy ka mana. Ari rèk indit baè, karunya Ema sorangan keueungeun. Babaturan tangtuna ogè geus birat marangkat. Kacipta nu baroga kabogoh, ngariringkeun kabogohna. Kuring geus teu ngeunah cicing …
Kurutak Bapa sumping. Lakadalah, ceuk hatè.
“Tuluy ka mana Bapa tèh?” ceuk Ema bari mangnyampaykeun sajadah dina parantina.
“Nyèta tuluy ngalongok Ki Arma ngadadak gering payah.”
Ki Arma tèh incu Aki kènèh,anak Bibi. Saenyana dulur kuring tèh ngan kari èta-ètana, da lanceuk jeung adi-adina mah geus maraot, malah bibi jeung paman ogè geus teu araya di kieuna. Ari kuring puguh budak nunggal, teu lanceuk teu adi.
“Kumaha ayeuna?” Ema nanya deui.
“Rada aso basa ditinggalkeun mah …Pèsta di mana tatèh, bangun ramè-ramè teuing?” Bapa nanya ka kuring.
“Wartosna mah pèsta bujang di Sèdaraja.”
“Geuning teu lalajo?”
“Ngantosan Bapa.”
“Da Bapa mah moal lalajo.”
“Ema keueungeun nyalira.”
“Euh, sugan tèh …” pokna deui bari brek calik dina korsi. “Diuk heula di dinya, Bapa boga picaritaeun!”
Beu, peuting teuing atuh, ceuk hatè. Brek kuring diuk dina panuduhanana.
“Barèto kira-kira genep bulan sadugna aki manèh pupus, Bapa keur nagog di sisi balong. Teu kanyahoan ti mana jolna , gigireun geus aya lalaki kereng pikasieuneun. Manèhna nyarita kieu, “Kaula tèh jauh ti Karawang.”
“Di mana Karawangna?” ceuk Bapa.
“Moal disebutkeun,” tèmbalna, “Da teu kabèh jelema terang lebah-lebahna, ari teu kawènèhan-kawènèhan teuing mah. Ngan bapa andika di antarana nu geus terangeun tèh.”
“Jenatna Aki barudak?” ceuk Bapa.
“Enya. Malah pangna ayeuna kaula ka dieu ogè rèk ngala barang nu baheula diinjeum ku inyana.”
“Barang naon?” Da kula mah teu kapasrahan.”
“Bener teu kapasrahan?” omongna bari merong.
Sanggeus Bapa sumsumpahan, èta jelema ngati-ngati, pokna, “Mun andika bohong, rasakeun ulah sambat kaniaya!” Les manèhna ngiles, teu puguh ka mana ngalèosna.
Bapa lila ngaheneng.
“Ari tadi sareupna waktu Ki Angga balik ti sawah, cenah manèhna papanggih jeung jelema makè pakèan sarwa hideung, nananyakeun incu Aki Jaya, basana rèk diala. Ari Aki Jaya tèh kapan aki manèh. Matak ulah lalajo peuting ieu mah, sieun, bisi enya.”
Meg asa ditonjok angen. Kuring mah kajeun dicarèk dahar saminggu batan dicarèk lalajo mah. Da kaharti Bapa tèh nyingsieunan. Tapi lain gè incu Aki, ari mundur ku disingsieunan mah.
Waktu Bapa asup ka pangkèng kuring ngojèngkang kaluar bari ngarawèl batrè anu digantungkeun dina bilik. Mangkat lalajo.
Babaturan geus teu aya sapotong-sapotong acan, kabèh geus naringgalkeun.
Poèk, poèk lètèk. Jeung pras-pris deuih.
Samping dibebentingkeun, baju diparèt dikancingkeun, totopong diteregoskeun. Gidig leumpang ngagidig. Geus jauh ti lembur mah teu poèk teuing, rada ogè remeng-remeng. Goak…. Beluk sataker kebek.
Pohara atohna, katingal remeng-remeng di hareup aya nu ngarungkug ka ditukeun. Nyay disorot ku batrè. Jauh kènèh. Kuring gogorowokan mènta didagoan, tapi teu aya nu nèmbalan jeung terus baè laleumpang. Bari ceuceuleuweungan beluk leumpang beuki digancangan, hayang geura-geura nyusul. Beuki deukeut beuki deukeut. Jep kuring eureun tetembangan, lantaran kadèngè hawar-hawar  sora nu jejeritan mènta tulung. Bari nyorotkeun batrè terus, derengdeng kuring lumpat. Geus deukeut pisan katingal dina caangna cahaya batrè, jelema duaan marakè pakèan hideung ngabèbètèng nu teterejelan jeung jejeritan tulung-tulungan. Teu sak deui nu keur di bèbètèng tèh … Ki Arma dulur misan kuring. Pudigdig kuring ambek. Nyay-nyay batrè ngacongan bengeut-beungeut nu ngabèbètèngna. Masya Alloh …. Barosongot, halisna karandel, panonna balèèr beureum. Pada-pada nyarekel pepentung. Katingal Ki Arma dibakutet ku rantè anu tingbaranyay hèrang, Bareng jeung bregna hujan, kuring narajang … Habek pepentung kana sirah …leng kapoèkan. Teuing sabaraha lilana teu inget tèh. Inget-inget awak ngahodhod, pakèan rancucut. Hujan geus raat, di langit bèntang ancal-ancalan, malah bulan ogè geus tèmbong ngelemeng sagedè sisir. Sirah karasa lieur, tapi kuring maksakeun balik sasat ngorondang ….
Nepi ka imah kuring ema-emaan, mènta dilaan tulak. Kulutrak tulak dibuka, bray panto muka. Lain Ema nu muka tèh, tapi anak tatangga—Nyi Enèh.
“Geuning Nyai, ari Ema ka mana?” ceuk kuring ka Nyi Enèh. Geus biasa pisan mun Ema jeung Bapa angkat wengi sarta kuring teu aya di imah, Nyi Enèh tèh sok kapeto nungguan.
“Tadi aya nu nyusulan cenah, … Ki Arma maot!”
Leng…leng… golèdag kuring meubeutkeun manèh kana tempat sarè. Sirah lenglengan, titinggalan kararonèng.
Ti harita kuring teu hudang deui, terus gering. Beurang peuting ditarungguan. Ema teu eureun-eureun nangis. Bapa katingalna nguyung pisan. Mun peuting taya kendatna ku nu ngaraos. Nu ngalandongan mah ngalandongan, ngesèh unggal Jumaah, tapi…
Inget kènèh harita tèh bada isa, nu ngaraos rèang kènèh. Torojol-torojol … gulang-gulang duaan marakè sing sarwa hideung. Nu saurang ngajingjing rantè munggah babaranyayan bodas, nu saurang deui nyekel pepentung. Ningal beungeut-beungeutna, ras kuring inget ka nu ngabarèbètèng Ki Arma barèto. Bari teu ngomong sakemèk, reketek leungeun kuring dibakèkèng. Kuring adug-adugan jeung jejeritan ogè teu dipalirè. Geredeg digusur ka luar. Kadèngè Ema aluk-alukan, nu sèjèn rèang maridangdam.
Di buruan nyampak kuda belang sadua-dua. Kuring ditaèkkeun ka nu hiji. Sala saurang gulang-gulang tèa mancal kana kuda nu ditumpakan ku kuring, diuk tukangeun,. Nu saurang deui nyorangan. Kuda digaredig … ditegarkeun. Cijoho, Cilimus, mèngkol ka Sumber, Paselaran, Palimanan …. Bray beurang tèh geus nepi ka Kadipatèn. Anèhna najan kuring tulung-tulungan sapanjang jalan, kabèh jelema anu kaliwatan saurang ogè teu aya nu mirosèa, arongkoh-ongkoh baè. Ti Kadipatèn terus ka Nyalindung. Liwat kota Sumedang. Mèngkol ka katuhu mapay jalan dèsa, bras ka Subang. Ti Subang ka Kalijati, Cikampèk, Dawuan, Karawang … gampleng kuring diteunggeul sirah satakerna. Lengngng…teu  inget di bumi alam.
Inget-inget geus dirariung ku jelema-jelema anu teu warawuh. Ningal beungeut-beungeutna, bangun anu careuceubeun ka kuring tèh. Di antarana aya anu geus kolot pisan. Awakna kuru kawas rorongkong jeung tina palebah cungcurunganana terus-terusan merebey getih.
Ana gerem tèh nu gigireunana ngagerem, peresis sora maung, “Silaing tèh bener incu Aki Jaya?”
“Bener!” tèmbal kuring, males teugeug.
“Nyaho ka Nyi Sarni?”
“Nyaho, bibi kami, tapi geus maot!”
“Nyaho ka Ki Nata?”
“Nyaho, salaki Bibi Sarni, ogè geus maot!”
“Nyaho ka Sarmun, ka Si Asman, ka Si Marni, ka Si Arma?”
“Nyaho, kabèh anak Bibi Sarni jeung Mang Nata. Kabèh geus maraot.”
“Kabèh digusuran ka dieu!”
“Hah?”
“Bongan Aki manèh, Aki Jaya teu nohonan jangjina.”
Na jangji naon aki kami tèh?”
“Ayeuna ogè  manèh digusur ka dieu,”  manèhna teu mirosè pertanyaan kuring. “Moal dipulangkeun deui, mun manèh cara dulur-dulur,  bibi jeung paman manèh teu  bisa nuduhkeun di mana disumputkeunana barang nu dijangjikeun ku Aki manèh rèk dipulangkeun ka bapa kami.”
“Naon barangna tèh?”
Sakali deui manèhna teu mirosèa pertanyaan kuring, kalah ka pokna, “ Baheula, aki manèh meredih ka kokolot kami di dieu, sangkan dibèrè jimat anu maunatna matak dipikagigis ku sasama. Nya dibèrè kalawan perjangjian. Kahiji, anak incuna teu beunang dipasantrènkeun. Kadua, Sanggeus aki manèh maot, èta barang kudu dipulangkeun.”
“Naon sababna anak incuna teu beunang dipasantrènkeun?”
“Lantaran nu ngigama mah moal bisa digusur ka dieu, saperti Bapa jeung indung manèh. Untung nu sèjèn-sèjèn mah teu ngarigama, manèh ogè henteu.”
Mèmang Bibi Sarni, Mang nata jeung anak-anakna tèh henteu ngarigama pisan. Nya kitu deui kuring. Kakara kuring ngarasa hanjakal. Meureun mun kuring barèto daèk mah dipasantrènkeun ku Bapa, ayeuna tèh moal kasarad kieu.
“Ayeuna aki manèh geus maot, geus aya lima taunna. Tapi èta barang tèh lain dipulangkeun, malah disumputkeun. Ayeuna kami rèk nanya, di mana èta barang disumputkeunana? Mun manèh teu bisa nuduhkeun, sirah manèh baris dipakè tatapakan di dieu, cara bibi, paman, jeung dulur-dulur manèh.”
“Enya, naon atuh barangna tèh?”
“Tuh tènjo!” bari nunjuk ka aki-aki  nu kawas rorongkong tèa. “Geus mangtaun-taun bapa kami disiksa, diteukteuk tungtung cungcurunganana ku kokolot. Paneukteukanana dibikeun ka aki manèh dijadikeun jimat tèa. Ayeuna èta kokolot nu telenges tèh geus diganyang ku kami sarèrèa, ku rahayatna. Pok sebutkeun, di mana disumputkeunana èta barang ku Aki manèh?!
Leng kuring nginget-nginget …. Tapi asa taca kungsi nènjo Aki kagungan jimat nu kitu. Cenah tungtung cungcurungan, boa-boa … tungtung cungcurungan-cungcurungan kitu mah … buntu. Ras kuring inget, mèmèh pupus tèh Aki maparin iteuk ka kuring. Saurna, “Sumputkeun sing buni!”
“Teu nyaho ari nu kitu mah,” tèmbal kuring, “Aya sotèh nu dipiwarang disumputkeun tèh … iteuk.”
“Iteuk naon?”
“Waregu.”
”Kumaha rupana?”
“Lorèng-lorèng kawas buntut maung.”
”Enya, èta!” omongna giak pisan. Nu sèjèn caruringhak. Komo si aki mah. “Di mana ayeuna?”
“Di imah, diselapkeun di jero bilik.”
Gancangna èta jelema nyalukan gulang-gulang nu nyarulik kuring. Maranèhna dititah mulangkeun kuring bari nyokot iteuk tèa.
Kuring ditaèkkeun deui kana kuda cara tadi basa dibawa ti imah. Berengbeng-berengbeng kuda dilumpatkeun …
Nepi ka imah kasampak waruga kuring geus digojodkeun nyanghulu ngalèr, bari pada nyaleungceurikan.
“Itu iteuk waregu jeroeun bilik pangnyandakkeun, alungkeun kaluar ka nu poèk!” ceuk uring bari nunjuk. Puguh baè rèa nu tibuburanjat, malah teu saeutik anu alumpatan sarieuneun.
“Hirup deui! Hirup deui! Allohu Akbar!” Kolot-kolot mani rècok.
Uwa marebot ngojèngkang, ngadudut  iteuk tina jero bilik, sakumaha panuduhan kuring. Tuluy dibawa kaluar, dialungkeun.
“Aya nu nyanggap ti nu poèk!”  omongna ka nu araya.
Ayeuna kuring jadi wekel solat, da sieun kasarad deui.
Di cutat tina : https://bujanggamanik.wordpress.com/2009/04/10/608/#more-608

Tina Jurig Gedong Sètan, Karya Ki Umbara