Wednesday, July 20, 2016

CARPON SUNDA : Sasakala Gunung Gajah jeung Situ Bagendit

Sasakala Gunung Gajah
Gunung Gajah téh nyaéta hiji Perkebunan Karét nu aya di Désa Depok Kacamatan Cisompét Kawadanaan Pameungpeuk Kabupatén Garut. Di kaléreun éta perkebunan aya hiji pasir. Nu dina pasir éta aya hiji batu gedé nu mangrupa Gajah. Batu Gajah téh dibeulitan' ku areuy-areuy kasungka anu galedé dina bagian beuteungna, nepi ka éta batu téh teu tiguling tins gawima nu nangtawing. Ku masyarakat Depok baheula. Di jaman masih "Berswadesi" marelak kapas jeung narinunna ku sorangan, batu Gunung Gajah dipaké panayogéan atawa cicirén. Lamun Batu Gajah téa katémbong bodas, panén kapasna bakal mucekil. Tapi lamun katémbong hawuk sarta beeus, pasti kapasna bakal moal nyugemakeun. Hal éta jadi cecekelan kapercayaan pikeun masyarakat Dépok jaman harita. Naon sababna éta tempat disebut Gunung Gajah? Kieu sasakalana.



Carék ujaring carita.



Jaman baheula nalika kasultanan Cirebon keur meujeuhna kamashur jeung kakoncara ka mancanagara dina kakawasaanana, anu jumeneng sultanna jenengan Sultan Girilaya. Anjeunna kagungan gajah anu mangpirang-pirang, nyaéta tawis soca ti sobat-sobatna, sultan-sultan ti Pulo Sumatra.


Diantara gajah-gajahna, aya hiji gajah jalu anu keur meujeuhna sumedeng begér, nafsuna teu kabendung, arwahna, teu kabudalkeun. Sabah aya ogé gajah-gajah bikang keur rareuneuh. Ku kituna éta gajah téh ngamuk nguwak-ngawik. Naon waé nu kapanggih dibinasakeun, éstuning teu aya nu. manggapulia.


Atuh Sultan téh pohara éwédna. Badé dipaéhan ngarasa nyaah, diantep was terus-terusan ngaruksak. Anjeunna lebet ka patepenan lajeng was didinya mujaswedi mundut ilapat ti nu kawasa supados énggal dijait tina katunggaraan.

Dina hiji wengi.

Anjeunna ngimpén kasumpingan aki-aki nu jénggotna panjang pisan sarta di daster jeung di jubah bodas. Pok sasauran.


"Hé Putu Eyang! Maksud putu ku éyang kaharti pisan. Anjeun geura néangan putri nu ngaranna Sri Kawali nu ayana di laut pakidulan."


Sultan ngahuleng heula ngémutan impénan jeung naséhat éta. Salajengna anjeunna musyawarah sareng para Panaséhatna. Saparantos putus musyawarah, teras ngintunkeun utusan milari nu jenengan Sri Kawali téa.

Teu kacatur dijalanna jeung sabaraha lilana.


Kacaritakeun utusan géus datang deui ka Cirebon bari ngiringkeun hiji istri nu katémbongna alim pisan. Terus ngadeuheus ka kanjeng Sri Sultan. Salajengna Sultan téa marios ka Sri Kawali sanggem henteuna naklukkeun gajah. Sri Kawali nyanggupan kana nu dikapalay ku Sultan téa.

Isukna, wanci haneut moyan.

Sri Kawali diiring ku gegedén-gegedén ka tempat nu disebut "pagajahan", nyaéta tempat neundeun gajah-gajah piaraan sultan. Gegedén-gegedén mah taya nu wanieun ngadeukeutan ka Pagajahan téh, sabab sieun diamuk ku gajah édan téa. Ngan ari Sri Kawali sorangan nu wanian téh.


Naa... ari gurudug téh gajah jalu lumpat bari sorana nyengék tarik pisan ngudag jelema nu wani-wani ngulampreng ka tempat si gajah édan téa. Barang géus deukeut gajah, Sri Kawali ngébutkeun karémbong sutra wilisna, nu dianggo ku anjeunna.


Naa... éta, mah pohara ajaibna!


Si gajah nu ngadurugdug lumpat sataker kebek téh katémbong leuleus lungsé taya, tangan pangawasa. Terus ku Sri Kawali tungtung tulaléna ditalian ku karémbong téa sarta ditungtun. Ari gajah jadi pohara lindeukna nurut dibawa ka mana-mana ogé. Atuh nu lalajo ger waé surak mani ambal-ambalan bakating ku saruka bungahna. Sri Kawali diiring ka Karaton bari nungtun gajah.


Sadatangna, ka Karaton, gajahna, dicangcang dina pager beusi di luar Karaton. Anjeunna teras ngadeuheus ka Sri Sultan. Sri Sultan pohara bingaheunana. Terus Sri Kawali diganjar ku emas inten sareng anggoan-anggoan. Gajahna dipasihkeun ku Sultan ka Sri Kawali supaya dicandak ka lemburna. Sri Kawali tunggang gajah teras mulih ka bali géusan ngajadi.

Teu kacatur dijalanna.

Kocap geus nepi ka hiji tempat nu géus deukeut ka lemburna. Si gajah téh ujug-ujug lulunjuk ngadat embung maju. Rikat Sri Kawali ngajenggong nyéntok ceuli gajah, nepi ka si gajah téa daékeun maju deui. Si gajah téa di dinya gegerejret nepi ka késangna nyakclakan siga Cikaracak. Gancang awakna dikarut ku karémbong da bisi lésot deui.

Terus maju nonggoh rék ngajugjug pasir.

Tulaléna ulang-ulangan, awakna moyég. Atuh terus waé dicangkalak ku karémbong téa. Nelah nepi ka ayeuna éta tempat disebut "Citangkalak". Barang nepi ka hiji tempat nu datar. Teuing atoheun teuing capéeun, si gajah disada sataker tanaga. Tapi anéh! Sakaluarna sora, bijil seungit tina tulaléna, tug nepi ka ayeuna jadi ngaran lembur "Sadawangi".


Gajah téa dibawa ka hiji pasir teu jauh ti Sadawangi, terus waé diborogol ku karémbongna da bisi ngamuk deui. Lila-lila robah jadi batu nu mangrupa gajah dikarut ku areuy kasungka tug nepi ka kiwari disebut "Batu Gajah", sarta pasirna nelah "Gunung Gajah".


Ari Sri Kawalina tetep tumetep di Kampung Pangligaran Désa Depok tug nepi mulih ka jati mulang ka asal. Ari kuburannana ayana di kuloneun Balé Désa Depok. Tapi anu katelah "Sembah Gajah" mah lain Sri Kawali, tapi carogéna.


Warisannana nyaéta mangrupa kitab nu ditulis ku leungeun dina basa Jawa buhun. Anu eusina rupa-rupa élmu pikeun naklukeun sato-sato garalak, saperti maung, gajah, banténg jeung salian ti éta.


Sasakala Situ Bagendit
Jaman baheula, aya awéwé anu kacida bengharna. Rajakayana bru di juru bro di panto, ngalayah ditengah imah. Hanjakal meditna teu katulungan. Ku urang lembur, éta awéwé téh katelah nyi Endit, ku medit-meditna.

Pagawéan Nyi Endit téh sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa leungit. Rajakayana unggul waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan di paké. Ari sababna, sagala lébar, sagala nyaah. Tong boro dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké ku dirisorangan gé kahayangnamah ulah.

Hiji mangsa, datang aki-aki anu siga langlayeuseun. Eta aki-aki téh pok nyarita ka Nyi Endit, “Nyai, nyuhunkeun sih piwelas. Aki geus sababaraha poé geus teu kararaban sangu”.

Ngadéngé lumengisna aki-aki, keur Nyi Endit mah lain matak timbul rasa karunya, tapi kalah malik ambék. Aki-aki téh diusir sapajodogan.
Isukna, éta aki-aki téh geus jol deui, bari ngélingan Nyi Endit sangkan daék tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Tapi haté Nyi Endit angger ngabatu. Sakali deui éta aki-aki nu pikarunyaeun téh diusir sapajodogan.

Katilu kalina, aki-aki datang deui. Ayeuna mah ku Nyi Endit téh teu ditungguan lila-lila aya diburuan imahna, langsung diusir. Aki-aki téh carindakdak bakat ku nalangsa. Ceb nanceb iteukna diburuan imah Nyi Endit, tuluy ngaléos indit teuing ka mana.

Boro-boro jalmana, dalah iteukna gé keur Nyi Endit mah matak ngaganggu. Ngan ceg baé éta iteuk téh dicekel tuluy dicabut. Tapi kacida ngarénjagna manéhna, basa ningali tina urut iteuk nanceb téh ngaburial cai gedé pisan. Nyi Endit undur-unduran.

Beuki lila cai nu ngaburial téh beuki ngagulidag sarta beuki gedé. Malah antukna ngeueum sakur nu aya didinya. Mimitina semet mumuncangan, naék kana tuur, ngeueum dada, sarta tuluy laput sirah. Nyi Endit teu sempet nyalametkeun dirina jeung rajakayana anu ngagunung. Kabéh kakeueum, sarta urutna jadi situ anu kacida legana. Eta situkatelah jadi Situ Bagendit, dicokot tina ngaran Nyi Endit.

Béjana aki-aki anu pikarunyaeun téh malaikat anu nyamur.
Dicutat Tina : Sundagarut.kab.go.id

No comments:

Post a Comment