Sunday, September 11, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : LALAJO LUMBA-LUMBA

LALAJO LUMBA-LUMBA

Keur pere semester ka hiji, kuring keur ulin di dulur nu kabeuneuran aya di Bandung, bari sakalian ningali aya pintonan lumba-lumba. Tempat ningali na ayana di lapangan Tugu Bandung Lautan api, Tegallega.
Ningali lumba-lumba teh henteu teh henteu poe minggu. Poe minggu mah sok loba pisan nu ningali. Abdi mah lalajo teh poe senen. Indit ti imah teh isuk-isuk. Leumpang wae sorangan da kabeneuran teu pati jauh. Satengah jam oge neupi , meuli we karcis ka loket tempat mayarna.
   Geus asup ka jero, pas nempo teh lain barudak hungkul nu ningali teh tapi loba oge bapak-bapak jeung ibu-ibu nu ningali. Meuni keseul ngadagoan pintonan dibuka, jam sapuluh dibuka na teh. Hadena bae isuk-isuk mah henteu panas. Hateupna tina seng. Mun ti beurang mah ceunah sok panas pisan.
Mani atoh teh barang pintonan mimiti di buka, mani reseup. Mimitina anu di paenkeun teh anjing laut sina luluncatan, sina ulin bal, sina dadangsaan. Lucu pisan, anjing laut teh bisa ngitung. Harita aya nu lalajo nulis dina bor leutik genap di tambah genap sama dengan anjing laut teh ngagoyongkeun bel. Mimitimah salah. Kadua kali na salah keneh. Katilu kali na mah bener dua belas kali ngagoyangkeun bel na teh. Sasabaraha kali di coba ngitung. Duka kumaha beut bisaeun tapi nu pinteur ngitung mah ngan hiji, anjing laut laut nu hiji deui mah bodo keneh.
       Beres anjing laut, tuluy aya lutung leutik, aya biruang deuih, lalucu kabeh oge, tapi ari nu lucu pisan mah lumba-lumba. Aya dua lumba-lumba teh, jeung galede deuih, ngareueum dina babalongan nu ngahaja meunang nyieun.
mimitina dialungkeun bal gede ku pelatihna. Ana jelebet teh bal ngacleng tarik naker ka palebah panonton, atuh ger surak. Lumba-lumba teh ting siriwik ulin bal dina jero balong. Sakapeung bal na di apungkeun deui ka palebah panonton. Ger deui sarurak.
        Cara anjing laut tadi, lumba-lumba oge pinter ngitung. tapi nu hiji deui mah kawasna diajar keneh, bor leutik nu aya tulisan dalapan di tambah dalapan di tembongkeun ka lumba-lumba, kawas nu ngarti, lumba-lumba teh tuluy mencet bel ku bangusna, cara tadi anjing laut, mimitinamah ngitungna salah. Lila-lila mah bener. Ari ngitung na bener mah panonton na surak.
Aya pa badut, tinggalajebur kana balong. Keukeureuleupan rek ti teuleum. Tangtuna oge pura-pura hungkul. Tapi lucu, lumba-lumba nu duaan teh tuluy nyalampeurkeun, narulungan pa badut tea.
Aya buleudan tina besi di buleun ku lamak, tuluy di duruk tepi ka hurung. Lumba-lumba teh peligenti ngajleungan buleudan nu hurung tea. Mani paur, inggis kaduruk, karunya! hadena salamet.
         Nu lucu pisan mah basa lutung leutik tumpak paparahuan disurung ku lumba-lumba. Sato nu heman geningngan lumba-lumba teh.
Palatih nuntun nu lalajo duaan ka sisi balong, sina dicium ku lumba-lumba. Nu saurang mah muringis kawas sieuneun, lucu buda teh pipina di cium ku lumba-lumba teh.
Sanggeus tamat pintonan , panonton surak. Tuluy baralik, dilawang luar, barudak sakola mah dibagi jidar hiji ewang jidar iklan da aya tulisanna.
balik teh  kana beca ayeunamah dalieur. Gues beurang ongkoh. mahal becena oge. pasti dimahalkeun ku tukang becana teh. Boa di sangkana manan lajo lumba-lumba oge loba duitna padahal mah teu kitu.  Resep lalajo sasatoan baria maen teh, tapi duka karunya duka kunaon.

Sunday, August 28, 2016

CARITA PONDOK SUNDA ANYAR : INDONESIA KU JAMAN KIWARI

  CARITA INDONESIA KU JAMAN KIWARI

Bari diuk ngalamun, deket terlas jeung udud rokok Mang Ambas ngelepus kuring gek diuk gigirin maneh na, "Mang, niis teh nyalira wae, jaba bari ngalamun deuih, kuring ngomong ka Mang Ambas". Eh jang Mumu, deui jang, weuh batur amang ni kareseul geus solat isya, weuh pagawean deui, bari muka carita. Mang atuh ulah di durukan wae rokok teh geus apal rokok aya rek mahal hayoh di duruk wae,kuring banyol ka Mang Amas. Enya Jang, tapi da kumaha geus nyandu mah hese ereuna ningan, malahan sok parebur resiko dapur jeung Bibi anjeun ceuk Mang Amas bari ngomong ka kuring. tapi ku jaman kiwari kudu namah hirup moderen ayeuna mah, rek ulin kari kana motor, rek nyaba geus nyampak angkutan, barang tinggal aya duit, tapi ni susah... asa hayang balik ka jaman baheula Amang mah, kahirupan teh asa jongjon jeung tumaninah asa ku rarasaan Amang mah, jeung jaman baheula pada jalma teh berehan, silih asah, silih asuh, teu kawas ayeuna jang ah, mereun geus beda jaman mang, kuring nembal caritaan Mang Amas.
     Mang Amas nuluykeun deui caritaan maneh na, jang komo nempo di kota-kota gede mah ningan, Amang rek kiih ge neupi ka kudu mayar dua rebu... mereun Amang di lembur mah masing kiih lima kali oge moal mayar nya, eum matak ku jaman kiwari mah, kudu loba ceceupeungan duit nu gede lamun hayang kamana-mana teh. Ret ngareret Mang Amas ningali pasuliwer motor di hareupeun imahna, tuh jang tapi alhmdulilah ningan ku jaman ayeuna mah geus moderen teh ngahasilkeun teknologi nu alus, motor pasuliweur, mobil pasuliwer.... keur jaman Amang Mah boro-boro kitu, "Na.. kumaha kitu mang", kuring nembalan deui carita si Amang Ambas, ih jang keur jaman Amang mah, paling alus teh boga sado, tah eta nu boga sado teh kateulahna jalma benghar, nu sagala bro di juru bro di panto, teu kungsi lila Bi, Kokom datang, Aeh ari si bapak hayeuh we di ajak ngobrol wae si ujang teh ari di suguhan henteu, ceuk bi Kokom, bari mawa seupan boled jeung kulub suuk na pancina, sok tah jang geura ngeunah haneut-haneut keneh mah di dahar na bari tuluy ngaleos deui bi kokom ka jero imah
       Bari cupak-capek boled kuring jeung Mang Amas nyaritakeun deui tadi obrolan nu kapegat, eum Jang ayeuna mah ku jaman kiwari mah tinggal sukuran jalma teh, komo jalma nu aya, nu pinuh ku harta banda mah, mere kana jalma leutik, sodakoh kanu jalma teu boga, berehan ka papada manusa, daek ngamakmurkeun masjid, pasti moal aya jalma nu susah, moal aya jalma nu sangsara ti peuting teu boga sangu, jeung moal aya mereun neupi ka aya busung lapar kalaparan, bari nutup caritaan Mang Amas ka kuring.
         Pek enya mun ningali jalma ku jaman kiwari mah loba ngan mikirkeun diri sorangan, tatanga nu paentep satembok jeung maneh na kalaparan oge, api-api teu ngadenge, atawa api-api teu apal, sakapeung mah sok asa heran, jalma benghar sagala aya, tatangga nu keur susah eweuh beas teh eh damang-damang wae, nya dimana rasa kamanusaan na bari kuring gogodeug sorangan.
jeung nempo pajabat ayeuna mah, asa kumaha kuring mah teu pati reseup, lain kuring teu ngadukung pamarentahna, tapi asa ku handelu ku tingkah polah na, lamun keur waktuna maneh na arek di pilih ku masarakat, teu sangka unggal isuk, ungggal peuting ngadatangan masarakat, mere dahareun, sembako, kaos foto maneh na, keur naon ceunah kitu, keur dekeut cenah ka masarakat, tapi lamun maneh na geus menang kawasa menang korsi diluhur boro-boro yang panggih isuk atawa sore, sabulan sakali oge henteu, tapi mereun eta mah suuzon kuring ka maraneh na.
beas palsu, vaksin palsu, bpjs anu keur haneut-haneut na di beritakeun ge palsu ceunah... jadi asa was-was kuring ayeuna mah rek pulah-pilih barang teh asa sieun katipu, tah di negara urang ayeuna anu keur sagala karasa serba paslu.
         Duka kunaon eta faktorna sangkan di negara urang loba nu aneh-aneh kieu pikir kuring di imah bari lalajo tivi nu keur di tonton ku kuring. Kuring keur ningali tivi, adi kuring Cicih datang ka kuring bari nyampeurkeun ka kuring " Aa atuh alihkeun tivi, teh kana sinetron ih teu rame da eta mah" ceuk Cicih bari ngaludeun ka kuring. Cing heula, ningali berita heula aa keudap kuring ngomong ka cicih, nya berita naon atuh A?! Cicih nanyakeun ka kuring, jawab kuring teh, eta Cih tuh aya nu maot na tivi, jalma di racun, cai na di asupan racun kuring nembalan omongan cicih,"Ih...... ni sieun nya aa aya jalma nu kitu ngaracunan jalma, jeung babaturan na deuih !!!" Ah, geus teu aneh Cih kitu mah, ku jaman ayeuna mah... geus teu ningali babaturan, geus teu ningali hukum nu aya celetuk kuring ka Cicih, bari mere remot tivi ka cicih, da maneh na geus hayang nonton sinetron kareseupna, kuring langsung ngaleos ka tengah imah bari cicih na korsi hoe. Teu kungsi lila kuring balik deui nempo Cicih, nu keur nonton sinetron kareseupna. Cih, nya nonton naon meuni teu usik-usik kitu, pas ku kuring ditingali ku kuring teh, ih ningan sinetron
teh lain keur tingalian budak kiwari ningan, aya nu keur adegan galeulut aya jaba di tempo teh baju na asa teu panteus keur budak sakola, kuring ngan bisa gogodeg bari heran nempo sinetron nu ditingali ku Cicih.
          Kuring lain jalma pinteur, lain oge kaluaran sakola luhur, tapi kuring mah prihatin nempo tayangan sinetron ku jaman kiwari, lain ngadidik tapi kalah ngarahkeun barudak kanu jalan teu beneur, dina tivi na teh aya acara gelut, bobogohan kamana-kamana, lain loba di tayangkeun nu ngadidik, tah aneh na di nagara urang,Tapi mereun da keur usum na kitu mereun.
Kuring langsung we ka kamar da geus ngarasa tunduh, jeung deuih geus peuting jam salapan bisi kuring kaberangan gawe nungguan toko batur. Isuk-isuk kuring geus nyaring nyiapkeun sarapan keur kuring jeung adi kuring, maklum da kolot kuring Bapak kuring geus lila papisah jeung indung kuring, ari indung kuring mah buburuh di kota jadi pembantu di imah juragan nu dikota gede, balikna paling opat poe sakali ka imah da di ijinan na ngan sakitu.
geus beres sasarap kuring nganteur heula adi kuring cicih ka sakola make motor di bonceng, geus kitu mah kuring indit katempat pagawean

Thursday, August 25, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : JAWARA OLIMPIADE DI BRAZIL


                                                            JAWARA OLIMPIADE DI BRAZIL
Minggu-minggu ayeuna bangsa urang keur menang kabungah anu gede, nyaeta menangna pamaen badminton/ bulutangkis urang nu menang medali emas dina raraga ngiluan kejuaraan olimpiade di nagara Brazil nyaeta jenengan na atlet na Tantowi Ahmad sareung liliana Natsir pasangan ganda campuran nu menang medali emas ngelehkeun pasangan ti Nagara Malasyia Changpeengson/Goh Liu Ying, kuring ningali jeung babaturan meuni kacida tegangna, sabab ieu teh final badminton nu hiji-hiji peluang indonesia menang emas.
    Samemeh nonton jeung Imron babaturan kuring, narinyuh kopi jeung alakadarna dahareun nu aya di imah, bari garongojakan jeung si Imron, "Ron, mun meunang teh eta pamaen menang 5 Miliar ceunah di berita mah, pok kuring ka Imron". Enya ni gede pisan hadiah na moga-moga meunang nya pamaen urang celetuk Imron. bari ngadagoan maen, kuring jeung imron ngobral ngaler-ngidul, eh enya nya ayeuna teh 17 Agustus lamun menang teh pamaen urang, nagara urang menang kado nu geus umur na 71 tahun, baheula mah nya pahlawan teh ngucurkeun darah, tanaga, pikiran pikeun kemerdekaan bangsa di jaman nu geus moderen ayeuna mah nu disebut pahlawan teh nu bisa ngabanggakeun nagara pok na ceuk imron.
      Teu lila final teh maen, kuring jeung imron tuluy ngampar samak geus siap-siap lalajo final badminton, der ah maen sing menang ceuk kuring bari ngomong, kuring ka Imron, teu kecet-kecet kuring jeung imron nempo kana tivi, ningali pamaen urang maen ngalawan nagara batur, lamun poin ka indonesia kuring sorak-sorak jeung imron bari nyebut"Indonesia.... Indonesia......." Sabalikna lamun pamaen Malasyia menang poin kuring jeung imron bari nyebut"huhhhh... huhhhh...." babak ka hiji pamaen urang menang 21-14, alhamdulilah menang nya Ron set ka hiji hayu ah nguyup cikopi heula ah meh menang bari hereuy kuring ka Imron,
Set ka dua maen deui, "ah pieleheun geura ieu mah euy malasyia, geus katempo tina bengeutna na celetuk, Imron". tuluy ku kuring di tembal ku kuring, "Enya atuh sing eleh Ron, meh menang, set kadua ge maen, memang enya pamaen Malasyia geus katingali eleh ti heula loba kasalahan nu nguntungkun pamaen urang, lila-lila maen akhirna set kadua geus Game Poin lamun dina istilah Badminton mah, "Wah, menang emas yeuh ieu mah euy, Indonesia, pas pamaen malasyia malikeun kok ka pamaen indonesia, teu teupi akhirna, urang menang medali emas di Olimpiade anu salila 8 tahun teu menang, Imron ajrag-ajraggan, bakat ku atoh neupi ka atohna kopi nu keur di inum ekeur lalajo katajong, bakat ku atoh teuing, kuring ngan bisa molotot ka si Imron bari keheul sabab kopi nu rek di inum di tajong ku maneh na.
MANGGA TIASA LINGGIH DI BLOG CARITA PONDOK SUNDA NA DINA ALAMAT :  caritapondoksunda.blogspot.co.id

Wednesday, August 24, 2016

RUPA-RUPA DONGENG SUNDA BUHUN MENARIK

Dongeng Bahasa Sunda

SAKADANG KUYA SILIHDURUK JEUNG MAUNG

DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.

Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”

“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”

Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.

SANGKURIANG

Sampurasun,
Ka sugri para wargi kisunda & urang sunda, mangga nyanggakeun ringkesan guaran simkuring ngeunaan makna carita Sangkuriang.

Urang Sunda Lain Turunan Anjing

(panyungsian dongeng Sangkuriang)

ku : Engkus Ruswana

Dongeng atawa oge sok disebut legenda atawa sakakala Sangkuriang mangrupakeun salah sahiji dongeng nu paling kakoncara di tatar Sunda, malahan dongeng ieu sumebar sanusantara, nu tangtu teu leupas jeung kasundaan.

Upama nilik dina jalanna carita, asa ku pamohalan pisan kunaon karuhun Sunda nyieun dongeng nu teu ilahar, jiga nu euweuh gawe nyawang teh sakahayang rasa, malahan aya sabagean urang Sunda nu ngarasa era jeung mungkin manghanjakalkeun ku ayana dongeng ieu, sabab ngabalukarkeun datangna pamoyokan batur, majar urang Sunda turunan Anjing (Si Tumang tea), urang Sunda teu uni hayang ngawin ka indung. Tapi ke heula ki dulur, didieu urang kudu lantip, da apan urang percaya luluhur sunda lain jalma barodo, da sabodo-bodona oge maenya nepi ka boga pamikiran yen jalma daek kawin jeung anjing kalayan ngahasilkeun anak jalma, jeung piraku deui parahu bisa ngajadi gunung mah.

Sabalikna malah urang percaya ku sababaraha bukti nu nganyatakeun yen luluhur Sunda sugih ku pangarti, jembar ku pangabisa. Didieu tangtu luluhur sunda ngahaja nguji pangarti jeung ngadidik turunanana sangkan motekar dina nalungtik naon pimaksudeunana, jeung apan geus jadi kabiasaan yen dina unggal carita ngandung siloka. Ku pinter-pinterna dina nyusun carita nepikeun unggal carita karasana hirup jeung jiga nu nyata ayana, kurang-kurangna lantip mah dina ngalenyepanana bisa ngabalukarkeun kasamaran.

Geura hayu urang guar naon atuh harti eta carita.

Ringkesan Carita :
Aya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina nu ngaranna Dayang Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun ka leuweung alatan nandang panyakit nu teu cageur-cageur, nu dianggap bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung komara sang Raja.

Dina sajeroning pangasingan, pikeun ngaleungitkeun kakesel, nya sapopoena sok ngadon ninun di saung ranggonna Hiji mangsa keur anteng ninun, taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang murag ka handapeun saung. Kulantaran keur kagok digawe tambah hoream turun ti saung, Dayang Sumbi ngucap ka sing saha bae nu daek mangnyokotkeun jeung nganteurkeun eta alat ka manehna, lamun awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki.. Nya harita aya anjing jalu nu ngaran si Tumang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka Dayang
Sumbi. Barang mireungeuh yen nu nganteurkeun taropong teh mangrupa anjing jalu atuh kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap nu keur elmu sunda mah ucap teh sarua jeung sumpah nu teu meunang dibolaykeun.

Bari ngaheruk ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa Dayang Sumbi kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang, nepi ka boga budak lalaki nu kacida kasepna nu dingaranan Sangkuriang. Sangkuriang ti orok nepi ka mangkat baleg, salawasna diasuh jeung diaping ku Si Tumang, kamana Sangkuriang lumampah didinya si Tumang ngintil marengan. Hiji mangsa Dayang Sumbi hayangeun pisan jantung mencek, mani asa geus aya dina lentah, nya gancang nitah Sangkuriang sangkan moro mencek jeung kudu kabawa jantungna. Tapi dadak dumadakan harita nepi ka sapoe jeput teu panggih jeung sato naon-naon, sedeng waktu geus nyerelek maju ka burit. Sangkuriang bingung ku lantaran can hasil nedunan kahayang nu jadi indung, Sangkuriang sieun nu jadi indungna bendu mun mulang teu mawa hasil. Barang ret ka si Tumang nya timbul akalna, terus si Tumang dipanah jeung dicokot jantungna, terus dibawa jeung dipasrahkeun ka indungna. Ku Dayang Sumbi ditarima terus diasakan.

Dina sajeroning masak Dayang Sumbi ras inget ka si Tumang, anu saterusna ditanyakeun ka Sangkuriang kamana si Tumang. Barang ditanya kitu Sangkuriang ngabetem teu ngajawab, tapi sanggeus disedek, ahirna Sangkuriang wakca balaka, yen anu eukeur dipasak ku Dayang Sumbi teh eta jajantungna si Tumang. Atuh dadak sakala Dayang Sumbi ambek kacida sabab si Tumang the bapana Sangkuriang, bakat ku ambek sinduk batok nu keur dipake masak harita ditakolkeun kana sirah Sangkuriang nepi ka baloboran getih nu ngabalukarkeun sirahna pitak jeung terus diusir. Sangkuriang minggat teu puguh arah tujuan kalunta-lunta asup leuweung kaluar leuweung naek gunung-turun gunung, asup guha kaluar guha, nya bari ngelmu sakapan-paran.

Gancangna carita liwat welasan taun Sangkuriang tumuwuh jadi jajaka nu gagah kasep tur luhung ku elmu, jembar ku pangabisa. Kersaning nu Maha Kawasa, hiji
mangsa panggih jeung Dayang Sumbi nu sacara lahir wujudna teu robah lir parawan welasan taun geulis kabina-bina lir widadari ti kahiyangan, lantaran ngagem elmu awet jaya. Duanana pada-pada teu wawuh pangrasana karek tepung munggaran harita. Barang paamprok timbul tatali asih, pada-pada mentangkeun jamparing asih geugeut layeut lir gula jeung peueut teu bisa dipisahkeun, nya terus patali jangji rek hirup babarengan ngawangun rumahtangga ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak Hiji mangsa Dayang Sumbi keur anteng nyiaran buuk Sangkuriang, katenjo aya pitak dina sirah Sangkuriang, harita Dayang Sumbi ngagebeg sabab ras inget ka nu jadi anakna waktu keur leutik ditakol ku sinduk persis palebah eta pitak. Nya gancang tatalepa tumanya ka Sangkuriang nalungtik sajarahna eta pitak. Sanggeus dicaritakeun nu sabenerna atuh kacida reuwasna horeng eta Sangkuriang teh anakna nu geus heubeul diteangan dianti-anti hayang kapanggih deui, atuh gancang ku Dayang Sumbi dibejer-beaskeun yen sabenerna manehna teh indungna kalayan menta ka Sangkuriang sangkan pamaksudan hayang hirup laki-rabi jeung manehna dibolaykeun, sabab teu mungkin anak kawin ka indung.

Ngadenge caritaan Dayang Sumbi kitu Sangkuriang teu percaya, alesanana teu mungkin wujud nu jadi indung bisa leuwih ngora tibatan dirina, Sangkuriang boga anggapan yen caritaan kitu teh, sakadar alesan pikeun ngabolaykeun jangji pasini. Dayang Sumbi terus ngajebejerbeaskeun ceuk paribasa nepi ka beak dengkak ngajelaskeun sangkan nu jadi anak sadar jeung narima kana kanyataan nu tumiba, tapi Sangkuriang tetep teu percaya jeung keukeuh maksa pikeun ngawujudkeun tali rarabi rumahtangga, malahan jadi ngabuburu sagala hayang harita keneh dilaksanakeun. Mireungeuh kahayang Sangkuriang kitu, Dayang Sumbi ngaheruk buntu laku beakeun jalan pikeun nyingkahan, harita timbul akal
sangkan tali rarabi bisa dibatalkeun ku jalan nyanggupan pikeun kawin tapi aya sarat, nyaeta Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa ngabendung nyieun talaga gede jeung parahu pikeun lalayaran madukeun kaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat bisa katedunan ku Sangkuriang.

Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru ngumpulkeun madia baladna bangsa lelembut nu katelah Guriang Tujuh, nya prak migawe naon nu dipikahayang Dayang Sumbi. Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir anggeus, atuh nempo kaayaan kitu Dayang Sumbi kacida reuwasna, sabab sieun ku dosa. Dayang Sumbi terus sidakep situhu tunggal mujasmedi, jumerit menta pituduh Nu Kawasa sangkan Sangkuriang teu bias nganggeuskeun pagaweanana. Sangeus nampa pituduh, gura-giru Dayang Sumbi ngerahkeun masyarakat di wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan cahaya katingalina mangrupa balebat tanda peuting rek ganti beurang, kitu oge ibu-ibu jeung para wanoja dikeprik dimana-mana sangkan gancang babarengan narutu lisung tutunggulan.

Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang pating kongkorongok. Mireungeuh kajadian kitu, Guriang Tujuh nu keur ngangsitkeun pagawean kacida reuwaseun, atuh gancang kalabur ngalaleungit deui teu sanggup neruskeun sabab sieun kabeurangan, nu balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bias direngsekeun ku Sangkuriang.

Ngarasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terus ditalapung nya ragrag jadi Gunung Tangkuban parahu, tunggul-tunggul sesa nuar kai pikeun nyieun parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul, sedengkeun tumpukan dahan, pangpang, rerenteng jeung daun kai ngajadi Gunung Burangrang. Sangkuriang teu puas, anu saterusna ngudag-ngudag Dayang Sumbi, ceuk sakaol sapanjang jaman tepi ka wanci ayeuna Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.

Harti dina carita nu kasungsi :
Galur carita Sangkuriang nu runtut kalayan cocog jeung kaayaan alam Pasundan, hususna wewengkon ”Danau Purba Bandung” karasa nyata tur hirup oge sakral. Hal ieu ngabuktikeun kalinuhungan luluhur sunda nu nyusun carita.

Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun. Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaeta alat pikeun nempo sangkan leuwih talilti, eces tur museur. Tumang teh mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna koneng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun Koneng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. ”Tumang” tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu oge ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang” nyaeta sebutan keur awewe, harti lianna asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus.

Dayang bisa oge dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = dewa). Sumbi nyaeta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awewe = ibu pertiwi = bumi).

Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yen wujud diri teh hakekatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang).

Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, oge bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awet jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yen ti jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa teh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus pareot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina palsapah/kapercayaan Sunda netelakeun yen Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, oge lain
sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan.

Ingsun (kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuringna.

Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab eta waktu si Tumang di paehan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaehan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawe, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaehan, tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina elmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maehan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya.

Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan elmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawe nu rancage, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak.

Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yen kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakekatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga).

Dina ngalaksanakeun gawena, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa/gerak-langkah, pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna.

Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina. Boeh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku elmu/katerang/kanyaho nu ditembrakkeun/dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawe akal pikiran).

Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawe rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Elmu spiritual Sunda ngajentrekeun yen aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana pamarentahan diri, nyaeta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda). Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boeh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipake ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajen luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagede gunung ibarat tunggul (Bukittunggul), hate nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajen (Burangrang). Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weleh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi)

Intisari papatah nu dibewarakeun:
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.

Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.

Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa diri sangkan luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung langkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung).

Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh).

Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilu kakuatan nu bisa marentah diri, nyaeta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina, tungtungna hate ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahade upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.

Kitu intisari harti nu kasungsi tina legenda Sangkuriang, ku kituna pamuga pedaran ieu tiasa nambah kareueus parawargi urang Sunda, yen bukti geuning kalinuhungan luluhur urang Sunda teh. Nu leuwih penting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsi ka diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah urang
geus tepi kana ”kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi”?.
Sumangga atuh.

Thursday, August 18, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : PAJEULIT PEUJIT

PAJEULIT PEUJIT

Geus gumatuk ari isuk-isuk teh, lain sangu nu di teang di imah teh tapi rokok jeung kopi anu di teangan teh, beres solat subuh, mereskeun kasur jeung guguling Jang Akos Wara tuluy neangan barang semu nu lieureun bulak balik kajero imah, katengah imah neangan barang nu di tuju, ku euma na jeuneungan na Ma Cicih di tanya Jang Akos Wara teh, " Jang, neangan naon... titatadi euma nempo hayoh kaditu kadieu siga neangan barang nu berharga wae!", ceuk euma na Akos Wara bari semu keheul ka Jang da pulang anting kaditu kadieu. Ieu Ma, milari rokok sugan mendakan, dimana? tembal Jang Akos ka euma na.
     "Tuh, rokok mah mah di teundeun ku euma na lomari, ceuk Euma.. bari nunjuk rokok na luhureun lomari." kana rokok teh geus kawas kana naon wae si Ujang mah, kawas ka pamajikan wae di teteang, pok na euma na ka Ujang Akos Wara, anggur mah geura neangan pijodoheun, lain neangan rokok, tembal si Euma.
eh ari euma isuk-isuk geus nyarios pijodoeun, keun wae jodoh mah geus anggal namah pasti aya... pok na deui Ujang Akos nembalan carita si Euma. Kateulah na mah Ujang Akos teh pamuda nu geus bisa hirup mandiri. Usaha ekeur, Mobil butut-butut wae, jeung motor mah geus nyampak, Usaha na keur memeujahna maju, ngan eta we can boga pimajikaneun, da ceuk maneh na mah can hayang waka rumah tangga, aya bebas lalagasan neupi ka wareug. Jang Akos teh anak ka tilu tina  budak Ma Cicih mah, nu cikal mah geus misah imah, sabab geus rumah tangga nyaeta Eros lanceukna awewe nu ka hiji, anu kadua sarua geus rumah tangga nyaeta Jang Mahmud geus boga imah sorangan, bahkan geus boga bati dua. Nya tinggal Jang Akos wara nu acan kawin teh.
          Sapopoe na Jang Akos teh teu lesot kana rokok jeung Kopi, pasti we isuk-isuk, atawa pabeubeurang carancang tihang maneh na kudu aya we kopi, da eta kareseupna, ceunah lamun teu ngopi jeung rokok teh awak leuleus. Jang Akos teh gawe na nyaeta jadi bandar beas di lemburna, pagaweana ngurilingan ka tengah lembur neangan beas nu rek di jual ka maneh na make mobil, atawa manehna nampung ti patani nu rek ngajual beas ka manehna.
Mangsa poe harita, beres gawe, jang akos sabiasana reureuh deket pabrik beas na sambari niis di terlas, da karasa cape geus ngaladangan nu geus ngaajarual beas ka maneh na. Tuluy we leguk kopi jeung melepus rokok bari nyanghunjar siga nu nikmateun.
Si Ma Cicih nyampeurkeun ka Jang Akos, " Jang, ieu Ma, mawa sangu jeung Sayur lodeh, jeung  Asin blocot kareseup Ujang, pek geura dahar!" tembal Ma Cicih ka Jang akos, Ah, enke ma can hoyong da atos ngopi heula, tembal jang akos. Si Euma langsung balik wae, ka imah pek di teundeun eta beukeul sangu keur Jang Ako wara. lima Belas menit, saatos si Euma balik Jang Akos siga nu nyekeuleulan beuteungna, semu nu nyeri, teu daek cicing. Keur nyeukeulan beuteung sambari siga nu nyeri, Kang Emod, nu sok di gawe purah manggulan pare diteun Jang Akos nempo ti kajauhan siga nu geuring Jang Akos teh, tuluy nyampeurkeun ka Jang Akos, "Cep, kunaon siga nu nyeuri, eta patuangan di ceuceupeung, tembal Kang Emod ka Akos". Puguh asa nyeri kieu mang patuangan teh murilit, tuluy we eta Kang Emod, mawa Jang Akos kana korsi bari di angkat, "Cep, antosan heula nya, Mang bade ibu hideup heula!", tembal Kang Emod ka Jang Akos.
Barang teupi ka imah, Kang Emod hah heh hoh da mereun cape bari lulumpatan bisi kukumaha di tinggalkeun Jang Akos sorangan, di terlas pabrik, tuluy uluk salam ka Ma Cicih. Assalamualaikum..... Assalamualaikum Ceu... Ceu bari ngetrokan Panto... Panto di buka ku Ma Icih," aya naon Mang Emod siga aya nu penting pisan, jawab Ma cicih!". Puguh  enya ieu teh, "itu Cep Akos teu damang siga nu nyeuri patuangana teu walakaya tembal Mang Emod"
Dina kareuteug hate Ma Cicih geus teu salah deui pasti eta balukarna tina kopi jeung rokok ku sabab can dahar tiisuk.
        Tuluy we Ma Cicih jeung Kang Emod datang na ka pabrik nyampeurkeun Jang Engkos nu geus teu walakaya ku sabab nyeuri beteungna. Pas geus teupi pabrik Jang Engkos geus seupa benungeutna ku sabab mereun bakat ku nyeuri. Geura hurungkeun mobil Kang Mod, wang bawa ka Puskesmas Lanbau, ceuk Ma Cicih siga nu hariwang ka budak bungsuna. Mobil geus di hurungkeun, tuluy we jang akos ku Mang Emod di bawa kana mobil, rek ka puskesmas, tuluy di pariksa bisa kukmaha. Reug teupi mobil di puskesmas lanbau, "Mang antosan didieu heula,abdi rek neangan dokter puskesmas di jero", pok na teh Ma icih ka Kang Mod, bari ngangguk mang emod teh. geus panggih jeung dokter, tuluy wae Jang Akos teh, di rawat di Puskesmas lanbau, geus di pariksa sababaraha menit ku dokter jaga puskesmas. " Bu, wayahna putra ibu keudah di rawat heula di puskesmas, da ningan asam lambung na tinggi " dokter bebeja ka Ma icih, Ma icih ngan bisa nyarios muhun wae ka dokter teh da lamun teu di rawat di puskesmas mah bisi kukumaha.
        Barang sa jam di rawat di Puskesmas, di impus tuluy di bere obat ku suster, Jang Akos geus rada meuningan, bari di tungguan ku ma icih gigireunana.
"Ma... aduh ningan abdi teh kudu aya di puskesmas ah bari nyalahkeun diri mereun tadi teu dahar heula. " Keun we jang keur cerminan enke kahareup, ieu geuring ujang, teh enke mah kudu isuk-isuk jeung kudu nurut ka Euma tembal, Ma icih, bari ngomong deui ka Jang Akos Jeung geura Kawin ayeuna mah meh aya nu ngurus Ujang tembal Ma Icih ka Jang AkosWara!"

Tuesday, August 16, 2016

CARITA PONDOK SUNDA PIKARESEUPEUN: ABDI MAH SANES BANGSAT

ABDI MAH SANES BANGSAT

Ieu kajadian mun teu salah dina bulan November Tahun 1975, waktu babaturan kuring Kang Haer Beres Ujian Akhir kelas III SPG luar negeri alias SPG Swasta, kuring jeung Kang haer teh sakamar di jalan Kalektoran Kalereun Kaum Tasik nu kiwari mah geus diganti ngaran jadi jalan R. Ikik Wiradikarta, malah geus salin rupa loba toko jeung hotel ayeuna mah, da baheula mah didinya teh ukur tukang baso, tukang pecel, surabi, malah tukang pecel jeung bubur ayam mah tepi ka ayeuna masih aya.
     Beres ujian poe panungtung Kang Haer pakaulan, nuturkeun kabogohna ka Sukaraja, teu bebeja ka sasaha, ma'lum harita acan aya handphone. Dina aya nage moal kabeuli, malum jaman prihatin kabayarn iuran ge alhmdulilah, kuring jeung batur sakamar kaasupan dunungan lengiteun Kang Haer nu can balik wae. Asar teu jol, Magrib suwung, Isa kalah ka Subuh Kang Haer can hol wae. Sararea hariwang sok bisi kumaha onam.
Na atuh ari kurunyung teh jam salapan isuk-isuk bari awak kusut, malum kurang sare jeung teu nyalin ti kamari, bari teu boga ongkos beca leumpang ngingkid ti padayungan ka Kalektoran sakitu jauhna ari ukuran leumpang ti kota mah. Dunungan Hariweuswus nanya Kang Haer timana ti wayah kieu kakara datang, bari teu poho nyiapkeun sangu nu leungit sapeupeuting.
Rengse dahar Kang Haer balaka neupi ka lalampahannana.
"Sabada beres ujian abdi teh Bu..... ka Sukaraja jajap rerencangan ", omongna.
"Naha atuh karek balik wayah kieu?" ceuk dunungan,
"Numawi abdi teh kajongjonan ngobrol dugi tabuh salapan, weungi. Maksad mah abdi bade ngiring mondok margi sesah kandaraan, mung sepuh rerencangan ngawageul teu kenging di dieu saurna. Margi bumi istri hungkul" Ceuk Kang Haer.
Kuring jeung batur sakamar, Kang Ayat, Kang eman nu urang Banjar silih pelong, bari teu kuat hayang seuri, kabayang da enya jaman harita mah kandaraan teh teu jiga ayeuna jam sabaraha wae oge pating suliwer. Harita mah mun tas sareupna patali marga geus rehe. Paling hiji dua nu ngaliwat. kitu oge treuk barang, atawa nu keur ngangkut sampeu keur pabrik aci.
         Kang Haer nuluykeun caritana. Cenah megat kandaraan ti jam salapan, aya treuk ngaliwat terus di pegat. Ari pek teh treuk sampeu, terus wae naek ka luhur treuk ngahiji jeung sampeu, Asa can bener-bener diuk ieu ge, treuk mengkol ka kenca, bus ka pabrik aci bagogog, Kang Haer bingung. Nempo aya panumpang, supir ngagorowok. Rek kamana jang? "Ka kota Kang, Jawab teh. "Har karunya teuing, wayah kieu mah moal aya mobil ka kota, di dieu we sare di pabrik, jeung emang", ceuk supir karunyaaeun. "Bade megat truek we kang manawi aya," Sok atuh geura aya treuk barang, Cek supir.
Kang Haer leumpang ka sisi jalan, nu poek mongkleng ari tukangeun pabrik teh leuweung mahoni nu jarangkung badag pikasieuneun meh dipopohokeun susuganan da hate mah merekedeweng hayang tepi ka sisi jalan aspal. Keur kitu aya truek ngulampreung. Ku kang haer dipegat. Kabeneuran truek sampeu, atuh kacalacat naek nyongclo dina luhureun truek.
        Ari sugan teh rek miang ka kota, manahoreng muru ka pabrik aci anu tadi teh. Kulantaran teupurun milu ka pabrik aci, Kang Haer turun ti tengah jalan,  tengah leuweung anu sakitu poek mongklengna.
Ditengah leweung aya hiji imah nenggang. Kang Haer muru ka eta imah,maksud teh hayang milu meuting da geus teu kuat tunduh, nempo kana jam tangan geus tabuh  12  peuting. Barang di deukeutan nu boga imah teh masih gelecok acan sarare.
Ti kajauhan Kang Haer, gogorowokan bari mipit amit: Punteeen! Punteeen kulan!
Ari sugan teh di jawab kunu boga imah teh, naha atuh damar anu paranti nyaangan imahna kalah di pareuman. Panasaran Kang Haer ngadeukeutan neupika mancal, kana babancik imah, ."Punten!punten! abi semah hoyong ngiring meuting!
Lain kalah dijawab, nu boga imah anu tadina gelecok teh bet kalah jempling, kawas gaang katincak, malah kadenge siga lalumpatan arasup ka jero enggon. Pikir tambah baluweung, mana teu kuat nahan kasieun, ditengah leweung, jeung tengah peuting anu sepi jempling, hayang milu meuting teu diwaro kunu boga imah.
        Deudeuh teuing jalu anaking, terus kumaha pilampahan?ceuk nu boga imah panasaran. Kuring nu ngadengena milu nganggreus deuih. Nyaeta cenah mun heg nekad ngingkig ka kota anu anggangna aya kana 15 kilo meterna kawasna moal nepi ku teu kuat balas tunduh jeung awak lempoh. mun heg nekad sare ngagoler luhureun jukuthandapeun tangkal kiara sisi jalan, sok inggis bisi dihakan maung, direwod careuh, atawa di surudug bagong.
Panasaran Kang Haer nekad, bilik imah nu boga imah dipolongowan ambeh molongo, terus ngagorowok deui, : Bu!Bu! Abdi ngiring meuting!" masih keneh teu diwaro.
"Bu abdi teh murid sakola, anu nembe lulus ujian SPG. Punteun bu ngiring meuting. Abdi sanes bangsat!"
tah barang diomongkeun lain bangsat, nu boga imah ngurunyung bari mukakeun panto. Terus ngajak Kang Haer asup. Nu boga imah ngabageakeun kang haer meting di imahna. Bari mere sarung keur simbutna
"Hampura ujang ti tatadi ge teu dipalire ki ibu teh. Da eta inggis bisi bangsat. "Apanan minggu katukang imah ibu kapalingan," Ceuk nu boga imah.
"Numawi abdi meuting dumeh pangeusi ieu bumi mani rame teu acan marondok," ceuk Kang Haer."
Nyaeta keur marasak, apanan si cikal bade dikawinkeun. Tah Ujang sumping dina waktosna nya"! omong nu boga imah.

Dicutat tina : Majalah atikan:2015:Dedeng Permana

Saturday, August 13, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : NYELEWENG BAGIAN KA DUA

NYELEWENG BAGIAN KA DUA

Basa kuring mulang ti pagawean, henteu tisasarina pamajikan teh buad baeud. Rarasaan mah tara telat ngirim keur bekeul kulawarga unggal bulan oge. Rumasa kuring mah gawe usrip alias usaha ripuh ngajualan baju loak di Garut, matak teu bisa unggal poe ngirim teh. Balik  soteh sono ka neng imas jeung si bungsu Acep, budak kuring.
"Mah.... aya naon? asa teu biasana Mamah beketut kitu. Atuh geulisna enke palid ka laut." Ceuk kuring dibareungan ku hereruy. "Ah teu kunanaon, raraosan bapak we eta mah Sensitip". Tembalna teh teugeug.
     Isukna pamajikan teh menta dianteurkeun ka alun-alun, aya babaturan SMA cenah hayang panggih. nya bakat ku nyaah, cape-cape oge pamajikan teh di bonceng muru alun-alun Manonjaya. Geus nepi mah kuring di titah balik nyebutna mah bisi Acep geus mulang, ti sakola cenah, kuring nurut, motor di belokeun, karek ge nepi pos giro kuring poho teu ngeupeulan duit keur ongkos ojegna engke. Ti kajauhan keneh dedeg pamajikan geus katempo. Tapi nu matak heran pamajikan kuring di tatangkep ku lalaki lian. Hate asa teu puguh rasa, asa piraku pamajikan teh wani nyeleweng, nu tadina rek mekelan teh, kuring ngadius mulang. Hate di beberah, " Ah meren babaturan deket keur SMA na gerendeng kuring.
Duh lohor, pamajikan can mulang, nepi ka dur-dur magrib teh teu embol keneh wae. Katampa sms ti manehna nyebutna mah erek ngendong di babaturan aya acara cenah.
     Astagfirulloh... naha pamajikan teh teu mikir kitu, kapan ieu barudak uruskeunenun, jaba isuk pageto kuring mah rek usrip deui. Naha teu sono kitu kanu jadi salaki.kuring ngageremet dina hate, meuni asa ku teungteuingeun boga pamajikan teh. Da atuh baheula mah meuni sakitu belana ka kuring teh. Tisaprakna di tinggalkeun gawe jauh, paripolah na jadikitu.
Isukna kurunyung pamajikan mulang meuni angkaribung ku babawaan, aya baju keur barudak, dahareun jeung buah-buahan. Nyebutnamah pamere ti babaturan. Kuring teu loba tumanya, bisi we pipaseaeun. Nyabar-nyabar karep wae.
Tadi rek poe ieu usrip deui teh tapi pamajikan hayang dianteur ka Tasik, ka Supermarket geus neupi mah seperti biasa kuring di titah balik. Kuring nurut, geus teupi ka imah tuluy beberes keur bawaeun ka garut
"Wayahna , teteh sareng acep ku bapak di kantunkeun kapan ameh hideup tiasa sakola anu luhur, oge gaduh artos kanggo jajan nya! ceuk kuring bari ngilu rambisak barudak unggeuk tuluy ngalesotkeun tangkepanana. Geus beres mah kuring ngadius ka Garut. Teu kungsi heula papanggih jeung pamajikan.
       Geus sabulan saprak balik ti imah, di gawe teh, tapi ieu hate henteu beunang di bohongan. awak mah enya di garut tapi ieu hate nyenghel di lembur. Ras, inget kan adat pamajikan, duka kunaon pamajikan teh jadi kitu adatna. Lamun kuring balik tei pagawean, boro-boro marengan sare kuring, dalah sakalieun maturan dahar oge embung. kalah wae nyonyoo hape. Lamun kuring teu kaopan mah da geus runtag atuhrumah tangga teh. Komo ayeuna nempo barudak diantep dititip-titipkeun ka mitoha ampir unggal poe. Jaba kapanan kur mitoha sabeulah. da mitoha lalaki mah tos ngantunkeun Beu ...... aya naon atuh mamah teh!
      Poe ieu rek balik ka lembur teh geus teu kuat hayang panggih jeung barudak. Geus buras beres mah langsung indit. Datang ka imah eweuh sasaha. Puguh da barudak mah jam hijian keur sakolah diniah. Ari indungna kamana? Can oge ngalengkah, rek ka imah mitoha, kadenge mitoha uluk salam, ngabejaan si nyai, nya pamajikan kuring tea keur ka alun-alun cenah tadi isuk-isuk menta anter ka lanceukna kang Asep.
Hate hnteu benang dibrangbrangkeun, kasedih, kakeuheul, ka panasaran numpuk ngahiji. Baheula oge nganyahoankeun manehna jeung lalaki lian. Boa ayeuna oge jeung lalaki eta deui kereteg hate kuringn ngadius ka alun-alun, rek mepeuskeun kapanasaran.
     Reug motor ereun dihareupeun babancong sasatna motor teh di golerkeun wae sisi jalan, kasampak pamajikan keur rerendengan bari seuseurian gigirin lalaki nu baheula nanangkep manehna. Hate Asa di bohongan, amarah geus ngagedur, rey beungeut karasa panas. Sarerenteng kuring nyampeurkeun pamajikan buk... leungeun kuring neunggeul lalaki gigireun pamajikan. Goak pamajikan ceurik bari menta hampura ka kuring. Lalaki eta ngahunted sieuneun.
Geus nepi kadieu we rumah tangga teh....! Ieu lain nu dipihareup ku nyai teh! Omong kuring bari ngajengjat balik. Pamajikan gogorowokan oge teu di denge. Nepika imah, kuring nyegruk ceurik, nalangsa kana nasib, henteu inget di imah aya mitoha.
Sing sabar Ujang, hampura budak mamah teu bebeja ka ujang. sok sieun siga kieu kajadiana tuda, karunya budak laleutik kenah. mitoha awewe ngupahan bari sarua rambisak.
"Abdi nu lepat mah, teu tiasa ngawarah pamajikan. Ari tos kieu mah abdi abdi nu teu kiat, abdi oge gaduh harga diri. Keun bae barudak geus bisa milih ieu rek jeung saha enke miluna. Tembal teh bari meresan pakean.
      Ari ayeuna Ujang bade kamana? calik dimana? " Keun bae abdimah dimana wae nganjrekna. Samentawis mah nitip barudak, Mah" tembal kuring bari terus pamit rek balik deui ka Garut.
Can ge ngahirupan motor, pamajikan datang, nangkeup kuring bari ceurik.
"Hampura Mamah!Pa! moal sakali-kali deui"
Geus ku bapa ge di hampura. Tapi anggeur niat bapak mah rek ngalepaskeun mamah. Eta lain kahayang mamah teh? Rumasa bapak mah jalma teu boga. Tinggal dagoan ketuk palu jeung surat ceraina. Tembal teh teugeug.
Henteu karasa geus sataun leuwih. Kuring pisah jeung indung barudak. Alhmdulilah gusti mah Maha Welas Asih, Genap bulan pisah ti manehna kuring ngajodo jeung anak Kepala Desa urang Garut, nya imah na deukeut jeung tempat kuring gawe. Malahan mah ayeuna ge pamajikan mah keur bobot. Ari budak ti nyai, Neng Imas milu jeung indungna. Acep mah diurus ku kuring. Puguh minggu kamari teh ngangajak balik balik ka lembur hoyong pendak jeung mamah cenahna teh. Kabeneran aya libur waktu sakola, poe isuk-isuk langsung muru ka lembur.
      Asa henteu lila kuring ninggalkeun lembur teh, teu pira sataun. Tapi asa geus bareda. Ayeuna mah jalan oge geus alus, imah garedong.Tapi ari jog anjog ka imah mitoha teh anggeur eweuh nu robah ngan pulas imah na wae nu geus pudar tapi katempo bareureusih. Imah baheula nu baheula di cicinga ku kuring kapanan ceuk mitoha mah sanggeus lepas ti kuring si nyai loba hutangna. Nya tungtungna imahna di sita. Beu......... imah nu baheula menang hese nyieun.  Da keun bae da hak na ieuh mereunan.
"Ari mamah dimana, Nin? Acep nanya ka nini bari menta dilahun ku mitoha teh.
Hing mitoha ceurik bangun nu nalangsa. Bari nyusutan cipanon dina juru socana tungtung samping, manehna ngadongen kumaha, carita indung barudak neupi ka siga ayeuna. Sanggeus parat nyarita mitoha ngajak karuang tukang, Katempo si Nyai keur diuk tungkul, buukna gimbal, kukuna harideung, sampean di rantean. Beu ningan popotoongan teh kieu kaayannana.
       "Kunaon mamah Acep dirantean, Nin? Acep hoyong ka mamah...! Ceuk acep ngagorowok bari ceurik tuluy nangkeup indungna. Ari indungna kalah ised-isedan siga anu sieuneun.
"Puguh pami teu di rante mah mah sok abur-aburan, cep basa eta ge kapendak di Ciawi." Atuh sakitu teubihna kumaha mun aya jalma jahat".
Kabeh nu nempo kalah ceurik, nalangsa nempo popotongan siga kitu kaayaannana. Sanggeus panggih jeung Neng Imas, oge kulawarga nu lain mah kuring menta widi pamit, Oge hayang ngajak sakola neng imas sina sakola di Garut ambeh katingalikeun. Tapi ku mitoha teu dibikeun, keun bae cenah sina di ajar ngaji didieu mah.
Ba'da asar kuring sakulawarga bali deui ka Garut, bari mawa kasedih, " Gusti mah gede hampura, moga-moga indung barudak gewat di cageurkeun. oge sina meunang kahirupan nu leuwih alus. Kereteg hate kuring.
Dicutat tina : Suara daerah: tahun 2012: ku Dewi nurina Agustin