Thursday, August 11, 2016

CARITA PONDOK SUNDA ANYAR : NYELEWENG

NYELEWENG

Basa kuring mulang ti pagawean, henteu tisasarina pamajikan teh buad baeud. Rarasaan mah tara telat ngirim keur bekeul kulawarga unggal bulan oge. Rumasa kuring mah gawe usrip alias usaha ripuh ngajualan baju loak di Garut, matak teu bisa unggal poe ngirim teh. Balik  soteh sono ka neng imas jeung si bungsu Acep, budak kuring.
"Mah.... aya naon? asa teu biasana Mamah beketut kitu. Atuh geulisna enke palid ka laut." Ceuk kuring dibareungan ku hereruy. "Ah teu kunanaon, raraosan bapak we eta mah Sensitip". Tembalna teh teugeug.
     Isukna pamajikan teh menta dianteurkeun ka alun-alun, aya babaturan SMA cenah hayang panggih. nya bakat ku nyaah, cape-cape oge pamajikan teh di bonceng muru alun-alun Manonjaya. Geus nepi mah kuring di titah balik nyebutna mah bisi Acep geus mulang, ti sakola cenah, kuring nurut, motor di belokeun, karek ge nepi pos giro kuring poho teu ngeupeulan duit keur ongkos ojegna engke. Ti kajauhan keneh dedeg pamajikan geus katempo. Tapi nu matak heran pamajikan kuring di tatangkep ku lalaki lian. Hate asa teu puguh rasa, asa piraku pamajikan teh wani nyeleweng, nu tadina rek mekelan teh, kuring ngadius mulang. Hate di beberah, " Ah meren babaturan deket keur SMA na gerendeng kuring.
Duh lohor, pamajikan can mulang, nepi ka dur-dur magrib teh teu embol keneh wae. Katampa sms ti manehna nyebutna mah erek ngendong di babaturan aya acara cenah.
     Astagfirulloh... naha pamajikan teh teu mikir kitu, kapan ieu barudak uruskeunenun, jaba isuk pageto kuring mah rek usrip deui. Naha teu sono kitu kanu jadi salaki.kuring ngageremet dina hate, meuni asa ku teungteuingeun boga pamajikan teh. Da atuh baheula mah meuni sakitu belana ka kuring teh. Tisaprakna di tinggalkeun gawe jauh, paripolah na jadikitu.
Isukna kurunyung pamajikan mulang meuni angkaribung ku babawaan, aya baju keur barudak, dahareun jeung buah-buahan. Nyebutnamah pamere ti babaturan. Kuring teu loba tumanya, bisi we pipaseaeun. Nyabar-nyabar karep wae.
Tadi rek poe ieu usrip deui teh tapi pamajikan hayang dianteur ka Tasik, ka Supermarket geus neupi mah seperti biasa kuring di titah balik. Kuring nurut, geus teupi ka imah tuluy beberes keur bawaeun ka garut
"Wayahna , teteh sareng acep ku bapak di kantunkeun kapan ameh hideup tiasa sakola anu luhur, oge gaduh artos kanggo jajan nya! ceuk kuring bari ngilu rambisak barudak unggeuk tuluy ngalesotkeun tangkepanana. Geus beres mah kuring ngadius ka Garut. Teu kungsi heula papanggih jeung pamajikan.
       Geus sabulan saprak balik ti imah, di gawe teh, tapi ieu hate henteu beunang di bohongan. awak mah enya di garut tapi ieu hate nyenghel di lembur. Ras, inget kan adat pamajikan, duka kunaon pamajikan teh jadi kitu adatna. Lamun kuring balik tei pagawean, boro-boro marengan sare kuring, dalah sakalieun maturan dahar oge embung. kalah wae nyonyoo hape. Lamun kuring teu kaopan mah da geus runtag atuhrumah tangga teh. Komo ayeuna nempo barudak diantep dititip-titipkeun ka mitoha ampir unggal poe. Jaba kapanan kur mitoha sabeulah. da mitoha lalaki mah tos ngantunkeun Beu ...... aya naon atuh mamah teh!

No comments:

Post a Comment