Ku Ki Umbara
Di Gusaran Jurig
Ari batur mah cenah asa boga hutang tèh mun kaliwat
solat, kuring mah lain, nyaèta… mun aya lalajoaneun teu lalajo. Teuing atuh, da
mun ngadèngè sora goong tèh ceuli ngadak-ngadak rancung, suku ngadak-ngadak
garètèk. Keur digawè ogè teu welèh èlèkèsèkèng. Lain ka nu deukeut-deukeut baè,
malah ka nu jauh ogè ari ngadèngè bèja mah tara teu mangkat. Mun teu mangkat
tèh nyaèta asa boga hutang. Lain babasan. Poèk dibèlaan ooboran, hujan dibèlaan
papayungan tèh, jeung tara gumantung ka batur deuih, batur mah rèk indit rèk
henteu tara jadi sual, asal awak waras duit boga … Ah, indit baè sorangan ogè!
Lain sakali dua kali, tampolana keur gering ogè kuring
mah ari ngadèngè sora goong tèh sok ngadak-ngadak cageur.
Teu anèh mun kuring disarebut lulutu. Tapi kuring ogè tara
ambek da enya.
Kawasna kuring resep lalajo tèh, lalajo wayang atawa
pèsta, turunan ti Aki, aki ti Bapa. Da èta baè kuring kungsi ngadèngè bapa
nyarita ka Ema,”Enya, aya budak resep-resep teuing lalajo. Turun ka manèhna
meureun karesep akina tèh!” Bèjana Aki mah jenatna komo, lian ti resep lalajo
tèh, resep ngibing, resep … mabok!”
Simana deuih cenah Aki mah anu punjul tèh. Ceuk Bapa,
“Sakumaha jagoan jeung bulubudna jelema, tara teu kokoplokan dipuncerengan ku
aki manèh mah. Teuing ngaji naon!”
Kaharti mun Bapa teu terangeun “cecepengan” Aki tèh, da
Bapa mah ku Aki dipasantrènkeun ti bubudak.
“Keur mah Bapa ngabulubud, leuleugeur atuh manèh mah teu
jadi kiai ogè, ngarti-ngarti kana agama!” ceuk Aki ka Bapa basa miwarang
masantrèn.
Aki tèh teu damangna lila pisan, nepi ka pupus aya tilu
taunna. Dina sakitu lilana, ngan kuring anu langka absèn ngemitan ari peuting
tèh. Anak jeung incu-incu nu sèjènna mah teu cara kuring, ngaremitanana tèh
ngan ari katingal rèpot baè.
Mun panyawatna keur aso, Aki sok ngagelendut
ngadongèngkeun pangalamanana. Resep ngadèngè dongèng Aki mah, pitunduheun ogè
sok ngadak-ngadak leungit. Teu cara ngadèngèkeun dongèng Nini, ngan raja-jeung
raja, ngan putri jeung putri baè, jeung sok tuluy ditungtungan ku papatah
deuih, matak bosen jeung matak ngajak heuay. Nu didongèngkeun ku Aki mah kabèh
ogè pangalamanana. Kayaning basa gelut jeung bagong, gelut jeung bègal,
dikoroyok ku limaan alatan parebut … ronggèng. Nyaritakeun resep ngibing,
pokna, “Mun Aki keur ngèjèr ngigel, kabèh nu gareulis nareuteup ka Aki,
marèntah diajak … imut!”
Geus lima taun Aki tèh pupusna.
Bada isa bulan kolot. Di langit teu aya bulan. Pihujaneun
ngagarayot. Gang-ging-gungna sora goong, di Dèsa Sèdaraja, geus kadèngè
hawar-hawar kabawa angin ririh. Suku geus kekejetan, hayang jung hayang jung
geura indit. Tapi Bapa can sumping kènèh baè ti masigit, teuing tuluy ka mana.
Ari rèk indit baè, karunya Ema sorangan keueungeun. Babaturan tangtuna ogè geus
birat marangkat. Kacipta nu baroga kabogoh, ngariringkeun kabogohna. Kuring
geus teu ngeunah cicing …
Kurutak Bapa sumping. Lakadalah, ceuk hatè.
“Tuluy ka mana Bapa tèh?” ceuk Ema bari mangnyampaykeun
sajadah dina parantina.
“Nyèta tuluy ngalongok Ki Arma ngadadak gering payah.”
Ki Arma tèh incu Aki kènèh,anak Bibi. Saenyana dulur
kuring tèh ngan kari èta-ètana, da lanceuk jeung adi-adina mah geus maraot,
malah bibi jeung paman ogè geus teu araya di kieuna. Ari kuring puguh budak
nunggal, teu lanceuk teu adi.
“Kumaha ayeuna?” Ema nanya deui.
“Rada aso basa ditinggalkeun mah …Pèsta di mana tatèh,
bangun ramè-ramè teuing?” Bapa nanya ka kuring.
“Wartosna mah pèsta bujang di Sèdaraja.”
“Geuning teu lalajo?”
“Ngantosan Bapa.”
“Da Bapa mah moal lalajo.”
“Ema keueungeun nyalira.”
“Euh, sugan tèh …” pokna deui bari brek calik dina korsi.
“Diuk heula di dinya, Bapa boga picaritaeun!”
Beu, peuting teuing atuh, ceuk hatè. Brek kuring diuk
dina panuduhanana.
“Barèto kira-kira genep bulan sadugna aki manèh pupus,
Bapa keur nagog di sisi balong. Teu kanyahoan ti mana jolna , gigireun geus aya
lalaki kereng pikasieuneun. Manèhna nyarita kieu, “Kaula tèh jauh ti Karawang.”
“Di mana Karawangna?” ceuk Bapa.
“Moal disebutkeun,” tèmbalna, “Da teu kabèh jelema terang
lebah-lebahna, ari teu kawènèhan-kawènèhan teuing mah. Ngan bapa andika di
antarana nu geus terangeun tèh.”
“Jenatna Aki barudak?” ceuk Bapa.
“Enya. Malah pangna ayeuna kaula ka dieu ogè rèk ngala barang
nu baheula diinjeum ku inyana.”
“Barang naon?” Da kula mah teu kapasrahan.”
“Bener teu kapasrahan?” omongna bari merong.
Sanggeus Bapa sumsumpahan, èta jelema ngati-ngati, pokna,
“Mun andika bohong, rasakeun ulah sambat kaniaya!” Les manèhna ngiles, teu
puguh ka mana ngalèosna.
Bapa lila ngaheneng.
“Ari tadi sareupna waktu Ki Angga balik ti sawah, cenah
manèhna papanggih jeung jelema makè pakèan sarwa hideung, nananyakeun incu Aki
Jaya, basana rèk diala. Ari Aki Jaya tèh kapan aki manèh. Matak ulah lalajo
peuting ieu mah, sieun, bisi enya.”
Meg asa ditonjok angen. Kuring mah kajeun dicarèk dahar
saminggu batan dicarèk lalajo mah. Da kaharti Bapa tèh nyingsieunan. Tapi lain
gè incu Aki, ari mundur ku disingsieunan mah.
Waktu Bapa asup ka pangkèng kuring ngojèngkang kaluar
bari ngarawèl batrè anu digantungkeun dina bilik. Mangkat lalajo.
Babaturan geus teu aya sapotong-sapotong acan, kabèh geus
naringgalkeun.
Poèk, poèk lètèk. Jeung pras-pris deuih.
Samping dibebentingkeun, baju diparèt dikancingkeun, totopong
diteregoskeun. Gidig leumpang ngagidig. Geus jauh ti lembur mah teu poèk
teuing, rada ogè remeng-remeng. Goak…. Beluk sataker kebek.
Pohara atohna, katingal remeng-remeng di hareup aya nu
ngarungkug ka ditukeun. Nyay disorot ku batrè. Jauh kènèh. Kuring gogorowokan
mènta didagoan, tapi teu aya nu nèmbalan jeung terus baè laleumpang. Bari
ceuceuleuweungan beluk leumpang beuki digancangan, hayang geura-geura nyusul.
Beuki deukeut beuki deukeut. Jep kuring eureun tetembangan, lantaran kadèngè
hawar-hawar sora nu jejeritan mènta tulung. Bari nyorotkeun batrè terus,
derengdeng kuring lumpat. Geus deukeut pisan katingal dina caangna cahaya
batrè, jelema duaan marakè pakèan hideung ngabèbètèng nu teterejelan jeung
jejeritan tulung-tulungan. Teu sak deui nu keur di bèbètèng tèh … Ki Arma dulur
misan kuring. Pudigdig kuring ambek. Nyay-nyay batrè ngacongan bengeut-beungeut
nu ngabèbètèngna. Masya Alloh …. Barosongot, halisna karandel, panonna balèèr
beureum. Pada-pada nyarekel pepentung. Katingal Ki Arma dibakutet ku rantè anu
tingbaranyay hèrang, Bareng jeung bregna hujan, kuring narajang … Habek
pepentung kana sirah …leng kapoèkan. Teuing sabaraha lilana teu inget tèh.
Inget-inget awak ngahodhod, pakèan rancucut. Hujan geus raat, di langit bèntang
ancal-ancalan, malah bulan ogè geus tèmbong ngelemeng sagedè sisir. Sirah
karasa lieur, tapi kuring maksakeun balik sasat ngorondang ….
Nepi ka imah kuring ema-emaan, mènta dilaan tulak.
Kulutrak tulak dibuka, bray panto muka. Lain Ema nu muka tèh, tapi anak
tatangga—Nyi Enèh.
“Geuning Nyai, ari Ema ka mana?” ceuk kuring ka Nyi Enèh.
Geus biasa pisan mun Ema jeung Bapa angkat wengi sarta kuring teu aya di imah,
Nyi Enèh tèh sok kapeto nungguan.
“Tadi aya nu nyusulan cenah, … Ki Arma maot!”
Leng…leng… golèdag kuring meubeutkeun manèh kana tempat
sarè. Sirah lenglengan, titinggalan kararonèng.
Ti harita kuring teu hudang deui, terus gering. Beurang
peuting ditarungguan. Ema teu eureun-eureun nangis. Bapa katingalna nguyung
pisan. Mun peuting taya kendatna ku nu ngaraos. Nu ngalandongan mah
ngalandongan, ngesèh unggal Jumaah, tapi…
Inget kènèh harita tèh bada isa, nu ngaraos rèang kènèh.
Torojol-torojol … gulang-gulang duaan marakè sing sarwa hideung. Nu saurang
ngajingjing rantè munggah babaranyayan bodas, nu saurang deui nyekel pepentung.
Ningal beungeut-beungeutna, ras kuring inget ka nu ngabarèbètèng Ki Arma
barèto. Bari teu ngomong sakemèk, reketek leungeun kuring dibakèkèng. Kuring
adug-adugan jeung jejeritan ogè teu dipalirè. Geredeg digusur ka luar. Kadèngè
Ema aluk-alukan, nu sèjèn rèang maridangdam.
Di buruan nyampak kuda belang sadua-dua. Kuring
ditaèkkeun ka nu hiji. Sala saurang gulang-gulang tèa mancal kana kuda nu
ditumpakan ku kuring, diuk tukangeun,. Nu saurang deui nyorangan. Kuda
digaredig … ditegarkeun. Cijoho, Cilimus, mèngkol ka Sumber, Paselaran,
Palimanan …. Bray beurang tèh geus nepi ka Kadipatèn. Anèhna najan kuring
tulung-tulungan sapanjang jalan, kabèh jelema anu kaliwatan saurang ogè teu aya
nu mirosèa, arongkoh-ongkoh baè. Ti Kadipatèn terus ka Nyalindung. Liwat kota
Sumedang. Mèngkol ka katuhu mapay jalan dèsa, bras ka Subang. Ti Subang ka
Kalijati, Cikampèk, Dawuan, Karawang … gampleng kuring diteunggeul sirah
satakerna. Lengngng…teu inget di bumi alam.
Inget-inget geus dirariung ku jelema-jelema anu teu
warawuh. Ningal beungeut-beungeutna, bangun anu careuceubeun ka kuring tèh. Di
antarana aya anu geus kolot pisan. Awakna kuru kawas rorongkong jeung tina
palebah cungcurunganana terus-terusan merebey getih.
Ana gerem tèh nu gigireunana ngagerem, peresis sora
maung, “Silaing tèh bener incu Aki Jaya?”
“Bener!” tèmbal kuring, males teugeug.
“Nyaho ka Nyi Sarni?”
“Nyaho, bibi kami, tapi geus maot!”
“Nyaho ka Ki Nata?”
“Nyaho, salaki Bibi Sarni, ogè geus maot!”
“Nyaho ka Sarmun, ka Si Asman, ka Si Marni, ka Si Arma?”
“Nyaho, kabèh anak Bibi Sarni jeung Mang Nata. Kabèh geus
maraot.”
“Kabèh digusuran ka dieu!”
“Hah?”
“Bongan Aki manèh, Aki Jaya teu nohonan jangjina.”
Na jangji naon aki kami tèh?”
“Ayeuna ogè manèh digusur ka dieu,” manèhna
teu mirosè pertanyaan kuring. “Moal dipulangkeun deui, mun manèh cara
dulur-dulur, bibi jeung paman manèh teu bisa nuduhkeun di mana
disumputkeunana barang nu dijangjikeun ku Aki manèh rèk dipulangkeun ka bapa
kami.”
“Naon barangna tèh?”
Sakali deui manèhna teu mirosèa pertanyaan kuring, kalah
ka pokna, “ Baheula, aki manèh meredih ka kokolot kami di dieu, sangkan dibèrè
jimat anu maunatna matak dipikagigis ku sasama. Nya dibèrè kalawan perjangjian.
Kahiji, anak incuna teu beunang dipasantrènkeun. Kadua, Sanggeus aki manèh
maot, èta barang kudu dipulangkeun.”
“Naon sababna anak incuna teu beunang dipasantrènkeun?”
“Lantaran nu ngigama mah moal bisa digusur ka dieu,
saperti Bapa jeung indung manèh. Untung nu sèjèn-sèjèn mah teu ngarigama, manèh
ogè henteu.”
Mèmang Bibi Sarni, Mang nata jeung anak-anakna tèh henteu
ngarigama pisan. Nya kitu deui kuring. Kakara kuring ngarasa hanjakal. Meureun
mun kuring barèto daèk mah dipasantrènkeun ku Bapa, ayeuna tèh moal kasarad
kieu.
“Ayeuna aki manèh geus maot, geus aya lima taunna. Tapi
èta barang tèh lain dipulangkeun, malah disumputkeun. Ayeuna kami rèk nanya, di
mana èta barang disumputkeunana? Mun manèh teu bisa nuduhkeun, sirah manèh
baris dipakè tatapakan di dieu, cara bibi, paman, jeung dulur-dulur manèh.”
“Enya, naon atuh barangna tèh?”
“Tuh tènjo!” bari nunjuk ka aki-aki nu kawas
rorongkong tèa. “Geus mangtaun-taun bapa kami disiksa, diteukteuk tungtung
cungcurunganana ku kokolot. Paneukteukanana dibikeun ka aki manèh dijadikeun jimat
tèa. Ayeuna èta kokolot nu telenges tèh geus diganyang ku kami sarèrèa, ku
rahayatna. Pok sebutkeun, di mana disumputkeunana èta barang ku Aki manèh?!
Leng kuring nginget-nginget …. Tapi asa taca kungsi nènjo
Aki kagungan jimat nu kitu. Cenah tungtung cungcurungan, boa-boa … tungtung
cungcurungan-cungcurungan kitu mah … buntu. Ras kuring inget, mèmèh pupus tèh
Aki maparin iteuk ka kuring. Saurna, “Sumputkeun sing buni!”
“Teu nyaho ari nu kitu mah,” tèmbal kuring, “Aya sotèh nu
dipiwarang disumputkeun tèh … iteuk.”
“Iteuk naon?”
“Waregu.”
”Kumaha rupana?”
“Lorèng-lorèng kawas buntut maung.”
”Enya, èta!” omongna giak pisan. Nu sèjèn caruringhak.
Komo si aki mah. “Di mana ayeuna?”
“Di imah, diselapkeun di jero bilik.”
Gancangna èta jelema nyalukan gulang-gulang nu nyarulik
kuring. Maranèhna dititah mulangkeun kuring bari nyokot iteuk tèa.
Kuring ditaèkkeun deui kana kuda cara tadi basa dibawa ti
imah. Berengbeng-berengbeng kuda dilumpatkeun …
Nepi ka imah kasampak waruga kuring geus digojodkeun
nyanghulu ngalèr, bari pada nyaleungceurikan.
“Itu iteuk waregu jeroeun bilik pangnyandakkeun,
alungkeun kaluar ka nu poèk!” ceuk uring bari nunjuk. Puguh baè rèa nu
tibuburanjat, malah teu saeutik anu alumpatan sarieuneun.
“Hirup deui! Hirup deui! Allohu Akbar!” Kolot-kolot mani
rècok.
Uwa marebot ngojèngkang, ngadudut iteuk tina jero
bilik, sakumaha panuduhan kuring. Tuluy dibawa kaluar, dialungkeun.
“Aya nu nyanggap ti nu poèk!” omongna ka nu araya.
Ayeuna kuring jadi wekel solat, da sieun kasarad deui.
Di cutat tina : https://bujanggamanik.wordpress.com/2009/04/10/608/#more-608
Tina Jurig
Gedong Sètan, Karya Ki
Umbara
Ieu mangrupikeun kasaksian anu kuring bakal béjakeun ka sadayana pikeun ngupingkeun. abdi parantos nikah salami 4 taun sareng dina taun kalima perkawinan kuring, awéwé sanés ngagaduhan mantra pikeun nyandak pameget kuring jauh ti kuring sareng salaki kuring ngantunkeun kuring sareng murangkalih sareng kami parantos sangsara salami 2 taun dugi ka maksadna tulisan dimana ieu lalaki Dr.Wealthy parantos ngabantosan batur sareng kuring mutuskeun masihan anjeunna nyobian ngabantosan kuring nyandak salaki kuring ka bumi sareng percanten ka kuring kuring ngan ukur ngirim gambar kuring ka anjeunna sareng salaki kuring sareng saatos 48 jam sakumaha anjeunna parantos ngawartosan, kuring ningali mobil nyetir ka jero bumi sareng éta éta salaki kuring sareng anjeunna parantos sumping ka kuring sareng murangkalih sareng éta sababna kuring resep ngajantenkeun anjeun sadayana dina masalah anu sami pikeun pendak sareng lalaki ieu sareng kakasih anjeun balik ka diri anjeun na email: wealthylovespell@gmail.com atanapi anjeun ogé tiasa ngahubungi anjeunna atanapi whatsapp anjeunna dina +2348105150446 Blog ieu: https: //wealthylovespell.blogspot.com ..... hatur nuhun pisan Dr.Wealthy. ...
ReplyDelete