Saturday, August 13, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : NYELEWENG BAGIAN KA DUA

NYELEWENG BAGIAN KA DUA

Basa kuring mulang ti pagawean, henteu tisasarina pamajikan teh buad baeud. Rarasaan mah tara telat ngirim keur bekeul kulawarga unggal bulan oge. Rumasa kuring mah gawe usrip alias usaha ripuh ngajualan baju loak di Garut, matak teu bisa unggal poe ngirim teh. Balik  soteh sono ka neng imas jeung si bungsu Acep, budak kuring.
"Mah.... aya naon? asa teu biasana Mamah beketut kitu. Atuh geulisna enke palid ka laut." Ceuk kuring dibareungan ku hereruy. "Ah teu kunanaon, raraosan bapak we eta mah Sensitip". Tembalna teh teugeug.
     Isukna pamajikan teh menta dianteurkeun ka alun-alun, aya babaturan SMA cenah hayang panggih. nya bakat ku nyaah, cape-cape oge pamajikan teh di bonceng muru alun-alun Manonjaya. Geus nepi mah kuring di titah balik nyebutna mah bisi Acep geus mulang, ti sakola cenah, kuring nurut, motor di belokeun, karek ge nepi pos giro kuring poho teu ngeupeulan duit keur ongkos ojegna engke. Ti kajauhan keneh dedeg pamajikan geus katempo. Tapi nu matak heran pamajikan kuring di tatangkep ku lalaki lian. Hate asa teu puguh rasa, asa piraku pamajikan teh wani nyeleweng, nu tadina rek mekelan teh, kuring ngadius mulang. Hate di beberah, " Ah meren babaturan deket keur SMA na gerendeng kuring.
Duh lohor, pamajikan can mulang, nepi ka dur-dur magrib teh teu embol keneh wae. Katampa sms ti manehna nyebutna mah erek ngendong di babaturan aya acara cenah.
     Astagfirulloh... naha pamajikan teh teu mikir kitu, kapan ieu barudak uruskeunenun, jaba isuk pageto kuring mah rek usrip deui. Naha teu sono kitu kanu jadi salaki.kuring ngageremet dina hate, meuni asa ku teungteuingeun boga pamajikan teh. Da atuh baheula mah meuni sakitu belana ka kuring teh. Tisaprakna di tinggalkeun gawe jauh, paripolah na jadikitu.
Isukna kurunyung pamajikan mulang meuni angkaribung ku babawaan, aya baju keur barudak, dahareun jeung buah-buahan. Nyebutnamah pamere ti babaturan. Kuring teu loba tumanya, bisi we pipaseaeun. Nyabar-nyabar karep wae.
Tadi rek poe ieu usrip deui teh tapi pamajikan hayang dianteur ka Tasik, ka Supermarket geus neupi mah seperti biasa kuring di titah balik. Kuring nurut, geus teupi ka imah tuluy beberes keur bawaeun ka garut
"Wayahna , teteh sareng acep ku bapak di kantunkeun kapan ameh hideup tiasa sakola anu luhur, oge gaduh artos kanggo jajan nya! ceuk kuring bari ngilu rambisak barudak unggeuk tuluy ngalesotkeun tangkepanana. Geus beres mah kuring ngadius ka Garut. Teu kungsi heula papanggih jeung pamajikan.
       Geus sabulan saprak balik ti imah, di gawe teh, tapi ieu hate henteu beunang di bohongan. awak mah enya di garut tapi ieu hate nyenghel di lembur. Ras, inget kan adat pamajikan, duka kunaon pamajikan teh jadi kitu adatna. Lamun kuring balik tei pagawean, boro-boro marengan sare kuring, dalah sakalieun maturan dahar oge embung. kalah wae nyonyoo hape. Lamun kuring teu kaopan mah da geus runtag atuhrumah tangga teh. Komo ayeuna nempo barudak diantep dititip-titipkeun ka mitoha ampir unggal poe. Jaba kapanan kur mitoha sabeulah. da mitoha lalaki mah tos ngantunkeun Beu ...... aya naon atuh mamah teh!
      Poe ieu rek balik ka lembur teh geus teu kuat hayang panggih jeung barudak. Geus buras beres mah langsung indit. Datang ka imah eweuh sasaha. Puguh da barudak mah jam hijian keur sakolah diniah. Ari indungna kamana? Can oge ngalengkah, rek ka imah mitoha, kadenge mitoha uluk salam, ngabejaan si nyai, nya pamajikan kuring tea keur ka alun-alun cenah tadi isuk-isuk menta anter ka lanceukna kang Asep.
Hate hnteu benang dibrangbrangkeun, kasedih, kakeuheul, ka panasaran numpuk ngahiji. Baheula oge nganyahoankeun manehna jeung lalaki lian. Boa ayeuna oge jeung lalaki eta deui kereteg hate kuringn ngadius ka alun-alun, rek mepeuskeun kapanasaran.
     Reug motor ereun dihareupeun babancong sasatna motor teh di golerkeun wae sisi jalan, kasampak pamajikan keur rerendengan bari seuseurian gigirin lalaki nu baheula nanangkep manehna. Hate Asa di bohongan, amarah geus ngagedur, rey beungeut karasa panas. Sarerenteng kuring nyampeurkeun pamajikan buk... leungeun kuring neunggeul lalaki gigireun pamajikan. Goak pamajikan ceurik bari menta hampura ka kuring. Lalaki eta ngahunted sieuneun.
Geus nepi kadieu we rumah tangga teh....! Ieu lain nu dipihareup ku nyai teh! Omong kuring bari ngajengjat balik. Pamajikan gogorowokan oge teu di denge. Nepika imah, kuring nyegruk ceurik, nalangsa kana nasib, henteu inget di imah aya mitoha.
Sing sabar Ujang, hampura budak mamah teu bebeja ka ujang. sok sieun siga kieu kajadiana tuda, karunya budak laleutik kenah. mitoha awewe ngupahan bari sarua rambisak.
"Abdi nu lepat mah, teu tiasa ngawarah pamajikan. Ari tos kieu mah abdi abdi nu teu kiat, abdi oge gaduh harga diri. Keun bae barudak geus bisa milih ieu rek jeung saha enke miluna. Tembal teh bari meresan pakean.
      Ari ayeuna Ujang bade kamana? calik dimana? " Keun bae abdimah dimana wae nganjrekna. Samentawis mah nitip barudak, Mah" tembal kuring bari terus pamit rek balik deui ka Garut.
Can ge ngahirupan motor, pamajikan datang, nangkeup kuring bari ceurik.
"Hampura Mamah!Pa! moal sakali-kali deui"
Geus ku bapa ge di hampura. Tapi anggeur niat bapak mah rek ngalepaskeun mamah. Eta lain kahayang mamah teh? Rumasa bapak mah jalma teu boga. Tinggal dagoan ketuk palu jeung surat ceraina. Tembal teh teugeug.
Henteu karasa geus sataun leuwih. Kuring pisah jeung indung barudak. Alhmdulilah gusti mah Maha Welas Asih, Genap bulan pisah ti manehna kuring ngajodo jeung anak Kepala Desa urang Garut, nya imah na deukeut jeung tempat kuring gawe. Malahan mah ayeuna ge pamajikan mah keur bobot. Ari budak ti nyai, Neng Imas milu jeung indungna. Acep mah diurus ku kuring. Puguh minggu kamari teh ngangajak balik balik ka lembur hoyong pendak jeung mamah cenahna teh. Kabeneran aya libur waktu sakola, poe isuk-isuk langsung muru ka lembur.
      Asa henteu lila kuring ninggalkeun lembur teh, teu pira sataun. Tapi asa geus bareda. Ayeuna mah jalan oge geus alus, imah garedong.Tapi ari jog anjog ka imah mitoha teh anggeur eweuh nu robah ngan pulas imah na wae nu geus pudar tapi katempo bareureusih. Imah baheula nu baheula di cicinga ku kuring kapanan ceuk mitoha mah sanggeus lepas ti kuring si nyai loba hutangna. Nya tungtungna imahna di sita. Beu......... imah nu baheula menang hese nyieun.  Da keun bae da hak na ieuh mereunan.
"Ari mamah dimana, Nin? Acep nanya ka nini bari menta dilahun ku mitoha teh.
Hing mitoha ceurik bangun nu nalangsa. Bari nyusutan cipanon dina juru socana tungtung samping, manehna ngadongen kumaha, carita indung barudak neupi ka siga ayeuna. Sanggeus parat nyarita mitoha ngajak karuang tukang, Katempo si Nyai keur diuk tungkul, buukna gimbal, kukuna harideung, sampean di rantean. Beu ningan popotoongan teh kieu kaayannana.
       "Kunaon mamah Acep dirantean, Nin? Acep hoyong ka mamah...! Ceuk acep ngagorowok bari ceurik tuluy nangkeup indungna. Ari indungna kalah ised-isedan siga anu sieuneun.
"Puguh pami teu di rante mah mah sok abur-aburan, cep basa eta ge kapendak di Ciawi." Atuh sakitu teubihna kumaha mun aya jalma jahat".
Kabeh nu nempo kalah ceurik, nalangsa nempo popotongan siga kitu kaayaannana. Sanggeus panggih jeung Neng Imas, oge kulawarga nu lain mah kuring menta widi pamit, Oge hayang ngajak sakola neng imas sina sakola di Garut ambeh katingalikeun. Tapi ku mitoha teu dibikeun, keun bae cenah sina di ajar ngaji didieu mah.
Ba'da asar kuring sakulawarga bali deui ka Garut, bari mawa kasedih, " Gusti mah gede hampura, moga-moga indung barudak gewat di cageurkeun. oge sina meunang kahirupan nu leuwih alus. Kereteg hate kuring.
Dicutat tina : Suara daerah: tahun 2012: ku Dewi nurina Agustin

No comments:

Post a Comment