Saturday, August 6, 2016

CARITA PONDOK SUNDA: PITULUNG ALLOH

PITULUNG ALLOH

Budak kuring nu kadua, nu milu balayar jeung emangna. di gawena aya kalonggaran, manehna bisa mawa adina. Kabeneran ceunah kru urang Pilipina keur cuti. mere saran ka adina sangkan nguruskeun surat-surat kadieu cenah, bong lalaki bari tulamba tolombo ge teu burung beres. Modalnamah cing teh bismilah, jeung tawakal ka Alloh, sangkan dipaparing pitulung, disalametkeun, hate indung mah teu kitu, melang jeung hariwang marengan langkah anak nu rek milu bajuang, meruhkeun lautan nalukan samudra, manteng ka anjeun, sangkan anak dilancarkeun sagala urusan nana.ku titulung Alloh, Alloh aya nu ngabantu kana pamaksudannana.
         Alhmdulilah surat-surat beres, teu kungsi saminggu datang tiket pesawat keur manehna berangkat kacipta rigigna, katempo kontoyongna, inghakna basa pamitan, menta do'a indung sangkan salamet nepi tujuan, dibere nomer telepon, ke cenah di pelabuhan udara anu, dipatau, dianu, dicek, leosna kanu kareta jam 6, muru ka Jakarta. Teu dijajap, teu dibahanan, lain saongkoseun dijalan, tambah kalaparan. Nu indit diteuteup ditonggongna, cipanon ka sedih murubut, marengan lengkahna. Ya Alloh nitip getih abdi sing aya dina panangtayungan anjeun. Sareung nya ka gusti abdi nyalindung manehna. ( QS:3:36 ) kuring nyinghak nyawang nu niat usaha.
Dua poe tiharita lanceukna nelepon, ceunah adina geus salamet. Mani sepa cenah datang teh. Jaba mabok jeung baluas meureun, lain lalakon deket atuh. Reugreug geus kitu mah, ukur munajat kanu kawasa, sangkan manehna salamet, digarawena junun, silih belaan di negara dengeun. Pangpangna nitip ulah poho kana ngalaksanakeun kawajiban, utamana salat jeung puasa.
         Neupi kana waktuna lanceukna cuti, kersaning Alloh manehna menang jodo kabaturna jaman di SMA. Alhamdulilah, teu ngahesekeun kolot, kawin teh sagala benangna. Rumah tagga geus 4 taun boga anak hiji, awewe meuni gelis ngala ka indungna, ari panon ngala ka bapa, cureuleuk , bulu panon centik paranjang, mun ngareret mani ngaborelak. nu atuh bong pati hirup, lain nu urang, beres nyieun mah, minantu katibanan panyakit nu parna, jantung, panyumbatan, cenah. Sabulan kaduana, awakna jug ngabareuhan, ceuk dokter kudu gancang di operasi, tuluy ka RS Hasan Sadikin, sarua kudu ditangani, anu leuwih serius. Ya Alloh mangkaning salakina dilaut. Ku kuring diteleponan manehna cuti darurat. Ampir sataun ubar kaditu-kadieu. Ngan palebah oprasi mah besan teu ngidinan, kitu kuduna, pas kuring keur samen di sakola, nu cikal nyusulan, mimih enggal mulih si eceu repot. Poho ka semah, poho kana sagala kagiatan nu keur lumangsung,  kuring balik. Datang ka imah solat lohor heula, langsung ka imah besan, da harita si eceu, keur titirah, ari anak kuring kamari subuh, indit ka jakarta da aya testing. Da katinggaleun seger, pamajikan kuring ditinggalkeun, kuring ngadua'a , sangkan anak kuring, terus rasa, gancang balik, bisa nungkulan pamajikan. Alhamdulilah, barang nutupkeun gerbang, manehna turun tina ojeg. Gancang cing teh, tuh si eceu repot. Kasampak teh keur ngahanju. Ningali salakina datang leungenna ngupayan, hayang disangkeh. Kuring bari ngais budak, kencaeunana, jam 2 saparapat, minantu anu sakitu geulisna teh mulih ka jati mulang ka asalna, dina sangkehan salakina,
Dicutat tina : suara daerah edisi 4892012: Hj.Emi sudarmini, S.Pd

No comments:

Post a Comment