Sunday, July 31, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : BOBOGOHAN

                                                                 BOBOGOHAN

Basa poe harita jang umar nyindiran, kadengeun ku sohibat, teu antaparah deui eta korsi ditalapung ampir keuna kana awak umar, untung we umar na teu dicabok ge, duh amun dilawan ku ade pasti di kelas ribut. Tah gara-gara di sisindiran kitu menang dua minggu sohibat teu patanya jeung umar.
Pok kitu deui jaja teu menang di carek maksudna tong sok sindir sampir ka sohibat teh keun wae nu geus mah montong di ungkab deui, inggis bisi nyahoeun kabogohna. Nama atuh jaja kalah kolo bebeja ka dodoh nerangkeun soal jaket kadoroy ganola tea. Bener we gara-gara ngobrolkeun kadoroy cenah mah bobogohanna jadi pegat.
Nyaho-nyaho sok melian baju katukang loak mah ti bareto atuh moal bogoh ka sohibat teh, ceuk dodoh bari ngabalinger siga nu handeueuleun. Da ayeuna mah jeket kodoroyna geus dibeli ku abdi, ku kituna dodoh anu kelu manyun jamedud.
“Nyao babaturan mani kelu ngahina ka abdi teh. “ceuk Dodoh ngabalingeur.
“ongkoh dodoh teh bogoh ka sohibat gara-gara nganggo jaket kadoroy sanes”? “Nyao!” Ceuk dodoh bari lumpat. Baruk lain ngan dodoh hungkul anu megatkeun katresna ka sohibat teh. Illah, mimin, amelia, imas oge di apelan ku sohibat dumadak jadi kareuheuleun. Nya gara-gara mah eta kanyahoan modalna, anu jangkung kasep teh jadi palanggan tukang loak, sanggeus di bejaan ku babaturan urut saindekosanana.
            Sohibat kungsi ngangluh ka kuring, nyaritakeun yen kabogohna maregat keun katresna. Ku kitu na manehna menta bongbolongan ka kuring pikeun nganetralisir pasoalan guyur tukang loak tea. Cenah lamun teu dibeberes maneh na bakal ngamuk. Babaturan anu geus ngabejaan negunan baju loak rek di kepretan cenah.
“Lah montong papanjangan, sing jembar panghampura atuh jadi jeleman teh, keun wae isuk ge bakal menang kabogoh anu lewih batan kabogoh nu bareto”, omong kuring mepende amarahna.
Tah kuring moal ngambeuk jeung moal dendam ka babaturan teh, asal anjeun kudu pangneangankeun pikabogohon kuring.” Ceuk sohibat leuir amarahna teh, da tadi mah katempona mani beureum bengeutna balas ku nafsu mereun. Kuring ge meuni sieun inggis bisi di tampiling ku sohibat.
“Bogoh ka saha deui?meuni teu bosen bobogohan teh. “
“Bogoh ka Illah. Cing atuh bantuan ku didinya.” Walon kuring.
“Enya ke peuting suratna dibikeun ka didinya nya”. Ceuk sohibat meuni atoheun pisan.
Sabada magrib sohibat datang ka pangindekosan kuring bari mikeun surat keur ka illah tea teu lila nganjangna teh, langsung balik deui, da mereun masih keneh keuheuleun nempo babaturan anu geus ngawiwirang baju loak tea, anu ngabalukarkeun sabaraha  urang kabogohna rapat megatkeun katresna.
“Enya keun isukan surat teh rek di bikeun ka illah nya! Omong kuring.
Hanjakal poe isuk na kuring aya kagiatan pramuka. Ku kituna surat wasiat ti sohibat di titipkeun ka suhanda maksud teh sina di bikeun ka illah. Suhanda ge daekeun dibere amanat teh. Atun kuring meuni atoh. Terus we kuring indit ka tempat kagiatan.
Dua poe sanggeus mulang ti kagiatan pramuka, kuring nanyakeun suhanda ka babaturan di pangindekosan. Maksud teh nanyakeun surat sohibat naha geus di bikeun ka illah. Malahan indit nage make baju weuteuh jeung make minyak seungit deuih.
“Wah bahaya! Omong kuring dina jero hate.
Ari kitu aya naon nanyakeun. Apan geus dua poe ilah jeung suhanda teh raket bobogohan. Surat balesan ilah ka suhanda dibaca ku uing, “ omong jaja.
Jaja nerangkeun, basa sobihat datang nepungan kuring, suhanda nyieun surat keur ka illah. Ngan sakanyaho jaja ceunah dina eusi suratna loba anu di tip-exs loba anu saralah mereun. Eta surat meunang nulis suhanda teh dibikeun ka jinisna, ngan sakolepat dibaca terus Illah nyieun surat balasan.  Suratna dititipkeun deui ka jaja sina dibikeun ka suhanda.
Anyiiir, cilaka yeuh! Kuring katempuhan buntut maung. Omong kuring ka jaja.
“Ari kitu katempuhan kumaha, sobat?” jaja molohok.
Derekdek ku kuring di terangkeun ka jaja yeun eta surat anu dibikeun ka suhanda teh surat ti sohibat keur ka illah, ngan hanjakalna teu dibikeun ka jinis na, lantaran kuring riweuh ku kagiatan. Kawasna lamun kituh mah eta surat menang sohibat teh di tip eks, ganti ngaran ku suhanda.
Enya meureun kitu. Da uing mah teu kungsi maca, ngan nempo ti kajauhan yen eusi suratna teh loba nu di tipe-eks ,” ceuk jaja bari ngabenerkeun kana omongan kuring.
“Kumaha lamun Sobihat ngamuk, Kuring bisa ditampiling ku manehna!”
“Duka ath keun we di tampiling ge, paling bujur nu katempuhan, lah!” Omong jaja
Bener we Sobihat nanyakeun ngeunaan surat anu kungsi dititipkeun ka kuring anu neupi kaharita tacan aya balesanana. Da sieun ditampiling lamun dibejakeun yen suratna eusina di ganti ku Suhanda, nya kuring nyarankeun sangkan Sobihat nyieun surat sakali deui. Malahan mah tong ngadagoan jawaban ti Illah langsung we malam minggu apel ka pangidekosanana.
“Jadi eusi surat nu kadua ngabejakeun yen kuring rek apel malam minggu ka illah?” talek Sobihat.
“Iraha kuring kudu ngadagoan balesan ti Illah?”
“Engke pasosore kuring rek ngabejaaan ka didinya,” Omong kuring rek ngabejaan ka didinya,” Omong kuring bari nungguan sobihat nulis surat nepi ka rengse diamplopanana. Inget harita teh Sobihat nyieun suratna poe jumaah, jadi apelna ngan kari ngadagoan dua poe deui.
“Astagfirullah! Surat ti Sobihat teh bet kalah poho teu dibikeun ka Illah. Pangna poho, lantaran bada jumaah harita, kuring balik ka lembur, sedengkeun eta surat kalah ditunda dina handapeun baju seragam dina lomari. Tah kakara inget poe senin isuk-isuk, basa kuring rek make baju seragam bet nyampak aya surat ngagoler.
Sanggeus upacara bendera, Suhanda nyamperkeun bari ngambeuk ka kuring, Majarkeun kuring geus codeka ngadu domba kanu jadi babaturan. Balukar talajak kuring, antara malam minggu antara sobihat jeung suhanda parasea di imah Illah. Ari kitu naha bet pasea, kawas anjing jeung ucing wae?
Enya apan basa malem minggu harita, Suhanda apel ka imah Illah, keur kitu datang Sobihat sarua rek apel ka Illah Sobihat ditanya ku Illah bet apel di titah ku saha? Sobihat ngajawab cenah di titah ku kuring Suhanda kasinggung hate na, majar mereun keur ngeunah-ngeunah bobogohan aya nu ngaganggu.
Atuh harita keneh dua nana parasea. Untung kaburu di pisah ku idah jeung eli babaturan saindekosan Ilah. Lamun teu kaburu di bedol, kawasna suhanda jeung sohibat jago garelut. Ku lantaran teu beunang di carek, atuh suhanda jeung sohibat ganjang di tundung di gerebah sina baralik, Malahan ku idah mah Sobihat di baledog make sendal capit keuna kana sirahna
Dicutat tina : ( Majalah Bhinneka karya winaya:2012)
                                                   

No comments:

Post a Comment