Tuesday, August 16, 2016

CARITA PONDOK SUNDA PIKARESEUPEUN: ABDI MAH SANES BANGSAT

ABDI MAH SANES BANGSAT

Ieu kajadian mun teu salah dina bulan November Tahun 1975, waktu babaturan kuring Kang Haer Beres Ujian Akhir kelas III SPG luar negeri alias SPG Swasta, kuring jeung Kang haer teh sakamar di jalan Kalektoran Kalereun Kaum Tasik nu kiwari mah geus diganti ngaran jadi jalan R. Ikik Wiradikarta, malah geus salin rupa loba toko jeung hotel ayeuna mah, da baheula mah didinya teh ukur tukang baso, tukang pecel, surabi, malah tukang pecel jeung bubur ayam mah tepi ka ayeuna masih aya.
     Beres ujian poe panungtung Kang Haer pakaulan, nuturkeun kabogohna ka Sukaraja, teu bebeja ka sasaha, ma'lum harita acan aya handphone. Dina aya nage moal kabeuli, malum jaman prihatin kabayarn iuran ge alhmdulilah, kuring jeung batur sakamar kaasupan dunungan lengiteun Kang Haer nu can balik wae. Asar teu jol, Magrib suwung, Isa kalah ka Subuh Kang Haer can hol wae. Sararea hariwang sok bisi kumaha onam.
Na atuh ari kurunyung teh jam salapan isuk-isuk bari awak kusut, malum kurang sare jeung teu nyalin ti kamari, bari teu boga ongkos beca leumpang ngingkid ti padayungan ka Kalektoran sakitu jauhna ari ukuran leumpang ti kota mah. Dunungan Hariweuswus nanya Kang Haer timana ti wayah kieu kakara datang, bari teu poho nyiapkeun sangu nu leungit sapeupeuting.
Rengse dahar Kang Haer balaka neupi ka lalampahannana.
"Sabada beres ujian abdi teh Bu..... ka Sukaraja jajap rerencangan ", omongna.
"Naha atuh karek balik wayah kieu?" ceuk dunungan,
"Numawi abdi teh kajongjonan ngobrol dugi tabuh salapan, weungi. Maksad mah abdi bade ngiring mondok margi sesah kandaraan, mung sepuh rerencangan ngawageul teu kenging di dieu saurna. Margi bumi istri hungkul" Ceuk Kang Haer.
Kuring jeung batur sakamar, Kang Ayat, Kang eman nu urang Banjar silih pelong, bari teu kuat hayang seuri, kabayang da enya jaman harita mah kandaraan teh teu jiga ayeuna jam sabaraha wae oge pating suliwer. Harita mah mun tas sareupna patali marga geus rehe. Paling hiji dua nu ngaliwat. kitu oge treuk barang, atawa nu keur ngangkut sampeu keur pabrik aci.
         Kang Haer nuluykeun caritana. Cenah megat kandaraan ti jam salapan, aya treuk ngaliwat terus di pegat. Ari pek teh treuk sampeu, terus wae naek ka luhur treuk ngahiji jeung sampeu, Asa can bener-bener diuk ieu ge, treuk mengkol ka kenca, bus ka pabrik aci bagogog, Kang Haer bingung. Nempo aya panumpang, supir ngagorowok. Rek kamana jang? "Ka kota Kang, Jawab teh. "Har karunya teuing, wayah kieu mah moal aya mobil ka kota, di dieu we sare di pabrik, jeung emang", ceuk supir karunyaaeun. "Bade megat truek we kang manawi aya," Sok atuh geura aya treuk barang, Cek supir.
Kang Haer leumpang ka sisi jalan, nu poek mongkleng ari tukangeun pabrik teh leuweung mahoni nu jarangkung badag pikasieuneun meh dipopohokeun susuganan da hate mah merekedeweng hayang tepi ka sisi jalan aspal. Keur kitu aya truek ngulampreung. Ku kang haer dipegat. Kabeneuran truek sampeu, atuh kacalacat naek nyongclo dina luhureun truek.
        Ari sugan teh rek miang ka kota, manahoreng muru ka pabrik aci anu tadi teh. Kulantaran teupurun milu ka pabrik aci, Kang Haer turun ti tengah jalan,  tengah leuweung anu sakitu poek mongklengna.
Ditengah leweung aya hiji imah nenggang. Kang Haer muru ka eta imah,maksud teh hayang milu meuting da geus teu kuat tunduh, nempo kana jam tangan geus tabuh  12  peuting. Barang di deukeutan nu boga imah teh masih gelecok acan sarare.
Ti kajauhan Kang Haer, gogorowokan bari mipit amit: Punteeen! Punteeen kulan!
Ari sugan teh di jawab kunu boga imah teh, naha atuh damar anu paranti nyaangan imahna kalah di pareuman. Panasaran Kang Haer ngadeukeutan neupika mancal, kana babancik imah, ."Punten!punten! abi semah hoyong ngiring meuting!
Lain kalah dijawab, nu boga imah anu tadina gelecok teh bet kalah jempling, kawas gaang katincak, malah kadenge siga lalumpatan arasup ka jero enggon. Pikir tambah baluweung, mana teu kuat nahan kasieun, ditengah leweung, jeung tengah peuting anu sepi jempling, hayang milu meuting teu diwaro kunu boga imah.
        Deudeuh teuing jalu anaking, terus kumaha pilampahan?ceuk nu boga imah panasaran. Kuring nu ngadengena milu nganggreus deuih. Nyaeta cenah mun heg nekad ngingkig ka kota anu anggangna aya kana 15 kilo meterna kawasna moal nepi ku teu kuat balas tunduh jeung awak lempoh. mun heg nekad sare ngagoler luhureun jukuthandapeun tangkal kiara sisi jalan, sok inggis bisi dihakan maung, direwod careuh, atawa di surudug bagong.
Panasaran Kang Haer nekad, bilik imah nu boga imah dipolongowan ambeh molongo, terus ngagorowok deui, : Bu!Bu! Abdi ngiring meuting!" masih keneh teu diwaro.
"Bu abdi teh murid sakola, anu nembe lulus ujian SPG. Punteun bu ngiring meuting. Abdi sanes bangsat!"
tah barang diomongkeun lain bangsat, nu boga imah ngurunyung bari mukakeun panto. Terus ngajak Kang Haer asup. Nu boga imah ngabageakeun kang haer meting di imahna. Bari mere sarung keur simbutna
"Hampura ujang ti tatadi ge teu dipalire ki ibu teh. Da eta inggis bisi bangsat. "Apanan minggu katukang imah ibu kapalingan," Ceuk nu boga imah.
"Numawi abdi meuting dumeh pangeusi ieu bumi mani rame teu acan marondok," ceuk Kang Haer."
Nyaeta keur marasak, apanan si cikal bade dikawinkeun. Tah Ujang sumping dina waktosna nya"! omong nu boga imah.

Dicutat tina : Majalah atikan:2015:Dedeng Permana

No comments:

Post a Comment