Thursday, August 4, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : NIMU DUIT

PATEPUNG

Epul terus leumpang. nikreuh mapay totoang jalan renung dina tarangna, pabeubeurang kapanasan. Kota keur mejehna rame pisan patalimarga macet di saban parapatan. Sora kelakson jeung sora nu ngamen, jiga nu keur patembalan. kareret aya tukang es campur, hareupeun tukang pakean. Epul ngarandeg, melong ka budak nu keur nginum jeung indungna. Maneh na ge hanaang pisan, tapi taya duit keur meulina
Duit?pan aya na pesak?
nepul ngarampa pesakna, aya dompet ngabengul, eusina duit lambaran. Pek we duitna, pilakadar keur meuli es campur! paling ge ukur lima rebueun! ulah! pan eta teh lain duit maneh! lah, moal aya nu apaleun ieuh! duit papanggih! Sok we pake.di pake kabeh ge moal aya nu nyarekan ieuh.
        Nandang ngahuleng. Lengeuna ngarampa pesak. Dompet kandel aya keneh na pesakna. Tadi sabot ngaliwat ka hareupeun masjid agung, manehna manggihan eta dompet. Ngagoler deket pager. Kareret sabot manehna mulungan palastik urut akua. keur jualeun.
poe ieu can bebenangan loba.Karung maneh na ditunda handapeun tangkal palem di juru alun-alun. Maneh na geus gilig rek nepungan nu boga dompet. Aya alamatna na dompet aya KTP nu bogana. Aya duitan deuih. Saratus rebuan duka sabaraha lambar. teu wani ngitungna. teu wani nyabak-nyabak acan kana duit namah. Ukur ditingali KTP na. Nu nyelap jeung rupa-rupa kartu liana.
"Halik, tong ngahalangan jalan! aya nu nepak kana taktakna. Lalaki nu keur manggul dus. saepul gancang nyisi. Ret deui kanu keur ngaladangan es campur. Rek kana roda gorengan gigireunana. Ti isuk maneh na can dahar nanaon indit ti imah teu weleh beteung na kosong. Ukur aya indungna di imah kontrakan na teh. Indung na geus aya saminggu na geuring. Batuk wae, menang duit ladang ngajual cangkang akua ge sok terus di bikeun ka indungna.
Arek jajan moal? eta pan na pesak aya duit, malah bisa di pake ka dokter, ngubaran indung maneh! maneh hayang ningali indung cageur pan!
        Enya atuh hayang ningali indung cageur mah. Sanggeus ti lembur pindah ka ieu kota, si ema ngadon geuringan. Can kaburu neangan gawe. jeung duka kunaon atuh, si ema bet hayang pindah ka kota. Hayang nuturkeun c bapak kitu? nu ceuk batur mah geus jadi urang kota.
Epul ngarenghap jero. ngarampa deui pesakna. Lain duit uing ieu mah tapi duit batur, teu menang di pake! Epul leumpang deui. jalan pahlawan nu keur di tuju jauh keneh. Jalan Pahlawan no 9. Enya ieu mah agreng. Pageurna jangkung. Epul nantung semu bingung. Kumaha asupna? taya sasaha? tapi ah aya bel.
Epul jengke sangkan bisa mencet bel nu aya dina panto pageur. Sanggues rada lila nungguan panto pageur muka.
Rek naon? epul teu waka nembalan. Anggur melong bengeut lalaki nu cik keneh, jeung foto nu aya na KTP . Nu tadi di ilikan deui samemeh mencet bel. Hayang yakin, enya ieu jalmana nu boga dompet tea,
         Can kolot pisan nu boga imah teh, nu kiwari keur melong bodak kucel nu nangtung di hareupeunnana. Budak lalaki nu geus nyebabkeun jantung na ratug.
Abi bd masihkeun dompet  ceuk nandang. Dompet? Ya allah manggihan dompet nu bapak anjeun teh? eta lalaki nu semu reuwas "Cik mana"?  epul ngaluarkeun dompet tina pesakna sok di bikeun.
Alhmdulilah..... ceuk eta lalaki Dompet di buka.eusina teu kurang.
"Nuhun jang nuhun pisan! saha ngaran ujang teh?" Nu boga imah nanya.
Abi Epul..... "
           Bakat ku bungah, epul di ajak asup ka imah. Malah sina mandi jeung dibere salin. Rengse mandi Epul, di bere dahar ponyo nakeur. Nu boga imah teu weleh melong, sanggeus dahar, Epul terus di tanya sagala. Epul urang mana? saha indung bapak? jeung sajabana. Ku epul di jawab saayana.
Bangun nu teu ka ampeuh, nu boga imah terus ngarangkul epul. 'Anaking...... ceunah" epul hareugeueun. Can ngarti kanu kaayaan nu sabenerna.
"Hampura bapak...." Ukur kalimah eta nu kadengena. Sababaraha kali nu di ucapkeun anu boga imah, nu keur ngarangkul ngusapan sirah epul..
Tamat...............
di cutat tina : Majalah Loka tahun 2014

No comments:

Post a Comment