Friday, August 12, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : SI KABAYAN DI CUKUR JEUNG SITU BAGENDIT

Si kabayan di cukur

si kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jahe=jago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.
sakali mangsa si kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan supratman. ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.
si kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na teh…. “tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. si kabayan nu keur ngalenggut ngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si kabayan nyarita “pondokeun wae mang…”  trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui… ” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun wae mang…”ceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deui peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. si kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku Rahwana… antukna si kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh…” ngan hing wae si kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”

SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.
Dicutat Tina : hamidcell.wordpress.com/kumpulan-makalah/dongeng-bahasa-sunda/

No comments:

Post a Comment