Tuesday, August 2, 2016

CARITA PONDOK SUNDA : MAEROH MENANG KALPATARU

MAEROH
Balik ti Jakarta, Na eroh diarak sapanjang jalan ti awit tapel wates Kabupaten Garut jeung kabupaten Tasikmalaya nepi kapendopo Piala kalpataru anu cenah bahanna dijeuna tina logam emas teh teu bisa dibawa ka imahna ditunda di pendopo.
“Duh pami hadiah Kalpataru emasna diical ka toko, panginteun ema teh benghar, nya! Candak we atuh, Ma!
Ceuk pak Samsul.
Manawi ema ge tiasa kitu, nangis wios lah. Ema mah tos bingah tina ladang cape salami dua tahun punjul mabok gunung ngaraos cai ngocor nyuburkeun tatanen oge. Da geuning wios diuar uar janten pahlawan kalpataru hirup ema mah nya kieu we tukang miara hayam sareng melak pare,” Walon ma eroh basajan.
“Naha geuning Ema teh bet kawas anu teu reueus kenging kalpataruteh”? kuring nanya ka maeroh
“Bingah nya bingah we, da sanes kahoyong ema di agung-agung nanging pamarentah we nu kagungan alpukah mah. Mereun disangki batur mah ema teh dumadak jadi jalma beunghar, geuning ku ujang ka sakseni nya kieu ayana. “ ceuk Ma Eroh bari nyebutkeun nepi kaharita lembur pasir kuda tacan di listrik. Keur sakalieun hayang lalajo tipi oge kudu make aki.
“Naha leres ema kantos rumahhuh bakat ku teu kuat nyetrum aki?”
“Sumuhun. Apanan kanggo nyetrum aki teh awis ku ongkos di jalana. Pami dipanggul iraha nepina ka tukang nyetrum aki teh”. Walon ma Eroh.
Eta ge maeroh sok ngarasa reueus mun hayang aya cara kanagaraan sok mikeun di ogan ngahadirin acara di Kabupaten atawa di provinsi. Miang ka kota di papag mobil mewah. Ngan nya kitu ari gs mulang awak sok ripuh, apan Ma Eroh teu kuat ku AC. Jeung balikna kudu leumpang ngingkig mapay-mapay galengan apanan mobil anu nganteurkeun teh ngan tepi ka jalan buntu.
Pami di ogan ka kota ema wareh tuang anu raos-raos, mulih di ongkosan nya?
Numawi neda parasmanan sareng rencang sanguna nu kararakitu teh asa kirang nikmat, malihan ,mah sok asa sebel, masih keneh neda sareung pais belut, lalab peteuy selong di coel sambel, “
Pa sobihat miaran, atuh alusna ema sareung kulawarga ngalih ngajrek ka kota. Namina ge pahlawan kalpataru tiangtu dijamin sapuratina. Nanaonan hirup di kampung anu sakitu jauh mula meluna, ari di kota mah sagala nyampak, teu kudu riweuh nyetruman aki deuih.
Saha cenah anu nawaran Ma eroh kudu cicing di kota. Jeung saha anu baringas ngariksa kahirupannana. Lamun heug nyaah mah atuh bere duit keur pimodaleun hirup. Lamun heug nyaah mah atuh bere duit keur pimodaleun hirup. Ma eroh mah teu kaleuleuwihi.

No comments:

Post a Comment