GAJAH ELEH KU SIREUM
“Abdi mah aya nu teu ngartos dina suten teh, Ceu.” Omong Dadan ka lanceukna, Ceu Sartika. Naha kumaha kitu, Dan?” ceuk lanceukna. Naha gajah eleh ku sireum? Kapan ari gajah mah sakitu ageungna.”
‘’Ih, kapan aya dongengna eta teh.” “ Kumaha dongeng na teh, Ceu? Dongengkeun ayeuna ka abdi !”
Baku dadan mah ari geus hayang dipangdongengkeun lain wayah teh. Mun rek ngadongeng mah euceuna kudu keur salse atuh.” Wios atuh ayeuna oge.” Sakeudap we, ceu, omong dadan, keukeuh maksa hayang di pangdongengenkeun. Heug rek di pangdongengkeun, tapi dadan kudu mantuan eceu sasapu diburuan, terus nyeboran tatangkalan kekembangan.
Mangga, lah. Pokona mah asal ayeuna dipangdongengkeun, “tembal Dadan bangun atoh nekar.
Kieu dongengna teh, ceu sartika ngamimitian ngadongeng. Aya gajah matuh dina hiji leuweung. Lantaran ngarasa jadi sato nu panggedena, eta gajah teh sok asa aing pisan. Tara ngajenan ka sasatoan sejen, pangpangna kanu laleutik. Mun sakadang gajah ngalewat kahiji tempat, tara ieuh nolih kana tincakakeun, sagala didupak, sagala diideuk.
Tah anu mindeng ngarasa dikakaya teh sierum teuing geus sabaraha kali sayangna ancur katincak ku sakadang gajah. Atuh sireum teh loba nu paeh. Gegedug sierum geus sababaraha kali nyarita ka gajah, lamun rek ngaliwat teh kudu tetempo heula, ulah sok sangeunahna, tapi sakadang gajah teh teu ieuh daekeun ngadenge omongan sireum. Pilakadar oge sato leutik, ceuk gajah dina jero hate na, naha kahayangna kudu make digugu sagala.
Sakitu geus dibejaan oge, sakadang gajah anggeur teu robah kalakuanana. Mun ngaliwat kanu lebahheun aya sayang sireum, anggeur sok sangeunahna. Malah aya nu rasa atoh mun nenjo sireum buriak lalumpatan lantaran sayangna kaiidek teh.
Antukna mah kakeuheul sireum teh geus teu katahan-tahan, maranehna nyusun rencana pikeun males kalakuan sakadang gajah. Nya terus nyieun lobang gede pisan, di keureuyeuh ku lobaan, da sierum mah rea baladna. Najan waktuna lila, tapi ahirna mah lombang teh teu burung anggeus. Ukuranana cukup keur awak gajah ngalewat ka belah dinya.
Akhirna mah anu di dago-dago teh datang, waktu ngaliawat ka lebah lombang, sireum terus ngarintip di sabudeureun lombang, bari ngadagoan bari ngadagoan gajag ngalewat kadinya .
Ahirna mah anu didago-dago teh datang. Waktu ngaliwat ka lebah lombang, sakadang gajah anggeur leumpangna teu nenjo tincakeun. Da ngarasa jadi sato pangkuatna tea.
Barang teupi ka luhureun lombang, ngan gebros wae gajah teh ti poros, terus ti beubeut ka handap. Lantaran lombang na jero, gajah teh heseueun hanjat. Maneh na ukur bisa agal ugil dina jero lombang.
Sabot kitu, rob wae sierum napuk awakna. Gajah digegelan ku rebuan sierum. Atuh maneh na teh ukur bisa adug adugan, da ari pek ngalawan mah hese. Ku awakna ge geus sakitu beratna. Jaba dina kaayaan ripuh aya di jero lombang.
Tungtungn namah sakadang gajah teh ampun-ampunan. Ti harita, sakdang gajah ngaku eleh ku sireum. Manehna sadar, geuning sato anu sakitu leutikna oge dina ahirna mah bisaeun ngalawan bari boga kakuatan lamun geus ngahiji mah.
“Tah, kitu pangna gajah eleh ku sierum teh , Dan, ceu sartika mungkas dongengna.
Atuh ari kitu mah elehna gajah teh pedah dihurupnya, Ceu?
Enya, Ah, ieu , mah ngarana oge dongeng walon ceu sartika.” Hayu ah, ayeuna mah urang sasapu!”
Katerangan Kecap
1. baku = biasa
2. lain wayah = lain waktu
3. asa aing = sombong
4. ngajenan = ngahargaan
5. pangpangna = utamana
6. Nolih = malire, merhatikeun
7. dikakaya = di sasangsara
8. gegedug = pamimpin
No comments:
Post a Comment