Tuesday, July 19, 2016

Dongeng Sunda : Tangkuban Parahu

                                                                Tangkuban Parahu
1.      Dayang Sumbi jeung Anakna
           Kacaritakeun dina jaman baheula di hiji leuweung aya dua jelema indung jeung anak cicing di eta leuweung. Anakna keur meujeuhna kembang buruan. Ngaran indungna nyaeta Dayang Sumbi, ari anakna nyaeta Sangkuriang. Cicing di hiji saung nu ditiungan ku dangdaunan. Di eta tempat Dayang Sumbi jeung anakna dibaturan ku hiji anjing nu nelah si Tumang. Sangkuriang teu apaleun yen si Tumang nu wujud anjing teh bapana nu dikutuk ku Sang Dewata ti kahiyangan.
            Pagawean sapopoe Dayang Sumbi nyaeta ninun kaen, tapi kadangkala indit ka huma. Ari Sangkuriang pagaweanana bubujeng, lamun bubujeng sok dibaturan ku si Tumang. Si Tumang teh hiji anjing nu satia jeung surti ngabantu ka Dayang Sumbi jeung ka Sangkuriang. Rek teu kitu kumaha da ari pipikiranana mah sarua jeung jalma, ngan jasadna wungkul nu mangrupa anjing teh.
            Dayang Sumbi jeung anakna hirup bagja sok sanakan jauh ti karamean kota, hirup tengtrem dina asuhan sang Dewata. Pantes lamun rupana geulis jeung pangawakanana teu robah istu bleg hiji mojang nu ceuk nu ningali mah moal nyangka geus boga budak.
            Dina hiji poe Dayang Sumbi indit ka huma dibarengan ku Sangkuriang jeung anakna, teu tinggaleun si Tumang ngiclik nuturkeun. Musim panen geus deukeut, nalika panen hasilna teu welwh muceukil. Teu nyahoeun yen muceukilna tiap musim panen ku alatan kanyaah sang Dewata ka Dayang Sumbi.
            Dina hiji poe Dayang Sumbi nyarita ka Sangkuriang yen manehna hayang dipangalakeun ati uncal. Sangkuriang nyanggupan kana kahayangna indung. Sok sanajan salila Sangkuriang bubujeng can pernah moro ati uncal. Kencling Sangkuriang indit bubujeng dibaturan ku si Tumang. Ari Dayang Sumbi indit ka huma.

2.      Di Leuweung
           Isuk-isuk keneh Sangkuriang jeung si Tumang geus tepi ka hiji leuweung nu jarang kasaba ku jelema. Angin ngahiliwir nebak kana dangdaunan matak mawa seger kana awak. Manuk-manuk recet disarada nyingraykeun ka keueung di eta leuweung. Sangkuriang jeung si Tumang kukurubutan
neangan uncal nu keur kabeneran ngulampreng ka lebah dinya. Kabeneran palebah wahangan nu aya di eta leuweung aya uncal keur anteng ngalegik cai. Sangkuriang keketeyepan ngadeukeutan eta uncal, panahna dilelempeng rek dilempagkeun. Panah dilempagkeun tapi teu meneran ka uncal. Uncal lumpat bangun nu kagebah. Sangkuriang ngurangan kana kapercayaan dirina ku gagalna teu bisa ngabeunangkeun uncal. Tara ti sasari Sangkuriang lamun mentangkeun panahna nyamos. Tuluy manehna jeung si Tumang asruk-asrukkan deui ka lebah leuweung nu hara-haraeun. Palebah nu rada lengkob katingali aya uncal keur nyatuan, ku Sangkuriang disampeurkeun bari keketeyepan. Uncal teh ngambeu yen dirina aya nu rek mateni, atuh uncal teh lumpat ti eta tempat. Ku si Tumang diudag tapi teu kaberik, lumpatna uncal leuwih tarik tibatan si Tumang. Uncal ngaleos teuing ka mana. Sangkuriang nu boga rasa tanggung jawab teu putus asa, manehna tuluy asruk-asrukan di eta leuweung. Sangkuriang moal waka balik lamun kahayang indungna can katedunan.
            Waktu geus ngaheab ka magrib, tapi sangkuriang can beubeunangan ati uncal. Si Tumang katingali geus leuseuh balas ku asruk-asrukan bari kuralang kuriling neangan mangsa., nya kitu deui Sangkuriang geus katingali capeeun. Tapi manehna teu pugag neangan uncal pikeun diala atina nu dipesen ku indungna. Waktu beuki ngahaeub ka wanci peuting tapi Sangkuriang can meunang wae ati uncal. Sangkuriang reureuh heula, si Tumang sare tibra naker. Diteuteup ku Sangkuriang eta sato teh, ceuk pikirna, teh hese-hese teuing neangan ati uncal mah, ku aing dipeuncit si Tumang teh, ti batan nyamos teu bisa mawa ati uncal ka indung aing mah. Gap panah dicokot terus dilelempeng, gabres si Tumang dipanah palebah atina pisan. Si Tumang ngusek euweuh nyawaan. Si Tumang ku Sangkuriang atina diala, tukuy dibungkus ku daun. Sangkuriang balik waktu ngahaeub ka subuih. Dayang Sumbi indung nu ngalangeu teu daek peureum hariwangeun ka anakna nu can balik wae. Tara biasana anakna wayah kitu can balik, tapi harita mah anakna can ngurunyung datang. Dayang Sumbi teu sare nepi ka isuk-isuk tamat. Kurunyung anakna datang, gancang indungna ngarangkul ku bakat atoh anak nu dipikahariwangna salamet. Ari ka si Tumang mah teu pati hariwangeun da geus kanyahoan kana pangabisana. Indungna nanya ka anakna.
            “Ujang, na lami-lami teuing? ceuk indungna ka Sangkuriang.”
            “Ieu ibu milarian ati uncal the ngadadak sesah gening,” bari mikeun ati nu dibungkus ku daun ka indungna.
            “Mana ari si Tumang? ceuk indungna nanya deui.”
            “Waktos di leuweung capeeun nya sare tibra naker, ku ujang teu digareuwahkeun da karunya,” ceuk Sangkuriang nyieun alesan nu sakirana bakal kahartieun ku indungna. Indungna teu nanyakeun deui, da ceuk pikirna moal sakara-kara ari si Tumang mah najan aya di nu hara-haraeun oge.
            “Hayu atuh ujang urang asakan ieu ati uncal teh,” ceuk indungna ngajak ka anakna. Indung jeung anak pairing-iring asup ka tempat masak anu perenahna di eta saung. Ati uncal nu ceuk indungnan the diasakan nepi ka asak. Tuluy dalahar bangun nu paronyo pisan.
            “Ujang, ati uncal the mani hipu kieu, nya?” ceuk Dayang Sumbi ka anakna bari deker dahar cacamuilan.
            “Muhun Ibu, da ieu mah ati uncal nu ngora keneh.” ceuk Sangkuriang bisa nembalan mah teu semu-semu nyumputkeun kasalahan.
            Isukna si Tumang can balik wae. Tara biasana si Tumang lunta ti eta tempat nepi ka heunteu nembongan heula. Ari Sangkuriang semu anu bingung kumaha pilampaheun ngeunaan si Tumang. Sangkuriang gilig rek blak-blakan ngeunaan diri si Tumang. Barang ngadenge katerangan kitu ti Sangkuriang, indungna ngambeuk ka Sangkuriang. Sangkuriang diketrok ku cungkir nepi ka worworan getih. Sangkuriang diusir ti eta tempat.

3.      Sangkuriang Diusir
           Sanggeus Sangkuriang diusir ku indungna. Sangkuriang indit ti eta tempat ninggalkeun Dayang Sumbi. Bari mawa kasedih, cimata ngagarendang maseuhan pipina. Teu ngarti ku polah indungna na mani nyaah-nyaah teuing ka si Tumang the, na saha atuh ari si Tumang teh. Nepi ka danget eta Sangkuriang teu nyahoeun naha saha nu sabenerna ari si Tumang teh. Sangkuriang leumpang saparan-paran nuturkeun indung suku da teu aya nu rek dituju ka mana nya nu kudu didatangan.
            Dayang Sumbi nu ditinggalkeun ku Sangkuriang kakara sadar yen manehna geus tarik teuing ka anakna. Nepi ka lat poho yen kasalahan aya di diri manehna, da lamun nyaritakeun nu sabenerna ngeunaan si Tumang mah can tangtu kitu anakna teh. Dayang Sumbi beuki kanyeunyeurieun ti saprak ditinggalkeun ku anakna katambah si Tumang geus euweuh dikieuna. Dayang Sumbi ngarasa kaleungiteun ku dua jasad nu dipikacinta. Nya anak nya salaki geus euweuh ti dinya.
            Pikeun ngaleungitkeun kakesel Dayang Sumbi ninun deui jeung sok rajeun ka huma. Nya ku kitu Dayang Sumbi kebeneran hirupna teh, teu pati nguluwut teuing.
            Pangawakan Dayang Sumbi tetep katingali ngora, malah lamun ceuk nu geus ningali mah katingalina teh siga mojang wae katurug-turug boga rupa nu alus. Ieu teh ku alatan kaasihna sang Dewata ka Dayang Sumbi.

4.      Dayang Sumbi Papanggih jeung Sangkuriang
           Geus lima belas taun Dayang Sumbi papisah jeung anakna teh. Tapi Dayang Sumbi katingalina teh seger wae katurug-turug resep kana dangdaunan nu mujarab kana kasegeran kulit.
            Dina hiji poe aya pamuda nu katingali bangun nu leuleus leumpang dadaligdeugan, bru nambru hareupeun saung Dayang Sumbi. Ku Dayang Sumbi disampeurkeun tuluy diurug, sanggeus rada leuleur terus diinuman, leugik eta pamuda teh nginum bangun nu halabhab naker. Barang pulih sabihara-bihari deui eta pamuda teh nganuhunkeun ka Dayang Sumbi nu geus nulungan manehna. Jeung si pamuda rek milu reureuh di dinya dina sababaraha lilana. Dayang Sumbi jeung eta pamuda hirup babarengan di eta saung bari silih eledan. Dayang Sumbi ngarasa aya batur ayeuna mah katambah eta pamuda the kasep jeung gagah matak resep saban mojang. Dayang Sumbi jeung eta pamuda silih pentangkeun asmara. Nya jangji maranehna rek nikah dina hiji waktu nu ditangtukeun.
            Dina hiji waktu, eta pamuda menta disaliksik. Pamuda teh disaliksik ku Dayang Sumbi. Barang Dayang Sumbi nyaliksik sirah eta pamuda, Dayang Sumbi reuwas barang ningali tarang nu karimunan ku buukna aya urut ngetrok ku pakakas nu seukeut. Tuluy Dayang Sumbi tumanya ka eta pamuda, saha eta pamuda teh. Si Pamuda nyaritakeun pangalaman hirupna jeung nyebutkeun ngaranna. Barang ngadenge dongeng kitu langsung Dayang Sumbi ngarangkul ka anakna nyaeta Sangkuriang. Tapi orokaya Sangkuriang teu ngaku yen eta awewe teh indung manehna. Ceuk dina pikirna na enya awewe nu sabaya jeung manehna indungna, asana teh pamohalan.
            Sangkuriang nagih jangjina yen eta awewe rek kawin jeung manehna dina waktu nu geus ditangtukeun. Dayang Sumbi nolak kana ajakan Sangkuriang, da ceuk pikirna ma enya kudu kawin ka anak.

5.      Sangkuriang ambek
           Sangkuriang keukeuh ngajak kawin ka Dayang Sumbi, teu bisa disisilihan. Ahirna Dayang Sumbi nedunan kana kahayangna Sangkuriang, tapi aya pamenta nyaeta hayang dipangyieunkeun parahu pikeun lalayaran maranehna. Anu waktuna nyieun parahu teh ulah kabeurangan. Lamun bijil pajar can enggeus dianggap kawin jeung manehna gagal.
            Sangkuriang nyanggupan kana kahayangna Dayang Sumb. Dina peuting eta Sangkuriang kalayan dibantuan ku para dedemit jeung siluman nyieun parahu nu kacida gedena. Dayang Sumbi reuwas barang ningali parahu teh anggeus dijieun ku Sangkuriang teh. Tuluy Dayang Sumbi tapak deku bari ngangkat leungeun ka langit.
            “Hiyang Dewata, muga nangtanyungan ka diri kami tina kabingung jeung karisi, muga ayeuna pajar bijil.” ceuk Dayang Sumbi bari ngangkat leungeunna jeung ngageber-geber dangdaunan nu singbarasat cahayaan. Dadak sasakala ti belah wetan pajar bijil, bray nyaaangan sabudeureun eta tempat. Barang ningali pajar bijil sedengkeun parahu sakeudeung deui anggeus, gancang Sangkuriang nyampeurkeun ka Dayang Sumbi, tapi Dayang Sumbi geus teu nyampak di dinya teuing ka mana indit. Sangkuriang neangan Dayang Sumbi. Tapi Dayang Sumbi teu kapanggih. Sangkuriang balik deui ka tempat nyieun parahuna. Manehna ambek tuluy najong eta parahu nepi ka nangkub.
            Nepi kaayeuna parahu nu ditajong ku Sangkuriang ngajangelek jadi gunung nu nelah gunung Tangkuban Parahu. Sedengkeun tatangkalan nu ngarangrangan urut nyieun parahu nepi kaayeuna nelah jadi Gunung Burangrang.
            Kitu nurutkeun carita ceuk rahayat tatar Sunda ngeunaan gunung Tangkuban Parahu jeung Gunung Burangrang
( Dicutat Tina: SundaNews.com )

No comments:

Post a Comment