Tuesday, July 19, 2016
CARITA PONDOK SUNDA : KALAKAY NU MARURAGAN
KALAKAY NU MARURAGAN
TAMAN téh tiiseun ari keur peré mah, teu cara sasarina nu sok pinuh ku mahasiswa nu ngadon dariuk ngobrol, maraca buku, atawa saukur ngarariung saleuseurian sempal guyon gogonjakan. Kalakay caringin jeung mahoni meni ngahunyud mayak dina jukut taman nu héjo, sawaréh minuhan bangku paranti diuk. Kawantu peuting tadi téh hujan mani ngagebrét dibarengan ku gelebugna angin jeung guludug nu patingjelegér. Poé Saptu jeung Minggu mah tara aya nu sasapu deuih di taman téh, milu peré patugas kebersihan ogé.
Rada remen ayeuna mah diuk di taman kampus téh. Sok ngahajakeun. Najan peré kuliah gé, osok ka kampus, ngadon diuk ngalangeu. Aya kalana sawangan téh nungtun imut, tapi mimindengna mah kalah mawa reumbay cimata. Jiga nu kurang saeundan kalakuan téh. Enya, teu waras lamun dipikir-pikir mah. Sugan téh baheula mah ukur carita atawa ukur aya dina lagu istilah ‘cinta gila’ téh, teu nyaho mah geuning ayeuna kaalaman. Enya, nu kieu meureun ari cinta téh, nu nyiksa haté, nu matak rudet pipikiran, nu matak teu tibra saré jeung teu mirasa dahar.
Rét kana bangku beulah katuhu. Nyéh, kuring imut ngagelenyu, rindatna laju kokolébatan deui dina sawangan. Bangku nu pinuh kalakay caringin téh nyimpen carita. Hamo bisa poho. Minggu kamari dina bangku éta kuring diuk paduduaan jeung manéhna. Diuk ngaréndéng jeung Adit, lalaki nu salila ieu teu weléh ngalangkang dina hirup kuring. Cinta jaman SMA nu natrat nepi ka kiwari. Carita lawas anu hamo bisa laas. Manéhna mah tangtu mo surti yén rasa tresna nu baheula, masih langgeng nyampay dina haté nu can tuus raheutna.
Bet jauh ti panyangka, padahal teu ngimpi-ngimpi acan, bisa ngobrol pahareup-hareup jeung bisa neuteup imut manéhna. Dina lamunan gé, teu kabayang tadina mah. Asa pamohalan bisa narima SMS ‘Asalammualaikum’ deui ogé. Boro-boro ngarepkeun SMS, puguh asa geus teu boga harepan manéhna bisa inget kénéh ka kuring gé.
Tadina ogé kuring mah geus boga kaputusan rék nyimpen rasa ieu keur sorangan. Moal ngarepkeun manéhna boga rasa nu sarua. Sadar pisan kuring gé, cinta mah teu bisa dipaksa. Cinta mah masalah nu patali jeung hate, teu bisa dihayang-hayang, teu bisa diembung-embung. Kuring moal maksakeun manéhna kudu boga rasa nu sarua, ogé moal maksakeun maéhan kembang asih nu geus kagok tumuwuh mangkak na jero dada . Geus buleud tékad téh: rék nuturkeun rasa. Moal maksakeun mopohokeun manéhna, da geus puguh hésé pisan mupus manéhna tina jero dada.
Muhamad Aditiya ngaran legkepna mah, babaturan sakelas kuring jaman SMA. Ukur babaturan tadina mah, teu mikir-mikir acan kudu boga rasa saperti ayeuna. Manéhna nu ngamimitian ujug-ujug balaka nepikeun rasa cinta ka kuring. Serius cenah. Teuing kunaon deuih kuring gé bet percaya. Ku kuring gé tuluy wé ditarima, rasa ka manéhna gé nuturkeun jadi robah deuih, leuwih ti saukur rasa nyaah ka nu jadi babaturan biasa.
Teuing, teu ngarti kuring ogé. Rasa kieu téh datangna ujug-ujug, teu méré nyaho, euweuh isarah saméméhna. Nyulusup kana sela-sela haté, sumarambah kana bayah. Nepi ka kuring teu sadar aya nu béda dina kahirupan. Aya bungah, éra, reugreug, awor nyiptakeun pulas kayas dina jero dada. Ka sakola jadi sumanget, balik ka imah sok tuluy umat-imut sorangan. Hirup téh karasa éndah. Ti poé ka poé, teu weléh dipapaés ku imut. Imut nu pangamisna, imut nu giung ku buah gandrung.
Ngan, geuning kaayaan kitu téh henteu lana. Dua minggu ti harita, Adit nyebutkeun yén basa ngomong kitu téh ukur heureuy. Kabéh SMS nu eusina sajak cinta téh ukur heureuy. Piraku cenah teu bisa ngabédakeun heureuy jeung serius. Asa remek saharita jajantung téh, rasa ambek, keuheul, nyaah, jeung éra mutuh pagalo, nyelek dina dada.
Adit ménta hampura. Kuring bingung. Lain kuring teu bisa ngahampura, tapi kumaha atuh, da marojéngjana haté téh geuning teu bisa léah ku kecap hampura. Asa ku babari, teu mikirkeun manéhna mah, yén katresna kuring ka manéhna téh geus kagok tumuwuh di satungkebing lolongkrang haté. Bingung kudu dikumahakeun, da geuningan hésé sirnana.
Pleng wé, tiharita mah kuring tara patanya. Sakalieun kudu paamprok gé kuring sok buru-buru miceun beungeut. Adit nganggap kuring ceuceub ka manéhna. Enya bener, kuring téh ceuceub. Ah lain ketang, ukur keur diajar mikaceuceub. Kusabab geus sakuduna kuring ngéwa. Geus weléh kuring ngipuk kaceuceub dina sela-sela haté. Hayang ngaganti rasa tresna ku kaijid. Tapi weléh teu bisa. Kuring teu bisa ngejatkeun duriat. Katresna masih nyaliara dina dada. Najan enya, moal dipungpang ku kuring gé, rasa kieu téh nyiksa.
Ti Neng Nisa cenah meunang nomer HP kuring téh. Ukur nelepon nanyakeun kaayaan kuring tadina mah. Ngobrol ngalér-ngidul wé dina telepon téh. Henteu nyabit-nyabit masalah tilu taun katukang. Ngahaja ku kuring sok dipéngkolkeun jejer obrolanana lamun geus rék ngomongkeun perkara éta téh. Nepi ka poé Senén kamari, Adit nelepon geus aya di daerah kampus kuring cenah, hayang panggih. Leuh, perang sabil jeroning dada. Di kosan jadi riweuh teu puguh. Bungah, tapi ogé bingung.
Isuk kénéh harita téh. Kakara jam genep. Manéhna rusuh cenah, jadi ngajak panggih harita kénéh. Atuh puguh wé beuki bingung, pak-pik-pek teu puguh. Lieur néangan baju nu pantes. Tadina mah hayang dangdan sina alus ari panggih jeung Adit téh. Hayang katingali geulis di hareupeun Adit. Tapi da boro-boro dangdan atuh, maké baju gé puguh kalah padu rap. Geus nungguan dihareupeun tukang foto copy cenah. Sasatna tipaparétot leumpang ogé, satengah lumpat kuring muru ka tempat nu geus pasini.
Adit ngajak muru ka taman kampus. Leuh, Gusti, ku lelenyapanana ieu haté. Mani asa teu napak basa leumpang ngaréndéng jeung Adit téh. Jantung ratug tutunggulan teu puguh wirahma. Tingsariaktingsérédét. Kuring geus teu bisa ngarampa kaayaan haté kuring harita, asa geus kebek teuing ku kabungah. Bungah anu pacampur jeung geumpeur.
Gelenyu, rarasaan mah kuring imut. Bangku nu pinuh ku kalakay téh diteuteup kalayan anteng. Asa karasa kénéh haté nu seseblakan basa diuk paduduaan ngobrol jeung manéhna.
“ Rahma mah alit waé nya, teu pangling-pangling!” pokna.
Ku kuring ukur diwaro ku imut.
Sakapeung mah ukur sora manuk nu récét keur arulin, patingaracleng dina dahan kai. Can ramé taman téh da isuk kénéh. Jadi, kalah bingung néangan piomongeun kuring téh, kalah paadu betem.
“Kamari ka Sumedang hujan?” ceuk kuring, manggihan piomongeun.
“ Ukur murupuy, ari ka Bandung ageung kitu?”
“ Ageung ungal dinten ogé ka Bandung mah!”
Bep deui caricing, enyaan asa teu penting, hujan waé diomongkeun, asa teu kudu sabenerna mah.
“Rahma, hapunten Adit nya!” pokna meupeuskeun kasimpé, laju rumahuh, ”Adit lepat pisan!”
“Muhun, nu atos mah wios Dit!” walon kuring.
“Rahma…”
“ Rahma mah teu kunanaon da!” témpas kuring, laju tungkul ngucel-ngucel tungtung tiung. Bet karasa peurih dina dada, kuring ngabohong deui. Ah, lamun mah biwir bisa balaka. Bisa wakca neumbrakeun rasa nu geus lila ukur dikemba. Meureun salila ieu kuring moal kasiksa.
Saenggeus rada lila ngobrol ngalér-ngidul bari jeung loba pabetem-betem, Adit téh tuluy wé pamitan. Enya rusuh cenah. Tuluy wé kuring gé ka kelas da aya kuliah.
Di kelas, nu diburu téh Nineu, sobat dalit kuring, tuluy ngabudalkeun rasa nu kebek ku kabungah ka Nineu.
“ Adeuy… Jadi pasti da!” ceuk Nineu sumanget nanggap kuring cumarita.
“ Moal ngarepkeun tikapungkur gé Rahma mah, inggis peungas harepan ah!” ceuk kuring bari nyiwit goréngan nu keur didahar ku Nineu.
“ Ah Rahma mah kitu waé da, saha nu terang atuh. Boa mah salami ieu téh Adit ogé gaduh rasa nu sami, ekhm..ekhm!”
“Ih naon atuh Nineu mah, tos ah tong dibahas deui!” walon kuring.
“Ih, itu geura, pipina meni beureum! Adeuh.. adeuh!” Nineu beuki pogot ngaheureuyan.
“Éh, Pa Hernawan tos kadieu tuh Neu. Stt ah jempé!” ceuk kuring bari ngaluarkeun pulpén jeung buku catetan, asa jadi jalan ngeureunkeun Nineu nu maceuh ngaheureuyan. Aya resepna digeuhgeuykeun ku Nineu téh, tapi aya ogé karisi.
Kuliah tilu SKS téh asa sakeudeung, enya da kuring mah najan enya gé aya di kelas, ari pikiran mah masih manteng ka Adit. Asa masih kénéh diuk di taman. Teu dipaliré dosén nu ngomong dihareupeun kelas mah. Tuluy inget ka omongan Nineu, enya nya boa mah salila ieu gé Adit boga rasa ka kuring. Antukna salila tilu SKS téh kuring mah sibuk ngawawaas cinta nu éndah jeung Adit.
Bérés kuliah, kuring tuluy muru ka taman kampus deui. Ngadon ngarengi-rengi harepan. Harepan diparengkeun pasimpay patepung tresna. Saban peuting nu kapicileuk téh ukur Adit. Unggal nampa SMS ti Adit, teu sirikna ajrag-ajragan. Padahal SMS téh biasa, ukur nanyakeun ‘kumaha damang’, malah sering ogé ukur nanyakeun nomor babaturan SMA baheula. Tapi keur kuring mah SMS kitu téh manglapis-lapis hartina. Cirining asih Adit ka kuring éta téh. Emh, mani asa jadi pangJuliétna anu dipicinta ku Roméo ukur kitu gé.
Nepi ka hiji poé, siga sasarina, kuring muka facebook manéhna. Tétéla aya wanoja nu nulis dina wall Adit. ‘l love you!’ cenah, dihandapna Adit méré jempol. Kuring ngabigeu, asa ragrag janjantung. Piceurikeun nyelek dina tikoro. Karasa eungap dina dada. Ngadadak leuleus saawak-awak lir dipupul bayu. Facebook wanoja éta ku kuring dibuka, tuluy maca profilna. Nuri ngaranna téh, masih sakola di salasahiji SMA, di Cimalaka. Tatu téh asa diawuran ku uyah, basa ningali aya foto Adit keur ngaréndéng jeung wanoja éta. Peurih. Duh Adit, na atuh ari kuring bet ku bodo maké jeung nyimpen harepan ka anjeun. Anjeun mah moal pernah boga rasa nu sarua jeung kuring.
Enya teu ngabibisani kuring gé, geulis Nuri téh. Kulitna nu omyang konéng, awakna nu jangkung lenjang dipasieup ku imut manisna. Éstu nurub cupu jeung Adit anu kasép tur gandang. Sedeng ari kuring, leuh… naon atuh anu kudu dipikaresep ku Adit ti diri kuring. Lebah dieu kuring gé sadar. Kuring jeung Adit mah lir cécéndét mandé kiara. Kuring cécéndét, ari Adit kiara. ngan naha atuh ieu rasa meni teu daék ngarti .
Panon kuring teu leupas neuteup bangku nu pinuh ku kalakay, lagu ti band D’cinamons nu remen diputer tisaprak diteungteuingan ku Adit, masih ngagalindeng tina head seat nu napel dina ceuli kuring.
Andaikan ku dapat mengungkapkan perasaanku
Hingga membuat kau percaya…
Hiliwir angin nebak dangdaunan nu geus karonéng. Pluk, aya kalakay mahoni nu murag hareupeun kuring. Kalakay téh dicokot, tuluy diteuteup. Aya kalangkang Adit nu keur imut. Aya nu ngeclak kana kalangkang imut Adit. Leungeun kuring laju pakupis nyusutan cimata nu beuki angot nyurucud tina sela-sela panon, teu kaampeuh.
Angin beuki ngagelebug ngoyageun tatangkalan. Daun nu karonéng murubut maruragan, bareng jeung muragna buah harepan cinta kuring, nu kamari tingkuniang dina tangkal katresna nu héjo lémbok. Adit moal kungsi boga rasa nu sarua jeung kuring tapi katresna mah masih jiga nu baheula, dipupusti dina rasa kuring sorangan, ukur keur sorangan.
Di cutat tina: Sundanews.com
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment